يَعِدُهُمْ وَيُمَنِّيهِمْ وَمَا يَعِدُهُمُ الشَّيْطَانُ
إِلاَّ غُرُورًا
Syetan ngajanjikeun ka manusa ku
janji-janji sarta ngagugah ku pangharepan/angan2 kosong ka manusa, padahal
syetan teu ngajanjikeun ka manusa, taya
lian mung sakur tipuan balaka. (dina raraga nipu ka manusa) (anNisa, 4:120)
Makna
Kabelejog Ku Pangolo.
Kabelejog ku pangolo, dina bahasa arabmah
(ghurur). Nyaeta urang geus ngarasa cukup jeung yakin ku cara ibadah
urang. Atawa malah wegah ibadah kulantaran geus ngarasa kagok tikunclum
kana dosa.
Anapon ghurur hartosna tipudaya, nyaeta katipuna diri lantaran
ngarasa geus genah mernah tuma`ninah, panuju ku pangolo jeung pangbebenjo hawa
nafsu. Eta pangolo tur pangbebenjo teh lir ibarat bantal dina luhur kasur anu
ngagupayan jalma nu tunduh kacida dugikeun teu walakaya teu daya teu upaya keur
nampik eta panggero teh, lain urang rek ngayakeun perlawanan malihan urang teh turut
jeung ngagugu kana kahayangna.
Secara bahasa ghurur berasal dari
gharra-yaghurru-gharran, ghuraran dan ghirah. Ibn Manzur mengartikan dengan
kida’ (tipuan), tama’ dan bathil. Sedangkan secara istilah makna ghurur
mempunyai dua versi, yaitu :
- Kata ghar apabila dibaca dengan ghurur maknanya adalah kebathilan-kebathilan. Al-Zuzaj menjelaskan bahwa ghurur adalah jamak dari gharin yang artinya apa yang dibanggakan dari kesenangan dunia.
- Kata ghar apabila dibaca gharur, maka maknanya segala hal yang menipumu dari syetan dan manusia dan yang lainnya, berbeda dengan Ya’qub bahwa dia mengkhususkan gharur maknanya adalah syetan.
Dari
dua versi makna ghurur diatas, al-Raghib juga menjelaskan bahwa
فالغرور كل ما يغر الإنسان من مال وجاه وشهوة وشيطان وقد فسر بالشيطان
إذ هو أخبث الغارين وبالدنيا لما قيل الدنيا تغر تضر وتمر
gharur
adalah segala hal yang menipu manusia dari harta, pangkat, jabatan, dan syetan.
Selanjutnya al-Raghib menjelaskan kata gharur ditafsirkan dengan syetan karena
syetan merupakan penipu yang paling keji. Sedangkan dengan dunia karena dunia
dapat menipu dan merusak (al-Mufradat, hal. 359).
Dari tiga makna yang diungkap oleh para ulama di atas nampaknya uraian yang
dijabarkan oleh al-Rhagib lebih luas dan terperinci.
Diantara
makna ghurur dalam al-Qur’an, yang pertama ghurur yang disebabkan oleh syetan,
kedua orang-orang kafir, munafik dan yang ketiga dunia dan perhiasannya.
Ghurur yang disebabkan ole syetan, diantara ayat
yang menerangkan makna ini adalah, Qs. Annisa’ : 120,
Artinya: “syaitan itu memberikan janji-janji
kepada mereka dan membangkitkan angan-angan kosong pada mereka, Padahal syaitan
itu tidak menjanjikan kepada mereka selain dari tipuan belaka”
Ghurur
numutkeun Alquran
Lafadz ghurur
dina alquran disebatkeun aya dina sababaraha surat, teu kirang ti salapan kali kecap
ghurur disebat dina ayat-ayat alquran,
diantawisna: dina surat Ali Imran 3:185; AnNisa’ 4:120; Al-An’am 6:112;
Al-A’raf 7:22; Al-Isra’ 17:64; Al-Ahzab 33:12; Faathir 35:40; Hadid 57:20; dan
Al-Mulk 67:20.
