Sabtu, 03 November 2012

Kumaha atuh, Kumahaaa !!!


Na kumaha ari kai Adma, cul sawah cul kebon anu biasa digarap teh kalah jukut ngajejembrung rambeteun teu dipalire gemuk beunang nganjuk jadi tambak da puguh pelak pare anu biasana diurus dinyanyaah, anyeunamah kalah jukut anu leuwih subur batan parena.
Atuh teu aneh, mun pelak pare daunna jadi bareureum, tuluy ngarangangan nya tangtu buahna oge moal nyugemakeun kawas anu diurus enya-enya.

Ari pangna kai Adma cul gawe anu biasana ngurus kebon jeung sawahna, eta saba’da ngadenge haharagaan sagala naraek, jeung lain ku naekna wae, eta ku jeung hese neangan beulieun. Diwarung-warung anu biasana aya, harita mah ngiles teuing kamana. Pangpangna minyak tanah, geus puguh ari mayar listrik mah. Isuk keneh geus kencling, ngingkig sakapeung ka desa, sakapeung ka tua kampung, kitu we ngawangkongkeun haharagaan nararaek, teu euweuheun, geuning majar  rek ngabela rayat teh kalah kieu buktina. Genah ceuk beja, anu maraling duit rayat kalah dimemenan, dianggap dulur pet ku hinis, bari maralingna oge lain saeutik rebu-rebu juta cenah. Ari urang kalah meuli gemuk oge teu meunang hanteu kudu nurut kana harga pamarentah, mun teu boga keur meulina, dina meunang  na oge nganjuk mayarna teh kudu direntenan sakahayang maranehna.

Kai Adma teu mahi ku sakadar meupeuskeun kakeuheul, eta deuih nyaritana teh dibarengan jeung tutunjuk ka tua kampung, meh wae keuna kana irung.

Tah ayeuna kuring menta tanggung jawab, kapan ceuk anjeun, mun kuring nyolok anu, pasti baris sagala kasorang, moal kudu hirup jadi bulu taneuh bari sagala diatur ku batur. Malah pamohalan cenah, tani kari daki, usum panen kalah raweuy ku hutang, acan barudak teu meunang henteu  mun ditagih bayaran sakola teh bari jeung diancam, mun teu buru-buru mayar baris dikaluarkeun.

Neangan gawe sejen jaba ti kudu sugak-sogok teh jeung hesena kabina-bina. Malah anu geus marenah digarawe bari beunang sosogok teh  kalah hayoh dipehaka, atuh jadi ngalintrik teu puguh pacabakan.

Kai Adma mun pareng aya di imah, teu beda jeung jalma anu teu puguh paniatan, kitu lain kieu lain. Nangtung teu jeung diuk teu gek lumbang-limbung, tetempoan pararoek. Ari peuting ngan nyileuk, taya anu kapikir iwal ti pikahareupeun kumaha mun sagala tuluy naraek, bari pangasilan teu undak ti ladang buburuh ripuh. Sakalieun aya leuwihna oge kudu hulu dijieun suku suku dijieun hulu.

Naha atuh teuing kumaha kai Adma, teu gugur teu angin, tibalik puta kasari katembong ngadak-ngadak bungah, jigrah kumaha wae jalma anu keur kabiruyuan ku milik gede. Horeng peutingna lalajo telepisi kabeneran nempo berita, yen caroge ibu ulang taun. Anu ceuk beja mah, cenah taun kamarina wae, sapeuting teh beak genep ratus juta, nya komo ayeuna anu keur sakieu sagala undak, lain beuli-beulieun jalma leutik. Sakitu tah kanggo carogena, komo mun seug anjeunna, tetela nagara urang teh beurat beunghar, salieuk beh bru dijuru bro di panto ngalayah di tengah imah. Eta meureun pangna kai Adma ngadak-ngadak bungah teh.

