Sarengsena ngangler,
nyaplak jeung nyayagikeun binih tandurkeuneun poe isuk nu rek tandur geus
diomat-omat teu kudu dibejaan deui, tapi ki Atam katembongna ngan huleng jentul
kawas aya nu dipirungsing, tara-tara ti sasari teuing ku naon jadi taya
kaberagan. Mun ditanya ngajawabna padu unggeuk tuluy ngaleos tungkul ngagedig
bangun nu rusuh.
Pamajikanana teuing ku naon mindeng indit, meunang dangdan sataker
kebek, tatanggana oge nyarahoeun pamajikan kai Atam teh adean ku kuda beureum,
sagala dipake bari beunang nginjeum, kajeun nyewa asal reunceum. Bari balikna
sok geus kasorenakeun, kituna teh karek dina minggu-minggu ieu, budak diantep
barangkeakan. Ari geus mangsa shalat Isya ngan dug bae ngaringkuk, nonggongan
bari kekerekan. Abalik mandi mangsa haneut moyan, najan aya di imah oge ngan
kitu we teu jauh ti eunteung.
Malah kadieunakeun jadi mah langka bijil, kitu we ti tengah imah ka
dapur ti dapur ka tengan imah tara ketepas-tepas acan.
Rajeun oge ingkah ti imah, sok susulumputan kawas sieun aya nu nangean,
ari inditna ka anu rada anggang, ceuk anu melengok mah nepangan anu seueur
kauninga dina elmu ghaib anu dilembur eta mah sok disarebut dukun. Ari
pamajikan kai Atam ngadeuheusna teh, eta anyar-anyar ieu karasa arateul
saawak-awak barentol teu beda jeung anu kaligata, sakalian aya pamenta
sangkan ki Atam teu kapincut ku babuna juragan.
Ceuk ki dukun nu kieu mah
gampang, ieu mah aya nu hasud, dumeh kai Atam aya nu mercaya molah sawah
sakalian jeung modalna. Ari anu panas baran ka kai Atam the lain jalma jauh,
jalmana jangkung hideung buukna jocong panonna rada sipit merenahna di lembur
beulah kidul.
Ti saprak ngadenge kitu, pamajikan kai Atam sok ngahaja diuk digolodog
nyanghareup ka jalan hayan ggeura nempo jalma anu kitu pamuluna.
Dunungan kai Atam anu mercayakeun ngurus sawah tea langka pisan mariksa
da puguh riweuh malum jalma tukang usaha, ngan sok nitah babuna randa sakali
karek boga anak hiji. Malah sakali mangsa mah hujan teh tuluy ngaririncik atuh
piwarangan juragan teh tuluy ngarereb.
Ti harita pamajikan kai Atam mimiti arateul saawak-awak, keukeuh dina
hatena aya panyangka nu lain-lain malum anu pikiran keur kitu.
Babu juragan jadi bingung, naha ku naon pamajikan kai Atam ngadak-ngadak
gering, pamulu jadi beda ti sasari biasana mah uah-aeh ayeuna mah keding hangit
buuk kusut kumaha we pamilu anu keur murukusunu.
Isuk keneh kai Atam geus jebul balik ti masjid, biasa saba’da salat
Subuh tuluy milu deresan, mama ajengan ngahanca Umdatut Tafsir seratan Ahmad
Muhamad Syakir minagka ringkesan tafsir Ibnu Katsir anu sakalian maparin
katerangan gek-gekan hadis nu aya dina eta kitab najan henteu sajumlahna.
Piwarangan juragan tea geus dangdan, dakuna mah hayang geura balik
meungpeung isuk keneh, mangkaning tuluy mondok bari teu ngawartosan lantaran
hujan jeung kaburu burit manten.
Pamajikan kai Atam kalah ngaringkeb maneh teu pisan aya basa ka semah
anu rek balik anu sasari mah lain kitu. Atuh keur kai Atam mah jadi teu puguh
rarasaan ngan ngaharewos bae ka anu rek balik omat kaayaan pamajikanana ulah
dibejakeun ka dunungan, keur ngaharewos katoong ku mamajikanana, atuh beuki
kacida panyangka teh. Harita keneh arateul saawak-awak teh lain garo-garoeun,
jeung eta deuih saur anu sagala uninga tea yen ka rumah tangga teh aya nu
ngaheureuyan, ku kituna pikiran pamajikan kai Atam jadi awut-awutan.