Ghurur numutkeun Alhadits
حَدَّثَنَا يَحْيَى بْنُ مُوسَى حَدَّثَنَا
الْوَلِيدُ قَالَ حَدَّثَنِي ابْنُ جَابِرٍ قَالَ حَدَّثَنِي بُسْرُ بْنُ عُبَيْدِ
اللَّهِ الْحَضْرَمِيُّ قَالَ حَدَّثَنِي أَبُو إِدْرِيسَ الْخَوْلَانِيُّ أَنَّهُ
سَمِعَ حُذَيْفَةَ بْنَ الْيَمَانِ يَقُولُ كَانَ النَّاسُ يَسْأَلُونَ رَسُولَ
اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ عَنْ الْخَيْرِ وَكُنْتُ أَسْأَلُهُ
عَنْ الشَّرِّ مَخَافَةَ أَنْ يُدْرِكَنِي فَقُلْتُ يَا رَسُولَ اللَّهِ إِنَّا كُنَّا
فِي جَاهِلِيَّةٍ وَشَرٍّ فَجَاءَنَا اللَّهُ بِهَذَا الْخَيْرِ فَهَلْ بَعْدَ
هَذَا الْخَيْرِ مِنْ شَرٍّ قَالَ نَعَمْ قُلْتُ وَهَلْ بَعْدَ ذَلِكَ الشَّرِّ
مِنْ خَيْرٍ قَالَ نَعَمْ وَفِيهِ دَخَنٌ قُلْتُ وَمَا دَخَنُهُ قَالَ قَوْمٌ
يَهْدُونَ بِغَيْرِ هَدْيِي تَعْرِفُ مِنْهُمْ وَتُنْكِرُ قُلْتُ فَهَلْ بَعْدَ
ذَلِكَ الْخَيْرِ مِنْ شَرٍّ قَالَ نَعَمْ دُعَاةٌ إِلَى أَبْوَابِ جَهَنَّمَ مَنْ
أَجَابَهُمْ إِلَيْهَا قَذَفُوهُ فِيهَا قُلْتُ يَا رَسُولَ اللَّهِ صِفْهُمْ
لَنَا فَقَالَ هُمْ مِنْ جِلْدَتِنَا وَيَتَكَلَّمُونَ بِأَلْسِنَتِنَا قُلْتُ
فَمَا تَأْمُرُنِي إِنْ أَدْرَكَنِي ذَلِكَ قَالَ تَلْزَمُ جَمَاعَةَ
الْمُسْلِمِينَ وَإِمَامَهُمْ قُلْتُ فَإِنْ لَمْ يَكُنْ لَهُمْ جَمَاعَةٌ وَلَا
إِمَامٌ قَالَ فَاعْتَزِلْ تِلْكَ الْفِرَقَ كُلَّهَا وَلَوْ أَنْ تَعَضَّ
بِأَصْلِ شَجَرَةٍ حَتَّى يُدْرِكَكَ الْمَوْتُ وَأَنْتَ عَلَى ذَلِكَ. رواه
البخار والمسلم
“(dina
hiji mangsa) jalma-jalma tumaros ka kanjeng Rosul dina perkara kahadean
(perkara anu ngagumbirakeun). Anapon kuring tumaros ka anjeuNa perkara
kagorengan (nyaeta perkara-perkara anu nguciwakeun hate tur mawa kana
kagorengan/bencana) sabab khawatos bakal kaalaman ku kaula (zaman samacam) eta;
kaula tumaros: “ya Rasulullah kapungkur
urang aya dina kaayaan masa jahiliyah jeung masa kagorengan (kemelut kacau
balau). Dina waktos harita Allah maparin ka urang sadayana kahadean (Islam yang
kini kami alami, aman tentram). Dupi saba`da kahadean ieu bakal aya kagorengan?”.
