Senin, 26 November 2012

KASAKIT HATE

Ku KH Usman Shalehuddin

Sarengsena ngangler, nyaplak jeung nyayagikeun binih tandurkeuneun poe isuk nu rek tandur geus diomat-omat teu kudu dibejaan deui, tapi ki Atam katembongna ngan huleng jentul kawas aya nu dipirungsing, tara-tara ti sasari teuing ku naon jadi taya kaberagan. Mun ditanya ngajawabna padu unggeuk tuluy ngaleos tungkul ngagedig bangun nu rusuh.
Pamajikanana teuing ku naon mindeng indit, meunang dangdan sataker kebek, tatanggana oge nyarahoeun pamajikan kai Atam teh adean ku kuda beureum, sagala dipake bari beunang nginjeum, kajeun nyewa asal reunceum. Bari balikna sok geus kasorenakeun, kituna teh karek dina minggu-minggu ieu, budak diantep barangkeakan. Ari geus mangsa shalat Isya ngan dug bae ngaringkuk, nonggongan bari kekerekan. Abalik mandi mangsa haneut moyan, najan aya di imah oge ngan kitu we teu jauh ti eunteung.
Malah kadieunakeun jadi mah langka bijil, kitu we ti tengah imah ka dapur ti dapur ka tengan imah tara ketepas-tepas acan.
Rajeun oge ingkah ti imah, sok susulumputan kawas sieun aya nu nangean, ari inditna ka anu rada anggang, ceuk anu melengok mah nepangan anu seueur kauninga dina elmu ghaib anu dilembur eta mah sok disarebut dukun. Ari pamajikan kai Atam ngadeuheusna teh, eta anyar-anyar ieu karasa arateul saawak-awak barentol teu beda jeung anu kaligata, sakalian aya pamenta sangkan ki Atam teu kapincut ku babuna juragan.
Ceuk ki dukun nu kieu mah gampang, ieu mah aya nu hasud, dumeh kai Atam aya nu mercaya molah sawah sakalian jeung modalna. Ari anu panas baran ka kai Atam the lain jalma jauh, jalmana jangkung hideung buukna jocong panonna rada sipit merenahna di lembur beulah kidul.
Ti saprak ngadenge kitu, pamajikan kai Atam sok ngahaja diuk digolodog nyanghareup ka jalan hayan ggeura nempo jalma anu kitu pamuluna.
Dunungan kai Atam anu mercayakeun ngurus sawah tea langka pisan mariksa da puguh riweuh malum jalma tukang usaha, ngan sok nitah babuna randa sakali karek boga anak hiji. Malah sakali mangsa mah hujan teh tuluy ngaririncik atuh piwarangan juragan teh tuluy ngarereb.
Ti harita pamajikan kai Atam mimiti arateul saawak-awak, keukeuh dina hatena aya panyangka nu lain-lain malum anu pikiran keur kitu.
Babu juragan jadi bingung, naha ku naon pamajikan kai Atam ngadak-ngadak gering, pamulu jadi beda ti sasari biasana mah uah-aeh ayeuna mah keding hangit buuk kusut kumaha we pamilu anu keur murukusunu.
Isuk keneh kai Atam geus jebul balik ti masjid, biasa saba’da salat Subuh tuluy milu deresan, mama ajengan ngahanca Umdatut Tafsir seratan Ahmad Muhamad Syakir minagka ringkesan tafsir Ibnu Katsir anu sakalian maparin katerangan gek-gekan hadis nu aya dina eta kitab najan henteu sajumlahna.
Piwarangan juragan tea geus dangdan, dakuna mah hayang geura balik meungpeung isuk keneh, mangkaning tuluy mondok bari teu ngawartosan lantaran hujan jeung kaburu burit manten.
Pamajikan kai Atam kalah ngaringkeb maneh teu pisan aya basa ka semah anu rek balik anu sasari mah lain kitu. Atuh keur kai Atam mah jadi teu puguh rarasaan ngan ngaharewos bae ka anu rek balik omat kaayaan pamajikanana ulah dibejakeun ka dunungan, keur ngaharewos katoong ku mamajikanana, atuh beuki kacida panyangka teh. Harita keneh arateul saawak-awak teh lain garo-garoeun, jeung eta deuih saur anu sagala uninga tea yen ka rumah tangga teh aya nu ngaheureuyan, ku kituna pikiran pamajikan kai Atam jadi awut-awutan.