Saenggeus kadenge adan salat Asar kai Atam karek balik ti sawah, harita
mah teu tuluy ka imah da geus sababaraha poe tara nyampak cai-cai acan, sajaba
era ku semah, pikiran asa tepararuguh samar polah, ari ras ku pamajikan katurug
katutuh hayoh deuih aya beja pamajikan ngadeuheus ka dukun, era ku tatangga
karasana kabeh pada nunjuk, “boro mah pamajikan ahli masjid getol ngaji ari
pamajikan kalah dudukun”.
Kabeurat kai Atam diborolokeun ka ki Sahamah, bari sakalian menta
saran-saran. Harita kai Adma nembongkeun pamadegan, ‘Ah ari pamajikan geus kitu
kalakuan mah mending oge dipiceun kapan dunya teh teu heureut kawas daun kelor,
jadi lalaki teh kawas euweuh harga pisan, era atuh kutangtungan, na euweuh deui
awewe anu hade, anu ngarti kana kakuduan, kumaha ari jadi pamajikan, leuheung
mun kawas bentang pilem onaman keur geulis teh ngora keneh deuih’.
Ngadenge kitu, ki Atam lain asa ditanagaan, malah sabalikna asa anu
borok dirorojok nu tijengkang dipupuas.
Ki Sahamah cengkat, “Ari ceuk kuring mah anu kapikir teh lain ngan
pamajikan, tapi oge anak apan satilu-tilu bari laleutik keneh, mending oge
urang taroskeun ka mama, da mama mah kauningana lain ngan wudu jeung salat tapi
teu kirang-kirang anu patali jeung pangabutuh urang. Malah mama mah tara wantun
sasauran urusan gaib anging upama aya katerangan tina Kuran atawa Hadisna. Basa
aya anu naros,”Kumaha leres henteuna ngalandongan nu teu damang ku Kuran,
macakeun surat anu-surat anu, sakitu balikan-sakitu balikan, saur mama harita;
Tah nu kitu anu sasar jeung nyasarkeun teh, sabab anu jadi rahmat teh lain
bacaanana, tapi eusina anu ngandung ugeran pikeun kahirupan dunya tepika poe
kiamat. Geura pek pikir surat Ya Sin teh surat anu sakitu agungna, hayoh dipake
ngubaran nu ararateul, Fatihah teh indungna Kuran kalah dipake ngubaran jalma
anu teu puguh pacabakan. Malah aya jalma
anu sok diserebut kiai, ajeungan atau ustad sok kawas heueuh bisa ngagunakeun
mahluk gaib kayaning Jin, ari dina waktuna aya jalma keur loba kahariwang jeung
kasieun, kalah muruhan saha nu daek nyanghareupan, bisi aya siku siwulu-wulu
Ibadah saur imam Syafii mah sing saha aku ngaku nempo jin batal syahadatna.
Ceuk kuring mah urang tumaros bae ka mama ku naon sabenerna pamajikan ki Atam
teh. Ki Sahamah, ki Atam jeung ki Adma, ba’da Isya ngadeuheus ka mama
mermanakeun ki Atam teh keur bingung patali jeung pamajikan nu robah adat,
sakapeung mah ditanya ge tara nembalan, kasakitna ararateul saluar awak bari
teu puguh garoeunana, malah saur urang peuntas mah anu umaku uninga kana sagala
tepika urusan gaib, cenah aya nu ngaheureuyan, moal cageur mun teu ku tarekah
pagaiban. Ngadangu kitu mama ngan imut ngagelenyu bari sasauran; “Tam! Engke
deui jurungan juragan tea entong jalma nu eta jeung Atam ulah sok ngadak-ngadak
nyisiran atuh. Najan dina Kuran jeung Sunnah, yen aya awewe mah mun boga salaki
eta teh hakna ngan sapaparat, tapi keukeuh we opat parapatanana kudu kabeh keur
manehna. Saeutik oge teu pisan ridha kasoro ku anu sejen, nu matak engke umpama
ngahalang-halang salaki bakal jadi tanggung jawab manehna di Yaumil Kiamah,
kitu oge upama nahan-nahan salakina pikeun boga deui anu sejen, nya kajaba mun
lalakina anu teu maksud etamah lain deui.
Ti harita mah saba’da nu datang the lalaki jeung kadenge yen juragan
nikahkeun bubuna tea ka jongosna nu jadi supirna. Kasakit arateul the leungit
teu sakara-kara, pamuluna berag tara katembong murukusunu.
Sumber: Majalah al qudwah 14