Rasulullah ngawaler “(yup)leres” tangtu aya. Simkuring naros deui: “dupi
saba`da kagorengan eta, bakal aya deui kahadean?, Rasulullah menjawab: “(yup)leres”,
bakalan datang kahadean, mung didinya bakal aya “dachonun”.
Kuring naros deui: “Naon ari
“dachon” teh? Rasulullah bersabda: nyaeta hiji golongan anu mamarin
pituduh lain pituduh ti kaula; sabagian, ku aranjeun diakui kabeneranna
sabagian deui hentu (nyaeta ku lantaran pacampur natara sunah jeung bid’ah)”.
Kuring tumaros deui; dupi
saba`da kahadean ku ayana “dachon” eta, bakalan aya kagorengan?“. Rasulullah ngadawuh
“yup, aya, nyaeta “du’atun ‘ala abwabi jahanam“, para juru dakwah dipanto-panto
naraka jahannam (sangkan asup kajerona). Jeung sing saha jalma anu turut kana
panggerona, tangtu bakal digebruskeun kajero naraka”.
Kuring nguhunkeun ka kanjeng
Rosullulloh: “nun” Rasulullah, mugia anjeun kersa nerangkeun sifat-sifat eta panggero ka urang
sarerea!”.
Rasulullah ngadawuh: nyaeta
maranehna teh (dina zhahirnya) sakulit jeung urang (sarua berkulit islam) sarta nyarita (dina
zhahirnya) ku letah urang (al-Qur’an jeung
as-Sunnah)”.
Kuring tumaros deui: “Dupi naon
wae anu kedah diantisipasi dina eta zaman, upami kaalaman kukaula?”
Rasulullah ngadawuh: “Mun eta
kaalaman ku anjeun, anjeun ulah leupas ti jama’ah muslimin sarta imam
muslimin!”
Kuring tumaros: “Kumaha upami
teu aya jama’ah sareng teu aya imam?”
Rasulullah ngadawuh: “Poma
jauhan ku anjeun sakabeh (du’atun ‘ala abwabi jahnam) eta, sanajan (ceuk paribasa) anjeun dahar akar tatangkalan
nepikeun ajal ngajemput anjeun. Anjeun kudu panceg (teu turut ka para panggero
(du’atun ‘ala abwabi jahanam))”. (H.R. Bukhari dan Muslim)
Saha wae nu sok ngolo urang, sangkan
urang tikusruk kana kahinaan?
Numutkeun sababaraha katerangan,
saenyanamah yen musuh urang teh, ti mimiti diciptakeunna manusa (Adam As) dugi
kakiwari mung hiji, nyaeta iblis atanapi nu disebat setan tea.
Dina al-Quran surat al-An’am:112 disebatkeun
وَكَذَلِكَ جَعَلْنَا لِكُلِّ نَبِيٍّ عَدُوًّا شَيَاطِينَ
الإِنسِ وَالْجِنِّ يُوحِي بَعْضُهُمْ إِلَى بَعْضٍ زُخْرُفَ الْقَوْلِ غُرُور
“Kukituna, Kaula jadikeun Musuh ka tiap-tiap nabi, nyaeta syaithan
(ti jinis) manusa jeung (ti jenis) jin, sabagiannana ngaharewoskeun ka sabagian
nu lain ku omongan-omongan / kecap-kecap anu kacida endahna sangkan katipu (kabelejog)”
Dina kisah Nabi Adam As, tiasa ditingal
ku urang yen setan geus ngagoda Adam jeung Hawa ku kecap-kecap / dibebenjokeun
ku kabohongan. Setan ngagoda;
فَوَسْوَسَ لَهُمَا الشَّيْطَانُ لِيُبْدِيَ لَهُمَا مَا
وُورِيَ عَنْهُمَا مِن سَوْءَاتِهِمَا وَقَالَ مَا نَهَاكُمَا رَبُّكُمَا عَنْ
هَـذِهِ الشَّجَرَةِ إِلاَّ أَن تَكُونَا مَلَكَيْنِ أَوْ تَكُونَا مِنَ
الْخَالِدِينَ (الأعرف 20)
“Prak setan teh ngaharewos ka maranehna duaan supaya nembrak ka maranehna
oratna anu ditutupan jeung pokna: Pangeran arandika teh henteu ngalarang
ngadeukeutan eta tangal, anging supaya arandika teu jadi malaikat atawa teu
jadi ti antara anu lalanggeng” (Al-A’raf 7:20).