Saenggeus kadenge adan salat Asar kai Atam karek balik ti sawah, harita mah teu tuluy ka imah da geus sababaraha poe tara nyampak cai-cai acan, sajaba era ku semah, pikiran asa tepararuguh samar polah, ari ras ku pamajikan katurug katutuh hayoh deuih aya beja pamajikan ngadeuheus ka dukun, era ku tatangga karasana kabeh pada nunjuk, “boro mah pamajikan ahli masjid getol ngaji ari pamajikan kalah dudukun”.
Kabeurat kai Atam diborolokeun ka ki Sahamah, bari sakalian menta saran-saran. Harita kai Adma nembongkeun pamadegan, ‘Ah ari pamajikan geus kitu kalakuan mah mending oge dipiceun kapan dunya teh teu heureut kawas daun kelor, jadi lalaki teh kawas euweuh harga pisan, era atuh kutangtungan, na euweuh deui awewe anu hade, anu ngarti kana kakuduan, kumaha ari jadi pamajikan, leuheung mun kawas bentang pilem onaman keur geulis teh ngora keneh deuih’.
Ngadenge kitu, ki Atam lain asa ditanagaan, malah sabalikna asa anu borok dirorojok nu tijengkang dipupuas.
Ki Sahamah cengkat, “Ari ceuk kuring mah anu kapikir teh lain ngan pamajikan, tapi oge anak apan satilu-tilu bari laleutik keneh, mending oge urang taroskeun ka mama, da mama mah kauningana lain ngan wudu jeung salat tapi teu kirang-kirang anu patali jeung pangabutuh urang. Malah mama mah tara wantun sasauran urusan gaib anging upama aya katerangan tina Kuran atawa Hadisna. Basa aya anu naros,”Kumaha leres henteuna ngalandongan nu teu damang ku Kuran, macakeun surat anu-surat anu, sakitu balikan-sakitu balikan, saur mama harita; Tah nu kitu anu sasar jeung nyasarkeun teh, sabab anu jadi rahmat teh lain bacaanana, tapi eusina anu ngandung ugeran pikeun kahirupan dunya tepika poe kiamat. Geura pek pikir surat Ya Sin teh surat anu sakitu agungna, hayoh dipake ngubaran nu ararateul, Fatihah teh indungna Kuran kalah dipake ngubaran jalma anu teu puguh pacabakan. Malah  aya jalma anu sok diserebut kiai, ajeungan atau ustad sok kawas heueuh bisa ngagunakeun mahluk gaib kayaning Jin, ari dina waktuna aya jalma keur loba kahariwang jeung kasieun, kalah muruhan saha nu daek nyanghareupan, bisi aya siku siwulu-wulu Ibadah saur imam Syafii mah sing saha aku ngaku nempo jin batal syahadatna. Ceuk kuring mah urang tumaros bae ka mama ku naon sabenerna pamajikan ki Atam teh. Ki Sahamah, ki Atam jeung ki Adma, ba’da Isya ngadeuheus ka mama mermanakeun ki Atam teh keur bingung patali jeung pamajikan nu robah adat, sakapeung mah ditanya ge tara nembalan, kasakitna ararateul saluar awak bari teu puguh garoeunana, malah saur urang peuntas mah anu umaku uninga kana sagala tepika urusan gaib, cenah aya nu ngaheureuyan, moal cageur mun teu ku tarekah pagaiban. Ngadangu kitu mama ngan imut ngagelenyu bari sasauran; “Tam! Engke deui jurungan juragan tea entong jalma nu eta jeung Atam ulah sok ngadak-ngadak nyisiran atuh. Najan dina Kuran jeung Sunnah, yen aya awewe mah mun boga salaki eta teh hakna ngan sapaparat, tapi keukeuh we opat parapatanana kudu kabeh keur manehna. Saeutik oge teu pisan ridha kasoro ku anu sejen, nu matak engke umpama ngahalang-halang salaki bakal jadi tanggung jawab manehna di Yaumil Kiamah, kitu oge upama nahan-nahan salakina pikeun boga deui anu sejen, nya kajaba mun lalakina anu teu maksud etamah lain deui.
Ti harita mah saba’da nu datang the lalaki jeung kadenge yen juragan nikahkeun bubuna tea ka jongosna nu jadi supirna. Kasakit arateul the leungit teu sakara-kara, pamuluna berag tara katembong murukusunu.

Sumber: Majalah al qudwah 14

Tidak ada komentar:

Posting Komentar