Dan puguh boro-boro boga telepisi kai Adma teh, ari aya di imah sok teu puguh cabak, nya sok tara di naha-naha mun nganjang ngahaja lalajo di imah tatangga anu kabeneran boga. Naha atuh anu keur akitu bungahna teh, ngadak-ngadak sepa merengut baketut haseum, bari karasa awak rada leuleus, ngomongna maksakeun maneh bari haroshos. Beu! beu! beu!....na kumaha ieu teh, geuning kalah sagala ditaekkeun. Keun ku telepon, da kuring mah boro-boro, eta listrik jeung minyak tanah. Ku kai Adma kasawang, biasana mun harga minyak naek tara tinggaleun anu sejenna oge mulu naraek, atuh bekel keur mahi tilu poeeun teh jadi ngan mahi sapoeeun.

Katurug katutuh keur ngalamun kitu teh, hayoh kalah ngadenge deui, eta bangsat-bangsat kakap tea cenah dimemenan dianggap dulur pet ku hinis, keun bae cenah hutang-hutangna ditanggung dina balanja duit rayat, anu jumlahna rebuan juta tea.

Isuk keneh kai Adma nyampak di imah kai Atam, teu ditanya heula oge jol derekdek bae nyaritakeun kakeuheul, kawas nu heueuh ngarti. Majar teh, para pamingpin urang teh teu undak ti tukang macul ari ngan sakadar naek-naekeun harga mah, nya mana komo mun bari bangsat-bangsat kakap dihampura, moal henteu naekkeun harga teh keur ngagantian duit anu diparaling tea meureun.

Kai Adma teu reureuh-reureuh ngabulak nyarita meakkeun batur, kai Adma teu bisa ngeureunkeun, ngan jeung bae nangtung bari ngajak kai Adma nganjang ka kai Sahamah.

Sadatangna, kabeneran harita mama ajengan nuju nyalse di kai Sahamah, bari geus nyampak lalawuh awug pincuk buatan mamah Mengger jeung cai teh pait.

Ari payuneun mama ajengan mah, kai Adma teu wani baceprot kawas ka kai Atam, ngan ngeluk bae bari rada-rada sepa, teu beda we jeung bueuk beunang mabuk.

Mama ajengan surti, ngan pok bae sasauran; “Kabeneran oganan teh rempeg tara-tara ti sasari. Bungah kuring mah aranjeun teh keur jaragjag waringkas bari teu kurang uyupeun. Ngan eta, kawasna ayeuna teh keur riweuh teu puguh bandunganeunana, para pamingpin mun usum butuh ku sora mah apan jarangjina teh teu eungeun-eungeun kawas nu hareueuh. Ari ayeuna, buktina kalah sagala naraek rayat leutik mah beuki rumahuh”. Kitu teh, mama Ajengan mah ngan itung-itung ngarepehkeun kai Adma. Ku kai Sahamah kaharti da puguh anjeunamah  sok tara deet-deet kokodokan. Saur Ulama ;

‘Ari ceuk kuring mah, najan ku saha bae oge, da moal pinaggih jeung kama’muran satungtung pamingpin teu nyumponan anu tilu rupa. Geura iyeuh bandungan dawuh kangjeng Rasul. Ari ciri-ciri jelema munafek teh aya tilu; Mun ngomong bohong, mun jangji jalir jeung mun diamanatan hianat. Tah upama nagara geus dicekel ku jalma anu beresih tina nu tilu rupa bieu, moal kajadian anu leungit domba mun diuruskeun teh kalah leungit jeung kandangna. Tapi parandene kitu, kangjeng Rasul oge ngadawuh deuih; Kumaha kaayaan maraneh, tah ku manusa kitu maraneh bakal dipingpin. Nya ceuk kuring mah, sakitu oge mahi. Mending oge ayeuna mah urang kacai sakeudeung deui adan Lohor. Engke, sakeudeung deui, baris aya tongtonan anu hade, cenah mah bakal aya kajadian para pamingpin sili betot tali kolor, cing ke geura anu disarumput-sumput teh ku Allah ditembrakkeun. Mama ajengan angkat dituturkeun ku tiluan.     
Majalah al Qudwah 35 rubrik Hikayat

Tidak ada komentar:

Posting Komentar