Mangka setan ikrar mungguhing
Allah yen maranehna rek daya upaya nyasarkeun manusa ku rupa-rupa cara.
Ku ayana jangji setan ieu, geus sakuduna
urang waspada kana satiap anu diharewoskeun ku setan kaurang sadayana, khususna
syetan ti jenis manusa. Dina upaya setan pikeun ngarebut kakawasaan, ku cara ngumbar
janji-janji anu saolah-olanh nguntungkeun ka umat islam khususna. Waspada kana
satiap janji setan pikeun nyesatkeun urang, anu saenyanamah mung sakur nipu balaka.
Sagala cara ku setan dilakonan pikeun
ngajurumuskeun urang. Sakumaha geus dijelaskeun dina alQuran, yen setan geus
jangji rek ngagoda manusa ku cara naon wae sangkan maksiat ka Allah swt.
قَالَ فَبِمَاأَغْوَيْتَنِي
َلأَقْعُدَنَّ لَهُمْ صِرَاطَكَ الْمُسْتَقِيمَ {16}
ثُمَّ لاَتِيَنَّهُم مِّنْ بَيْنِ أَيْدِيهِمْ وَمِنْ خَلْفِهِمْ وَعَنْ
أَيْمَانِهِمْ وَعَنْ شَمَآئِلِهِمْ وَلاَتَجِدُ أَكْثَرَهُمْ شَاكِرِينَ {17}
قَالَ اخْرُجْ مِنْهَا مَذْءُومًا مَّدْحُورًا لَّمَنْ تَبِعَكَ مِنْهُمْ
لأَمْلأَنَّ جَهَنَّمَ مِنكُمْ أَجْمَعِينَ {18}
“Ceuk iblis: Ku margi gusti parantos nyasarkeun abdi atuh
abdi bade ngadodoho pikeun ngagoda maranehna tina jalan gusti anu lempeng.
Lajeng abdi bade ngadongkapan maranehna ti hareupeunana, ti tukangeunana sareng
ti kenca-katuhueunana, sareng moal kapendak ku Gusti kaseuseuran ti antawis
maranehna nu muji sukur. Timbalan Allah: Geura kaluar maneh tidinya, jadi hina
sarta jadi buangan. Saestuna sing saha ti antara maranehna (manusa) anu nurut
ka maneh, tanwande Kami baris ngeusian naraka jahanam pinuh ku maraneh sakabeh”. ( Q.s. Al A’raf: 16-18 )
Dina ayat-ayat nuu tos diuningakeun
diluhur, aya ayat anu ku urang peryogi langkung diperhatoskeun nyaeta;
يَعِدُهُمْ وَيُمَنِّيهِمْ وَمَا يَعِدُهُمُ الشَّيْطَانُ
إِلاَّ غُرُورًا
Syetan ngajanjikeun ka manusa ku
janji-janji sarta ngagugah ku pangharepan/angan2 kosong ka manusa, padahal
syetan teu ngajanjikeun ka manusa, taya
lian mung sakur tipuan balaka. (dina raraga nipu ka manusa) (anNisa, 4:120)
Allah subhanahu wata’ala berfirman,
artinya, nalika perkara (hisab) geus rengse, syetan nyarita, “saestuna
Allah geus ngajangjikeun ka anjeun janji anu bener ayana, jeung kaula oge geus
ngajangjikeun ka anjeun, mung urang mah nyalahan eta janji. Sakali2 teuaya
kakawasaan keur kaula ka anjeun, mung saukur ngarayu jeung ngajak aranjeun meh
turut ka kaula. Kukituna anjeun tong nyupata ka kaula, tapi nyarekanmah diri
anjeun sorangan. Kaula sakali-kali teu bias nulungan anjeun jeung anjeun oge
sakali-kali teu bias nulungan kaula. Saestuna kaula teu ngabenerkeun naon nu di
pigawe ku anjeun pikeun nyakutukeun Allah swt (bagi Allah) ti baheula oge”.
Saestuna hamba-hamba anu dzolim eta bakal meunang siksaaan nu kacida
peurihna.” (QS. Ibrahim: 22)
Saha wae nu
sok diolo (sasaranna)?
v
Jalma nu Iman Ka Allah Jeung Rosul-Na,
Sangkan kufur
Nyaeta ajakan syetan ka manusa
pikeun kufur ka Allah swt, kaluar tina agama-Na sarta ingkar kana
sifat-sifat-Na. diantawis bentuk kakufuran anu kadang-kadang ngaragukeun tur
samara keur jalma loba, nyaeta ngajak pikeun milampah pagawean syirik.
Syirik mangrupakeun ajakan, tipu
daya syaitan anu diworo-woro pikeun nyasarkeun umat manusa, lantaran syetan
apal yen syirik the dosa anu moal dihampura ku Allah subhanahu wata`ala.
Upami syetan meunang tur mampu ngajurumuskeun
manusa ku cara ieu, maka permusuhan antawis setan jeung manusa bakal ngurangan.
Syetan bakal ngajadikeun bani Adam anu nyambut kana panggero jeung
sajabana, sareng bakal ngajadikeun (agen-agen syaitan), namung engke di poe akhir
syetan bakal leupas diri ina tanggung jawabna ka manusa nu pernah jadi baladna
di dunnya.
Allah subhanahu wata’ala sasauran anu
hartina: nalika perkara (hisab) geus rengse, syetan nyarita, “saestuna
Allah geus ngajangjikeun ka anjeun janji anu bener ayana, jeung kaula oge geus
ngajangjikeun ka anjeun, mung urang mah nyalahan eta janji. Sakali2 teuaya
kakawasaan keur kaula ka anjeun, mung saukur ngarayu jeung ngajak aranjeun meh
turut ka kaula. Kukituna anjeun tong nyupata ka kaula, tapi nyarekanmah diri
anjeun sorangan. Kaula sakali-kali teu bias nulungan anjeun jeung anjeun oge
sakali-kali teu bias nulungan kaula. Saestuna kaula teu ngabenerkeun naon nu di
pigawe ku anjeun pikeun nyakutukeun Allah swt (bagi Allah) ti baheula oge”.
Saestuna hamba-hamba anu dzolim eta bakal meunang siksaaan nu kacida
peurihna.” (QS. Ibrahim: 22)
Lamun manusa salamet tur teu katipu ku cara ieu,
lantaran manusa geus meunang elmu pangaweruh tur hidayah ti Allah subhanahu
wata’ala, jalaran kitu setan bakal terus ngusahakeun ku sagala cara pikeun
nyasarkeun manusa.
v
Jalma nu soleh sangkan salah
Nyasarkeun kucara bid`ah
Mun setan gagal dina nyasarkeun manusa ku cara anu
tadi, nyaeta ku kamusyrikan, maka setan bakal ngaganti carana ku cara anu
lainna, nyaeta ngalangkungan celah kabid`ahan. Kukituna wajib keur umat islam
ngabogaan elmu pikeun ngabedakeun jeung milah-milah antawis sunnah anu
diajarkeun ku kanjeng Nabi Muhammad jeung bid’ah. Panggero jeung pangolo setan
dina cara anu kadua ieu, tiasa ku cara ngayakinkeun hal-hal anu patojaiyah
jeung kabeneran anu mana Allah subhanahu wata’ala geus ngutus ka para
rosulna tur geus nurunkeun ktab-kitab-Na, nyaeta ku cara ngabebenjokeun tur
ngolo supados ngalakonan ibadah ka Allah subhanahu wata’ala ku
cara-cara anu teu diajarkeun ku Rosul-Na.
Dina hal ieu Sufyan Ats-Tsauri rahimahullah
ngungkapkeun yen; “Bid’ah leuwih dipikaresep ku Iblis tibatan pagawean maksiat,
lantaran nu migawe maksiatmah bisana sok tobat, tapi mun anu sok ngalaksanakeun
bid`ah mah hese tobat. Padahal geus jelas pisan amalan bid`ah teh balesanna
Naraka jahannam.
Tangtosna bid`ah anu dimaksad didieu nyaeta
ngaya-ngaya dina hal ibadah anu teu di ajarkeun ku kanjeng Nabi Muhammad saw.
Jeung anu geus ditetepkeun ku alQuran.
Lamun manusa salamet keneh tur teu katipu ku cara
ieu, lantaran manusa apal kana sunnah tur nyekel pageuh cayaha sunah sarta
ngalaksanakeun ibadah nu geus dicontokeun ku kanjeng Nabi. Najan kitu, setan
bakal terus ngusahakeun ku sagala cara pikeun nyasarkeun manusa.
Nyasarkeun ku
cara syubhat
Upaya membingungkan umat dengan cara
memberikan informasi-informasi yang menyesatkan ini berlangsung sampai saat
ini.
Dari sisi pemikiran yang banyak diseru oleh para
penyeru ke neraka jahanam adalah kesesatan, penyimpangan, dan syubhat yang
dimasukkan atas nama ajaran Islam. Sehingga muncullah aliran sesat dan gerakan
kemurtadan yang mengatasnamakan Islam, dan umat Islam banyak yang tertipu
dengan ajakan mereka. Apakah Ahmadiyah dan para pendukungnya termasuk dalam “Golongan
Penyeru Keneraka”yang dimaksud Rasulullah SAW?
v
Jalma nu salah sangkan teu soleh (betah dina
kasalahana)
Syetan moal
bakal eureun ngagoda ka manusa nepikeun eta manusa teh milu kana ajakanna. Dina
raraga nyasarkeun manusa, setan moal nyerah najan geus ngarasa gagal nyasarkeun
manusa ku cara-cara kabid’ahan dina agama, syetan bakal nempuh cara lainna,
nyaeta ngjak manusa pikeun ngalakonan dosa-dosa gede..
Setan bakal
ngagoda ka jalma-jalma anu iman tur panceg nyekel kana kaimannana.
Geus sidik, yen
setan teh ngolo jalma sangkan tikusruk kana jalan anu sasar namung, lain
hartina jalma nu geus sasar teu diolo deui ku setan, justru diolona teh,
sangkan betah dina kasesatanna.
1.
Ku Pangolo
Naon Wae Nu Matak Kabelejog?
Numutkeun
katerangan diluhur aya sababaraha perkara nu matak urang kabelejog ku pangolona
nyaeta; 1. Naon wae anu aya patalina jeung urusan agama. Diantawisna:
Kakufuran dan Kasyirikan, Kabid’ahan, dll
Nu kadua,
sagala rupa anu aya patalina jeung urusan dunia.
اعْلَمُوا أَنَّمَا الْحَيَاةُ الدُّنْيَا لَعِبٌ وَلَهْوٌ
وَزِينَةٌ وَتَفَاخُرٌ بَيْنَكُمْ وَتَكَاثُرٌ فِي الأَمْوَالِ وَالأَوْلاَدِ ... وَمَا الْحَيَاةُ الدُّنْيَا إِلاَّ مَتَاعُ الْغُرُورِ
“Masing nyaho yen saestuna taya lian kahirupan dunya teh ngan ukur kaulinan
jeung kasenangan, jeung papaes, jeung pareueus-reueus di antara maraneh, jeung
paloba-loba harta katut anak, saperti tutuwuhan sabada hujan anu tumuwuhna
pikaresepeun patani, tuluy jadi garing sarta terus katenjo ku manehna..Jeung
ari kahirupan dunya taya lian anging kasenangan anu palsu.”
(Al-Hadiid 57:20; baca juga Ali Imran 3:185).
Lamun kahirupan ieu dibagi dua tangtosna
kahirupan dunya jeung kahirupan akherat, sacara teoritis manusa bakal
ngaharepkeun kabahagiaan di kahirupan dunia sakaligus kahirupan akherat. Mun
memang kudu milih salahsahiji diantara dua kahirupan eta, maka jalma mukmin
bakalan milih kabahagiaan akherat. Sabalikna jalma kafir, bakal leuwih milih
kabahagiaan dunya. (Al-A’la 87:16)
Kahirupan dunia anu digambarkeun ku Allah
swt saumpama “permainan”, lain hartina yen umat Islam kudu ngelehan atawa
ninggalkeun urusan dunya tuluy masrahkeun urusan dunya ka jalma kafir. Tapi supaya
umat islam waspada yen kahirupan dunya teh mung sakur samentara, kujalaran kitu
ulah dugikeun ngalanggar aturan Allah swt keur muaskeun kasenangan dunya samata
anu sifatna temporal. Malah sakuduna ngajadikeun kahirupan dunya ieu ladang
amal pikeun nyiapkeun kahirupan akherat.
Namung teu saeutik umat islam anu
kabelejog ku pangolo setan dina urusan dunya pikeun ngajurumuskeun kana
kalembah kahinaan. Diantara anu sok dibebenjokeun ku setan nyaeta; Harta
pakaya, tahta (jabatan), kahormatan, kulawarga (anak jeung pamajikan), jeung
sajabana.
الشَّيْطَانُ يَعِدُكُمُ اْلفَقْرَ
وَيَأْمُرُكُمْ بِالْفَحْشَاءِ وَاللهُ يَعِدُكُمْ مَغْفِرَةً مِنْهُ وَفَضْلاً
وَاللهُ وَاسِعٌ عَلِيْمٌ يُؤْتِي
الْحِكْمَةَ مَنْ يَشَاءُ وَمَنْ يُؤْتَى الْحِكْمَةَ فَقَْد أُوْتِيَ خَيْرًا
كَثِيْرًا وَمَا يَذَّكَّرُ اِلاَّ أُوْلُوْا اْلأَلْبَابِ {
ألبقرة 268-269}
“
Syetan itu menakuti kamu dengan kepapaan, dan menyuruh kamu berbuat kejelekan,
dan Allah itu menjanjikan akan memberi kamu ampunan dan karunia dari pada-Nya,
dan Allah itu Maha Luas ( pemberiannya ) lagi Maha Mengetahui. Ia memberi
kebijaksanaan kepada siapa yang Ia kehendaki dan barang siapa diberi
kebijaksanaan, maka sesungguhnya ia telah diberi kebaikan yang banyak, dan
tidak akan ingat (orang yang diberi kebijaksanaan) melainkan orang yang mempunyai pikiran.” ( Q.S.Al Baqarah
:268-269)
2.
Nu kumaha
wae anu sok jadi matak?
Supados teu
janten matak ka urang lantaran kabelejog ku pangolona, langkung tipayun urang
kedah uninga kana karakter si panggero atawa si pangajak, (pangajak kana
kamaksiatan (naraka jahannam))
Karakter Panggero ka Naraka
Jahannam
1. sakumaha dawuhan kanjeng nabi, yen maranehna anu (dina zhahirnya) sakulit jeung urang
(sarua berkulit islam).
Mereka muncul
dari kelompok Islam dan memimpin umat Islam. Kulit dan bahasanya sama dengan
mayoritas umat Islam. Merekalah kelompok yang paling bahaya bagi umat Islam
karena mereka menggunakan istilah-istilah Islam yang dapat menyesatkan umat
Islam, mereka juga sangat membahayakan karena lahir dari kelompok Islam dan
memiliki pengikut yang banyak dari umat Islam.
2. Mengajak
Manusia ke Neraka Jahannam.
Para penyeru jahannam mengajak rakyatnya
untuk masuk ke neraka Jahanam (sadar atau tidak
sadar) dengan berbagai macam cara. Maka mereka
adalah pemimpin yang sesat dan menyesatkan. Diantara propaganda kesesatan
mereka antara lain seruan: pluralisme agama, dekontruksi
syariah, desakralisasi al Qur’an, feminisme, dan anti otorita ulama.
3. Mereka Memiliki Hati Setan
Hal ini
sebagaimana disebutkan dalam hadits riwayat Muslim: “Hati mereka adalah hati
setan dalam jasad manusia.” Para penyeru ke
neraka Jahanam hati mereka sangat keras melebihi kerasnya
batu sehingga tidak merasakan apa yang dirasakan
umatnya. Bahkan untuk mengokohkan kekuasaanya mereka
tidak segan-segan menyakiti, menyiksa, dan membunuh rakyatnya (pengikutnya)
sendiri.
Polah jeung lengkah panggero
Naraka Jahannam.
1. ngadompleng jeung ka nu lain
Para penyeru ke neraka jahanam biasanya adalah
antek-antek orang kafir. Allah swt. berfirman: “Dan bila
mereka berjumpa dengan orang-orang yang beriman, mereka mengatakan: “Kami
telah beriman.” Dan bila mereka kembali kepada setan-setan mereka, mereka
mengatakan: “Sesungguhnya kami sependirian dengan kamu, kami hanyalah
berolok- olok.” (QS. Al Baqarah: 14).
2. Menganggap
Rendah Kaumnya
Dikarenakan mengekor
pada yang lain, mereka merasakan dan menganggap rendah pada diri dan kaumnya.
Mereka memaksa kaumnya untuk mengikuti pola hidup kaum kafir yang
menjadi acuan.
3. Menghancurkan Nilai-Nilai Moral
Para penyeru ke neraka Jahanam menginginkan agar
masyarakat tidak komitmen pada ajaran Islam,
karena hal itu akan menyulitkan mereka. Lebih dari
itu ketika masyarakat komitmen pada ajaran Islam
maka mereka susah menguasainya sehingga mereka
berusaha menjauhkan masyarakat dari nilai-nilai Islam.
Allah swt. berfirman: “Dan orang-orang yang kafir maka
kecelakaanlah bagi mereka dan Allah
menghapus amal-amal mereka. Yang demikian itu adalah
karena sesungguhnya mereka benci kepada apa yang diturunkan
Allah (Al-Qur’an) lalu Allah menghapuskan
(pahala-pahala) amal-amal mereka.” (QS. Muhammad: 8-9).
3. Memerangi Dakwah Islam
Ini terjadi
jika kekuasaan ada di tangan mereka. Dengan berjuta alasan mereka menuduh
orang- orang yang berdakwah dengan tuduhan yang keji seperti
ekstrimis, fundamentalis, provokator, dan teroris. Di sisi
lain menumbuhsuburkan tasawuf, filsafat, pemikiran sosialis,
dan lain-lain yang tidak membahayakan status kekuasaannya.
Lebih jauh lagi mereka berani menyiksa dan membunuh aktivis
dakwah karena mereka sudah memvonisnya sebagai
teroris yang membahayakan negara.
4.
Kumaha
Sangkan Hirup Teu Kabelejog Ku Pangolo?
a.
Iman
b.
Ilmu
c.
Panceg, Istiqomah
5.
kasimpulan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar