Senin, 26 November 2012

KASAKIT HATE

Ku KH Usman Shalehuddin

Sarengsena ngangler, nyaplak jeung nyayagikeun binih tandurkeuneun poe isuk nu rek tandur geus diomat-omat teu kudu dibejaan deui, tapi ki Atam katembongna ngan huleng jentul kawas aya nu dipirungsing, tara-tara ti sasari teuing ku naon jadi taya kaberagan. Mun ditanya ngajawabna padu unggeuk tuluy ngaleos tungkul ngagedig bangun nu rusuh.
Pamajikanana teuing ku naon mindeng indit, meunang dangdan sataker kebek, tatanggana oge nyarahoeun pamajikan kai Atam teh adean ku kuda beureum, sagala dipake bari beunang nginjeum, kajeun nyewa asal reunceum. Bari balikna sok geus kasorenakeun, kituna teh karek dina minggu-minggu ieu, budak diantep barangkeakan. Ari geus mangsa shalat Isya ngan dug bae ngaringkuk, nonggongan bari kekerekan. Abalik mandi mangsa haneut moyan, najan aya di imah oge ngan kitu we teu jauh ti eunteung.
Malah kadieunakeun jadi mah langka bijil, kitu we ti tengah imah ka dapur ti dapur ka tengan imah tara ketepas-tepas acan.
Rajeun oge ingkah ti imah, sok susulumputan kawas sieun aya nu nangean, ari inditna ka anu rada anggang, ceuk anu melengok mah nepangan anu seueur kauninga dina elmu ghaib anu dilembur eta mah sok disarebut dukun. Ari pamajikan kai Atam ngadeuheusna teh, eta anyar-anyar ieu karasa arateul saawak-awak barentol teu beda jeung anu kaligata, sakalian aya pamenta sangkan ki Atam teu kapincut ku babuna juragan.
Ceuk ki dukun nu kieu mah gampang, ieu mah aya nu hasud, dumeh kai Atam aya nu mercaya molah sawah sakalian jeung modalna. Ari anu panas baran ka kai Atam the lain jalma jauh, jalmana jangkung hideung buukna jocong panonna rada sipit merenahna di lembur beulah kidul.
Ti saprak ngadenge kitu, pamajikan kai Atam sok ngahaja diuk digolodog nyanghareup ka jalan hayan ggeura nempo jalma anu kitu pamuluna.
Dunungan kai Atam anu mercayakeun ngurus sawah tea langka pisan mariksa da puguh riweuh malum jalma tukang usaha, ngan sok nitah babuna randa sakali karek boga anak hiji. Malah sakali mangsa mah hujan teh tuluy ngaririncik atuh piwarangan juragan teh tuluy ngarereb.
Ti harita pamajikan kai Atam mimiti arateul saawak-awak, keukeuh dina hatena aya panyangka nu lain-lain malum anu pikiran keur kitu.
Babu juragan jadi bingung, naha ku naon pamajikan kai Atam ngadak-ngadak gering, pamulu jadi beda ti sasari biasana mah uah-aeh ayeuna mah keding hangit buuk kusut kumaha we pamilu anu keur murukusunu.
Isuk keneh kai Atam geus jebul balik ti masjid, biasa saba’da salat Subuh tuluy milu deresan, mama ajengan ngahanca Umdatut Tafsir seratan Ahmad Muhamad Syakir minagka ringkesan tafsir Ibnu Katsir anu sakalian maparin katerangan gek-gekan hadis nu aya dina eta kitab najan henteu sajumlahna.
Piwarangan juragan tea geus dangdan, dakuna mah hayang geura balik meungpeung isuk keneh, mangkaning tuluy mondok bari teu ngawartosan lantaran hujan jeung kaburu burit manten.
Pamajikan kai Atam kalah ngaringkeb maneh teu pisan aya basa ka semah anu rek balik anu sasari mah lain kitu. Atuh keur kai Atam mah jadi teu puguh rarasaan ngan ngaharewos bae ka anu rek balik omat kaayaan pamajikanana ulah dibejakeun ka dunungan, keur ngaharewos katoong ku mamajikanana, atuh beuki kacida panyangka teh. Harita keneh arateul saawak-awak teh lain garo-garoeun, jeung eta deuih saur anu sagala uninga tea yen ka rumah tangga teh aya nu ngaheureuyan, ku kituna pikiran pamajikan kai Atam jadi awut-awutan.
Saenggeus kadenge adan salat Asar kai Atam karek balik ti sawah, harita mah teu tuluy ka imah da geus sababaraha poe tara nyampak cai-cai acan, sajaba era ku semah, pikiran asa tepararuguh samar polah, ari ras ku pamajikan katurug katutuh hayoh deuih aya beja pamajikan ngadeuheus ka dukun, era ku tatangga karasana kabeh pada nunjuk, “boro mah pamajikan ahli masjid getol ngaji ari pamajikan kalah dudukun”.
Kabeurat kai Atam diborolokeun ka ki Sahamah, bari sakalian menta saran-saran. Harita kai Adma nembongkeun pamadegan, ‘Ah ari pamajikan geus kitu kalakuan mah mending oge dipiceun kapan dunya teh teu heureut kawas daun kelor, jadi lalaki teh kawas euweuh harga pisan, era atuh kutangtungan, na euweuh deui awewe anu hade, anu ngarti kana kakuduan, kumaha ari jadi pamajikan, leuheung mun kawas bentang pilem onaman keur geulis teh ngora keneh deuih’.
Ngadenge kitu, ki Atam lain asa ditanagaan, malah sabalikna asa anu borok dirorojok nu tijengkang dipupuas.
Ki Sahamah cengkat, “Ari ceuk kuring mah anu kapikir teh lain ngan pamajikan, tapi oge anak apan satilu-tilu bari laleutik keneh, mending oge urang taroskeun ka mama, da mama mah kauningana lain ngan wudu jeung salat tapi teu kirang-kirang anu patali jeung pangabutuh urang. Malah mama mah tara wantun sasauran urusan gaib anging upama aya katerangan tina Kuran atawa Hadisna. Basa aya anu naros,”Kumaha leres henteuna ngalandongan nu teu damang ku Kuran, macakeun surat anu-surat anu, sakitu balikan-sakitu balikan, saur mama harita; Tah nu kitu anu sasar jeung nyasarkeun teh, sabab anu jadi rahmat teh lain bacaanana, tapi eusina anu ngandung ugeran pikeun kahirupan dunya tepika poe kiamat. Geura pek pikir surat Ya Sin teh surat anu sakitu agungna, hayoh dipake ngubaran nu ararateul, Fatihah teh indungna Kuran kalah dipake ngubaran jalma anu teu puguh pacabakan. Malah  aya jalma anu sok diserebut kiai, ajeungan atau ustad sok kawas heueuh bisa ngagunakeun mahluk gaib kayaning Jin, ari dina waktuna aya jalma keur loba kahariwang jeung kasieun, kalah muruhan saha nu daek nyanghareupan, bisi aya siku siwulu-wulu Ibadah saur imam Syafii mah sing saha aku ngaku nempo jin batal syahadatna. Ceuk kuring mah urang tumaros bae ka mama ku naon sabenerna pamajikan ki Atam teh. Ki Sahamah, ki Atam jeung ki Adma, ba’da Isya ngadeuheus ka mama mermanakeun ki Atam teh keur bingung patali jeung pamajikan nu robah adat, sakapeung mah ditanya ge tara nembalan, kasakitna ararateul saluar awak bari teu puguh garoeunana, malah saur urang peuntas mah anu umaku uninga kana sagala tepika urusan gaib, cenah aya nu ngaheureuyan, moal cageur mun teu ku tarekah pagaiban. Ngadangu kitu mama ngan imut ngagelenyu bari sasauran; “Tam! Engke deui jurungan juragan tea entong jalma nu eta jeung Atam ulah sok ngadak-ngadak nyisiran atuh. Najan dina Kuran jeung Sunnah, yen aya awewe mah mun boga salaki eta teh hakna ngan sapaparat, tapi keukeuh we opat parapatanana kudu kabeh keur manehna. Saeutik oge teu pisan ridha kasoro ku anu sejen, nu matak engke umpama ngahalang-halang salaki bakal jadi tanggung jawab manehna di Yaumil Kiamah, kitu oge upama nahan-nahan salakina pikeun boga deui anu sejen, nya kajaba mun lalakina anu teu maksud etamah lain deui.
Ti harita mah saba’da nu datang the lalaki jeung kadenge yen juragan nikahkeun bubuna tea ka jongosna nu jadi supirna. Kasakit arateul the leungit teu sakara-kara, pamuluna berag tara katembong murukusunu.

Sumber: Majalah al qudwah 14

Rabu, 07 November 2012

Salman

Salman téh pituin urang Pérsia. Éta sababna, anu matak katelahna ogé Salman al-Farisi. Hartina Salman urang Parsi.
Pérsia, nu ayeuna disebut Iran, kawilang hiji nagara anu geus maju ti béh ditu kénéh. Keur jaman nu séjén harirup basajan, jalma anu araya di Pérsia mah geus loba kanyahona.
Urang Pérsia harita disebutna Majusi, lantaran maranéhanana nyarembah kana seuneu.
Salman téh lahir di désa Jayy anu pernahna teu jauh ti kota Isfahan ayeuna. Harita mah disebutna Asbahan. Kolotna kawilang jalma cukup. Sanajan ngan ukur kana tani, tapi kawantu tanahna lega, atuh beunang disebutkeun tara kurang nanaon.
Éta sababna Salman ku kolotna tara kungsi dititah-titah kana gawé. Keur naon, da sagala kaperluan geus nyampak. Kawajiban Salman sapopoéna taya deui iwal ti ngajaga pirunan seuneu anu dipaké sesembahanana téa. Indung bapa Salman téh Majusi anu leket pisan. Nurutkeun kapercayaan harita, sangkan henteu pegat dipikanyaah ku Déwa seuneu téa, pirunan seuneu sesembahan nu aya di jero imah téh ulah nepi ka pareum. Sina ngagateng baé beurang peuing. Éta tandana bakal diasih terus ku déwa, cenah.
Ku sabab harita Salman ti leutik kénéh, beunang disebutkeun tara ingkah kaluar ti jero imah manéhna téh. Ku kolotna mémang diomat-omatan pisan, supaya seuneu téa ulah nepi ka pareum. Akibatna Salman jadi teu nyaho nanaon kaayaan di luareun imahna.
Sakali mangsa, bapana téh keur nyieun wangunan anyar keur gudang. Manéhna teu bisa indit ka kebonna. Padahal aya nu kudu diala di dinya téh. Lantaran pagawéanana teu bisa ditinggalkeun téa, nya manéhna nitahan Salman.
”Keun sapoé ieu mah,” cék bapana ka Salman, ”Bapa anu nungguan seuneu bari sakalian nganggeuskeun ieu hanca. Manéh mah ka ditu baé heula ka kebon. Tapi omat ulah lila. Kudu buru-buru balik deui!”
Dititah kitu Salman ngarasa atoh. Keur mah eukeur hayang ti béh ditu kénéh ulin, ayeuna aya kasempetan. Atuh ti barang kaluar ti imah gé, Salman teu eureun-eureun alak-ilik ka ditu ka dieu. Leumpangna teu bisa gancang, da sapanjang jalan asa loba pisan téténjoan.
Di hiji tempat manéhna ngaliwat ka lebah garéja. Keur manéhna mah éta bangunan téh kacida anéhna, lantaran béda jeung imah-imah nu séjénna. Ku sabab panasaran téa, nya terus manéhna nyampeurkeun. Barang geus deukeut, ti jero kadéngé sora rada-rada dilagukeun.
”Aya naon nya di jero téh?” cék haténa beuki panasaran.
Lantaran keukeuh hayang nyaho, sup baé manéhna asup ka jero. Ka nu aya di deukeut lawang. Salman nanya.
”Aya naon ieu téh?” pokna.
”Teu aya nanaon. Keur ibadah baé sakumaha biasa.”
”Ibadah?” Kapanasaran Salman beuki nambahan. Manéhna terus asup nepi ka aya di jajaran panghareupna.
Bari terus nénjokeun téh, haténa mah teu eureun-eureun tumanya. ”Naha di dieu mah ibadah téh béda jeung di imah?”
”Agama naon ieu téh?”pokna ka nu aya di gigireunana.
”Nasrani,” cék nu ditanya bari semu héran.
Salman beuki panasaran. Geuningan bet aya agama séjén. Sugan téh saréréa nyembah seuneu sakumaha kolot-kolotna di imah. Ari ieu geuning aya agama séjén anu béda kabina-bina.
Inditna ka kebon téh jadi teu tulus, lantaran kapopohokeun. Sabubarna anu kabaktian di dinya, Salma mah henteu terus balik. Manéhna terus tatanya ka sababaraha urang. Nepi ka manéhna meunang béja cenah di nagara Syam aya garéja anu leuwih gedé. Umatna gé leuwih loba.
Basa kaluar ti jero éta garéja, poé geus soré. Salman gé terus baé balik ka imahna. Sihoréng méh sapoé jeput indung bapana kokotéténgan néangan. Basa geus tengah poé Salma can balik kénéh baé, maranéhna melang bisi kuma onam. Nya ngajurungan badégana sina nyusul ka kebon, Cenah taya tapak-tapakna Salman nepi ka kebon. Atuh indung bapana téh beuki teu puguh rarasaan.
Basa Salman ngurunyung téh, saréréa ribut campur atoh.
“Ti mana baé ari manéh?” cék bapana.
Salman henteu ngabohong. Ku manéhna dicaritakeun baé yén awahing ku panasaran, terus asup ka garéja milu ka nu keur araya di dinya.
“Manéh milu asup ka garéja?” cék bapana kagét.
“Enya!” cék Salman.
“Awas!” bapana jadi ngambek. “Ti semet ayeuna manéh teu meunang sakali-kali deui asup ka dinya. Komo jeung milu ibadah mah. Nanaonan. Nyaho teu? Maranéhna mah jelema sasar. Manéh ulah kababawa ku nu teu paruguh.”
Sanajan harita teu papanjangan, tapi dina haténa mah keukeuh ngarasa panasaran. Beuki dieu Salman beuki hayang nyaho, naon sabenerna nu disebut agama Nasrani téh. Tapi ari rék mungpang kana kahayang kolotna, manéhna gé teu wani.
Ngan ku sabab keukeuh hayang nyaho téa, ahirna mah manéhna gilig. Basa aya kafilah ti Syam datang ka lemburna, manéhna milu. Bari jeung sasat kabur, da ka kolotna mah teu bébéja.
Sadatangna ka Syam, nu pangheulana ditéangan téh garéja. Salman geus meunang béja yén lamun hayang nyaho agama Nasrani kudu tatanya ka uskup. Ari uskup pan matuhna téh di garéja.
Basa geus tepung jeung Uskup, Salman balaka hayang diajar agama Nasrani. Ku éta uskup dibaeukeun pisan. Malah terus disina matuh di dinya. Dina prakprakan sapopoéna, Salman téh ngaladénan sagala rupa kaperluan ibadah di garéja.
Mimitina mah manéhna téh ngarasa senang baé nu aya. Tapi lila-lila manéhna jadi nyaho kaayaan nu sabenerna. Unggal-unggal khutbah éta uskup téh umajak ka saréréa sangkan ulah ngarasa lebar sidekah harta. ”Lantaran engkéna éta sidekah téh bakal dipaké nulungan jalma-jalma nu katalangsara,” pokna. Ku diajak kitu téh teu kurang-kurang nu masrahkeun hartana, boh duit boh perhiasan.
Ngan apan Salman nyaksian pisan. Harta tina sumbangan jeung sidekah téh ku uskupna ngan saeutik pisan anu bener-bener dipaké nulungan jalma-jalma anu katalangsara mah. Lolobana mah disimpen baé ku manéhna sorangan.
Tina nyaksian jeung ngalaman pisan kajadian sarupa kitu, Salman jadi mindeng hulang-huleng. Cék dina haténa, ieu mah lain agama anu bener. Moal enya aya ajaran papalingpang pisan jeung prakprakan sapopoéna.
Tapi salila éta téh manéhna gé teu nyaho kudu kumaha jeung kudu ka saha tatanya. Lantaran salila ieu apan uskup téh ku manéhna dianggap hiji-hijina jalma anu loba kanyahona ngeunaan agama.
Dina hiji mangsa, waktu Salman keur balanja di pasar, manéhna ngadéngé aya nu nyebut-nyebut pajar di tanah Arab geus aya nabi anyar. Nu keur ngadarongéng téh ku Salman terus disampeurkeun. Enya baé, maranéhna téh keur nyararitakeun sual éta.
Lantran hayang nyaho téa, Salman terus tatanya. Tapi, manéhna rada ngahuleng barang dibéjaan yén tanah Arab téh pernahna jauh pisan.
”Kumaha jalanna mun hayang nepi ka dinya?” cék Salman ka nu araya di dinya.
”Panggampangna mah milu waé jeung kafilah anu sok daragang ka dieu.”
Harita kénéh Salman terus néangan kafilah Arab anu keur aya di dinya.
”Mun kuring hayang milu ka tanah Arab, kudu sabaraha mayarna?” cék Salman.
”Ku onta hiji wé,” cék si pingpinan kafilah téh.
”Onta mah kuring teu boga. Kumaha mun ku sapi?”
Si pingpinan kafilah téh nyidikkeun Salman rada lila.
”Rék naon ka ditu? Rék nepungan baraya?” pokna.
”Ah, henteu. Hayang nyaho wé,” témbal Salman.
Sanggeus adu tawar, teu burung ahirna mah manéhna ngidinan Salman milu jeung kafilahna. Minangka mayarna ku sapi dua. Ngan di satengahing perjalanan ku pingpinan kafilah téa Salman dipasrahkeun ka kafilah séjén.
“Manéh mending milu jeung kafilah séjén mun hayang téréh nepi ka ka tanah Arab mah,” pokna ka Salman. Salman gé teu réa tatanya deui, nurut baé.
Ari sihoréng, manéhna téh dijual, dianggap abid. Nyaho-nyaho sotéh geus aya di perjalanan. Manéhna kudu naktak mundak ngakutan babawaan nu bareurat. Waktu manéhna nolak, bet dirangkét ku nu séjén. Sanggeus tatanya, Salman kakara nyaho yén dirina téh geus dibeuli.
Sanajan banget nya handeueul, tapi manéhna teu bisa kumaha. Nya nurut baé kana kahayang dununganana. Ngan basa ngadéngé béja yén tujuan kafilah dununganana téh ka Madinah, haténa rada kaubaran. Geuningan sarua di tanah Arab kénéh, cék haténa.
Harita Rasululloh aya kénéh di Mekah, tacan hijrah ka Madinah.
Ari di Madinahna, Salman téh ngadunungan ka urang Yahudi.
Sanggeus aya di Madinah, Salman beuki mindeng ngadéngé béja ngeunaan Rasululloh. Haténa beuki geregeteun hayang buru-buru tepung jeung anjeunna. Tapi teu bisa kumaha, da puguh manéhna téh geus lain jalma merdéka.
Engké, sabada Rasululloh hijrah ka Madinah, Salman laksana tepung jeung anjeunna. Sarta nya harita Salman manggihan hiji panutan anu salila ieu ditétéangan ku manéhna. Sanggeus tepung jeung Rasulullah mah haté Salman henteu marojéngja deui. Haténa panceg imanna pageuh. Salman kaselir jadi sahabat Rasulullah anu jenenganana bakal seungit nepi ka iraha baé.
Tina Taréh Rasululloh, Karya Abdullah Mustappa

Sabtu, 03 November 2012

Kumaha atuh, Kumahaaa !!!


Na kumaha ari kai Adma, cul sawah cul kebon anu biasa digarap teh kalah jukut ngajejembrung rambeteun teu dipalire gemuk beunang nganjuk jadi tambak da puguh pelak pare anu biasana diurus dinyanyaah, anyeunamah kalah jukut anu leuwih subur batan parena.
Atuh teu aneh, mun pelak pare daunna jadi bareureum, tuluy ngarangangan nya tangtu buahna oge moal nyugemakeun kawas anu diurus enya-enya.

Ari pangna kai Adma cul gawe anu biasana ngurus kebon jeung sawahna, eta saba’da ngadenge haharagaan sagala naraek, jeung lain ku naekna wae, eta ku jeung hese neangan beulieun. Diwarung-warung anu biasana aya, harita mah ngiles teuing kamana. Pangpangna minyak tanah, geus puguh ari mayar listrik mah. Isuk keneh geus kencling, ngingkig sakapeung ka desa, sakapeung ka tua kampung, kitu we ngawangkongkeun haharagaan nararaek, teu euweuheun, geuning majar  rek ngabela rayat teh kalah kieu buktina. Genah ceuk beja, anu maraling duit rayat kalah dimemenan, dianggap dulur pet ku hinis, bari maralingna oge lain saeutik rebu-rebu juta cenah. Ari urang kalah meuli gemuk oge teu meunang hanteu kudu nurut kana harga pamarentah, mun teu boga keur meulina, dina meunang  na oge nganjuk mayarna teh kudu direntenan sakahayang maranehna.

Kai Adma teu mahi ku sakadar meupeuskeun kakeuheul, eta deuih nyaritana teh dibarengan jeung tutunjuk ka tua kampung, meh wae keuna kana irung.

Tah ayeuna kuring menta tanggung jawab, kapan ceuk anjeun, mun kuring nyolok anu, pasti baris sagala kasorang, moal kudu hirup jadi bulu taneuh bari sagala diatur ku batur. Malah pamohalan cenah, tani kari daki, usum panen kalah raweuy ku hutang, acan barudak teu meunang henteu  mun ditagih bayaran sakola teh bari jeung diancam, mun teu buru-buru mayar baris dikaluarkeun.

Neangan gawe sejen jaba ti kudu sugak-sogok teh jeung hesena kabina-bina. Malah anu geus marenah digarawe bari beunang sosogok teh  kalah hayoh dipehaka, atuh jadi ngalintrik teu puguh pacabakan.

Kai Adma mun pareng aya di imah, teu beda jeung jalma anu teu puguh paniatan, kitu lain kieu lain. Nangtung teu jeung diuk teu gek lumbang-limbung, tetempoan pararoek. Ari peuting ngan nyileuk, taya anu kapikir iwal ti pikahareupeun kumaha mun sagala tuluy naraek, bari pangasilan teu undak ti ladang buburuh ripuh. Sakalieun aya leuwihna oge kudu hulu dijieun suku suku dijieun hulu.

Naha atuh teuing kumaha kai Adma, teu gugur teu angin, tibalik puta kasari katembong ngadak-ngadak bungah, jigrah kumaha wae jalma anu keur kabiruyuan ku milik gede. Horeng peutingna lalajo telepisi kabeneran nempo berita, yen caroge ibu ulang taun. Anu ceuk beja mah, cenah taun kamarina wae, sapeuting teh beak genep ratus juta, nya komo ayeuna anu keur sakieu sagala undak, lain beuli-beulieun jalma leutik. Sakitu tah kanggo carogena, komo mun seug anjeunna, tetela nagara urang teh beurat beunghar, salieuk beh bru dijuru bro di panto ngalayah di tengah imah. Eta meureun pangna kai Adma ngadak-ngadak bungah teh.

Dan puguh boro-boro boga telepisi kai Adma teh, ari aya di imah sok teu puguh cabak, nya sok tara di naha-naha mun nganjang ngahaja lalajo di imah tatangga anu kabeneran boga. Naha atuh anu keur akitu bungahna teh, ngadak-ngadak sepa merengut baketut haseum, bari karasa awak rada leuleus, ngomongna maksakeun maneh bari haroshos. Beu! beu! beu!....na kumaha ieu teh, geuning kalah sagala ditaekkeun. Keun ku telepon, da kuring mah boro-boro, eta listrik jeung minyak tanah. Ku kai Adma kasawang, biasana mun harga minyak naek tara tinggaleun anu sejenna oge mulu naraek, atuh bekel keur mahi tilu poeeun teh jadi ngan mahi sapoeeun.

Katurug katutuh keur ngalamun kitu teh, hayoh kalah ngadenge deui, eta bangsat-bangsat kakap tea cenah dimemenan dianggap dulur pet ku hinis, keun bae cenah hutang-hutangna ditanggung dina balanja duit rayat, anu jumlahna rebuan juta tea.

Isuk keneh kai Adma nyampak di imah kai Atam, teu ditanya heula oge jol derekdek bae nyaritakeun kakeuheul, kawas nu heueuh ngarti. Majar teh, para pamingpin urang teh teu undak ti tukang macul ari ngan sakadar naek-naekeun harga mah, nya mana komo mun bari bangsat-bangsat kakap dihampura, moal henteu naekkeun harga teh keur ngagantian duit anu diparaling tea meureun.

Kai Adma teu reureuh-reureuh ngabulak nyarita meakkeun batur, kai Adma teu bisa ngeureunkeun, ngan jeung bae nangtung bari ngajak kai Adma nganjang ka kai Sahamah.

Sadatangna, kabeneran harita mama ajengan nuju nyalse di kai Sahamah, bari geus nyampak lalawuh awug pincuk buatan mamah Mengger jeung cai teh pait.

Ari payuneun mama ajengan mah, kai Adma teu wani baceprot kawas ka kai Atam, ngan ngeluk bae bari rada-rada sepa, teu beda we jeung bueuk beunang mabuk.

Mama ajengan surti, ngan pok bae sasauran; “Kabeneran oganan teh rempeg tara-tara ti sasari. Bungah kuring mah aranjeun teh keur jaragjag waringkas bari teu kurang uyupeun. Ngan eta, kawasna ayeuna teh keur riweuh teu puguh bandunganeunana, para pamingpin mun usum butuh ku sora mah apan jarangjina teh teu eungeun-eungeun kawas nu hareueuh. Ari ayeuna, buktina kalah sagala naraek rayat leutik mah beuki rumahuh”. Kitu teh, mama Ajengan mah ngan itung-itung ngarepehkeun kai Adma. Ku kai Sahamah kaharti da puguh anjeunamah  sok tara deet-deet kokodokan. Saur Ulama ;

‘Ari ceuk kuring mah, najan ku saha bae oge, da moal pinaggih jeung kama’muran satungtung pamingpin teu nyumponan anu tilu rupa. Geura iyeuh bandungan dawuh kangjeng Rasul. Ari ciri-ciri jelema munafek teh aya tilu; Mun ngomong bohong, mun jangji jalir jeung mun diamanatan hianat. Tah upama nagara geus dicekel ku jalma anu beresih tina nu tilu rupa bieu, moal kajadian anu leungit domba mun diuruskeun teh kalah leungit jeung kandangna. Tapi parandene kitu, kangjeng Rasul oge ngadawuh deuih; Kumaha kaayaan maraneh, tah ku manusa kitu maraneh bakal dipingpin. Nya ceuk kuring mah, sakitu oge mahi. Mending oge ayeuna mah urang kacai sakeudeung deui adan Lohor. Engke, sakeudeung deui, baris aya tongtonan anu hade, cenah mah bakal aya kajadian para pamingpin sili betot tali kolor, cing ke geura anu disarumput-sumput teh ku Allah ditembrakkeun. Mama ajengan angkat dituturkeun ku tiluan.     
Majalah al Qudwah 35 rubrik Hikayat

Rabu, 31 Oktober 2012

Iiih… Lain Ditulungan

Ku: K.H. Usman Shalehuddin
Ari numutkeun itungan poe mah, geus saratus poe ki Adma ditinggalkeun maot ku pamajikannana teh, ba'da isya geus rempeg nu rek tahlilan, da eta cenah kudu parok jeung batur, ulah mahiwal, piraku teu nyaah ka anu geus euweuh, jeung deui kudu hormat ka karuhun, bilih bendu sok aya ma­takna cenah.
Ki Adma eleh geleng belaan uclak-eclok pareaneun, anu itungannana pare baseuh dibayar ku pare garing, baguer cenah juragan Kim siu mah berehan, padahal ki Adma geus nyaho yen ku cara kitu teh di caram ku agama. Teu lila da puguh ngan maca Qullhu bae sababaraha balikan, sarengsena tuang-leueut bari parantos nyepeng berekat, sesepuh biantara: "Assalamu'alaekum ka sadaya nu lalinggih, mugi henteu rengat manah, mung sakieu nu kadugi kantenan kahoyong mah lalawuh lang­kung ti misti. Sarengsena dinuhunkeun ku sesepuh tea, sadayana bubar ngan kari ki Adma kadua budak anu geus tibra.
Memeh tahlilan mah asa geus rada lipur teu kokolebatan wae si jenat teh, tapi ti harita mah ki Adma teu daek sare, ari tunduhna nataku, ngan cai panon bae teu reureuh-reureuh. Teu ku hanteu, isuk-isuk haneut moyan keur diuk digolodog, nya sakumaha biasa wae keur anteng ngalamun, jol nya nu datang, sampursun ki Adma, keur naon andika teh? Ki Adma ngarenjag bangun kacida reuwasna, bari rada-rada ngadegdeg "rampes" ki semah, yap kadieu urang diuk jeung kuring, urang di dieu bae di golodog, na aya naon geuning isuk keneh, jeung saha kadieu?
Semah teh teu loba wawangkong, ngan pok bae nyaritakeun maksudna. eta cenah bejana ki Adma teh keur butuh ku anu daek tutulung, pangpangna mah sang­kan ulah inget bae ka si jenat, ma' lum da ari geus euweuh dikieuna mah nu kaingat teh ngan hadena bae. Ngadenge kitu ki Adma curinghak, asa mopok manggih gorowong keur naek manggih sesengked. Kacida atohna kuring teh, sok atuh kudu kumaha? pangpangna mah ieu sangkan ulah inget wae ka si jenat, jadi teu pararuguh, kitu lain kieu alin, teu puguh rampa teu puguh ­cabak. Ki semah daria bari pokna, “Nya ari kitu mah hayu bae urang nepangan anu uninga, nukieu-kieu bae mah gampang, estuning sagala tiasa anjeuna mah. Sajebulna ka anu sagala tiasa tea, ngan daradad si jenat teh bae ku ki Adma dicaritakeun sasat taya nu kaliwat ti mimiti geringna, panyakitna tepika maot­na. Saur anu sagala uninga tea ''Kieu bae atuh ki tamu, teangan dewegan hejo tina tangkal anu kakara buahan, heug dibeulah sing sarua ditengah-tengah kuburannana cai na awurkeun sing rata, nu sabeulah simpen di siraheunnana nu sabeulah deui di tunjangeunnana.
Kade poho barengan ku maca Qulhu, saenggeus di simpen tuluykeun ku maca Ya Sin, cukup sabalikan oge, teu kudu dilagukeun dihade-hade da ieu mah lain Musabakoh, gerendengkeun bae, tah ku kieu teh moal kainget bae, si­ga misahna dua beulah dewegan tea.
Dewegan teh beunang hese beunang cape, mahal oge dibeuli, belaan ku duit rentenaneun, da kanggo nu sagala uninga mah cenah, tong ngari­weuhkeun, cekap ku sarung samarenda jeung kaen saseteleun.
Geus aya samingguna ti harita teh, tapi ki Adma kalah nyileuk bae unggal peuting parat tepika subuh, malah ayeuna miah katambahan ku inget bae kana dewegan tea jadi sakalian inget bae ka kuburannana.
Memeh magrib ki Adma indit nepungar ki Sahamah, teu kungsi ditanya heula ngan daradad bae nyaritakeun ti mimiti kadatangan semah tea tepika meu­lah dewegan di kuburan si jenat. Ngadenge kitu ki Sahamah kalah ngagele­nyu bargun nu ni'mat ngadengena, asa ngadenge dongeng bari watir kana warugana, ngan nya kitu ari ras kana bolohona, sakitu geus milu ngaji ka mama ajengan, elmu teh asa teu pisan aya napakna.
Subuh-subuh, ki Adma disampeur ku ki Sahamah pikeun shalat subuh berjama'­ah , sarengsena shalat berjama' ah subuh, ki Sahamah ngajejeran ki Adma balaka ka mama ngadaradad satarabasna kawasna kapalang carambang, malah ngahaja sangkan atra balaka sajalantrahna.
Saur mama; "Adma ari sakabeh jalma mu’umin teh kabeh oge dulur maneh eta teh, prak ri­ung mungppulung, ari papanggih jeung anu karasa beurat teh ulah kalah tu­luy ngaringkeb maneh, kawas euweuh badamianeun, jeung deui kapan enggeus ku kuring dijentrekeun, engtong neukteuk leukeun meulah jantung, eta mah lain tuduh agama urang, anu kitu mah anu layonna tuluy diduruk tea.
Teu kudu dipayungan teu kudu dikembangan sagala, eta oge taya tuduhna ti kangjeng Rasul, boh ku dawuh ku amal atawa ku kapanujuna ka para shabatna. Nya kitu deui maca Quran surat naon bae oge, taya pisan pata­lina jeung baca keuneun ka anu maot, nu aya tuduhna ti Rasul mah, urang nu hirup wajib ngadu'akeun,  bari teu kudu di luhur kuburannana, da lain nganteu­ran du'a ka anu maot teh, tapi ngadu'akeun muga Allah ngahampura dosana, muga Allah nampi amalna, malah sakalian Adma ngadu'a muga Allah ngagen­tos ku anu langkung sae.
Geuning saur ahli hikmah, "Nyai akang teh syukur ka Allah sabab boga pamajikan ka nyai”. Ceuk pamajikanana, "Abdi sabar sabab gaduh salaki ka a­kang”. Ceuk salakina; "Atuh ari kitu mah urang babarengan ka Surga nu sukur jung nu sabar”
Tah kitu Adma, urang ngaderes deui bae satuluyna mah, tong lila-lila ngaringkeb maneh, heug ku kuring oge didu'akeun boh keur Adma boh keur Al-Marhumah.

majalah al Qudwah 04 rubrik Hikayat.

Selasa, 30 Oktober 2012

ADZAN MAH TEU KADENGE?



Ku : K.H. Usman Salehuddin


Di salembur ete mah taya dua kai Adma anu sohor lain wungkul ka anu deukeut ka anu jauh oge ma’lum ari beja sok leuwih harus manan goong, sohor hayam pelungna da ete we ku harus-harusna beja majar the hayam piaraan kai Adma mah mun kongkorongokna meletek panon poe eureun-eureun wanci lohor tepika pamatukana adek kana taneh, cacakan mun kongkorongokna sisi lombang mah meureun aya tuluyna.
Malah aya anu sabiwir hiji anu katelah si Putridiuk panghadena, pangluisna, panglucuna, asal diheotan, jol der we kongkorongok. Geus lain basa keuneun ku lucuna, ceuk anu ngaromongmah,’Piraku teu hade hayam pelung turunan ti cibegol soreang anu anggapana ngan dua pangulinan hayam ti kabupaten Bandung, oge di lembur eta pisan aya pasantren anu santri-santrina unggal poe maraca jeung ngarulik kitab-kitab koneng, sesepuhna Akeh Romli anu ngentreng elmu haditsna. Malah ahli dina pasilatan.
Memeh ka masjid sakitu geus kadenge adzan kai Adma the lain buru-buru tuluy ka masjid, kalah nyimpang heula nyetrekan atawa ngaheotan hayam pelungna nya geus puguh ari ka si Putridiuk mah, jadi sok mindeng leuir ampir tiap subuh ngan ngamasbok jeung ngamasbok bae, bari kumama geus diterangkeun yeun,’Sing saha anu milu salat berjama’ah teu meunang salat sunat naon bae oge upama komat geus dibacakeun, jeung deui kapan mama oge nerangkeun yen,’Dua rakaat qabla shubuh the lewih alus batan dunya jeung eusina, nya mana komo ari dibandingkeun jeung hayam pelung mah.
Pamajikan kai Adma sok teu bosen ngingetan pangpangna dina waktu salat Ashar mani geus geregeuten, cacakan mun lain ka kolot haying ngaplok tinya ku gagang sapu, da ray poe ray poe kitu wae ngintip-ngintip panon poe rek surup. Ku pamajikan kai Adma asa kadenge wae kasauran mama dina pangajian ,’Sing saha anu ninggalkeun anu ninggalkeun salat Ashar estu geus ludes amalna poe eta”. Kai Adma the geus puguh berjama’ah, ka dieunakeun mah geus tara kaburu sabab katambah ku sababaraha bikang nu malalegar.
Saba’da salat subuh poe jum’ah mama naroskeun kai Adma, Sahamah! Kamana Adma tara-tara ngambay salat jama’ahna, bejana keur suhud ngurus pelung kadengena cul naon cul naon, ray poe ray poe ngan hayam jeung hayam, budak gering oge teu karoris, teangn Sahamah bere inget bisi kamalinaan karunya. Sarengsena deresan anu harita ngabahas ayat,’Taya lian kahirupan dunya the ngan anging ka ulinan jeung anu sk ngarampas perhatian kana kaakheratan, nyerep bahasan mama the, karasa malah kai Atam mah meh bijil cai panon, mama nerangkeun tina kitab tafsir Al Munir, fi Aqidah was Syari’ah wal Manhaj, seuratan Al Ustadz Doktor Wahbih Az Zuhaili dekam fakultas Fiqih Islami wa Madzahibiha di unifersitas Damsik.
Haneut moyan ki Sahamah geus jebul di buruan imah kai Adma, kasampak keur nyertrekan si Putridiuk. Sukur ka dieu kuring asa rareuwas, aya naon isuk keneh, rumasa we geus sababaraha poe kuring teu kamasjid, da ieu hayam euweuh anu ngurus jeung mun taya anu ngaheotan atawa nu nyetrekan sok kalah keudul kongkorongokna, geura ieuh urang cetrekan, ngan jung bae kai Adma nangtung bari muril-muril sarungna, kawasna teu karasa yen tadi saba’da salat subuh kabeurangan poho kana kopeah calana colorna dibengkeutkeun kana sirah da asa teu puguh mun salat bari budugul.
Pangaruh nu baheula meureun can beak, da baheula mah cenah teu sah salat bari make calana kolor sarua jeung teu sahna mun salat bari teu dikerepus, nya sakalieun poho teu dikerepus kolor tea we dibengkeutkeun kana sirah.
Teuing kumaha rarasaan kai Adma, hayoh nyetrekan si putrid diuk bari tuluy muril-muril sarung, antukna mah ki Sahamah ngabalieus bari meungpeung ari pamajkan kai Adma ngagorowok bari nanggeuy baki mawa sababaraha gelas cai enteh keur nyuguhan semah, mangerakeun meureun.
Beu,  nepika kituna kai Adma, pamajikanana ngagorowok deui bari nunjuk, ambuiiiiiiing, na kabina-bina teuiiiing.
Adma bri reuwas menerkeun sarungna, malah kakara inget calana kolorna meungkeut keneh dina sirahna, hampura ki Sahamah, omat ulah dibejakeun ka mama ajengan.
Bari ngerot cai enteh haneut na bangku awi diburuan, ki Sahamah nyaritakeun kasauran mama yen baheula jaman Nabi saw. Aya jalma anu ngaran Tsalabah, katonggoykeun ku riab domba jeung ontana nepika cul salat berjamaah poho yen aherat the leuwih alus batan dunya najan kemaha wae rohakana, Tsa’labah lain eling kalah didatangan ku utusan kangjeng Rasul dipenta zakatna oge teu pisan sok, kalawan rupa-rupa alesan.
Ki Sahamah pok deui pok deui, ngelingan yen ni’mat ngadenge kongkorongokna hayam pelung oge tangtu baris dihisab.
Pamajikan ki Adma nempas ; Da ceuk kuring oge lain nyarek resep ngukut hayam ngan ulah katungkulkeun, tepika cul ibadah era bisi nurun ka si ujang.
Geura tarimakeun panggeuing mama ajengan, untung aya keneh anu daek ngelingan.
Majalah al Qudwah 07 Rubrik Hikayat

Rabu, 24 Oktober 2012

KASIKSA BONGAN PERCAYA


Ku KH Usman Shalehuddin
Rengse panen disawah teh kari jaramina ngahuyud, anu subur caina buru-buru dikeueum umumna melak lauk, kitu oge ari caina anu teu ka kotoran ku cai pamiceunan ti pabrik anu sakapeung mah ngalugudur rupa-rupa, kumaha celepna mereun anu diparalidkeun ti pabrik-pabrik teh. Rahayat ges pada apal geugeuleuh pabrik the ulah dipiceunan ka walungan, ngan teuing kumaha pangna cai walungan boro-boro dipake kaperluan rumah tangga laukna oge bau minyak tanah, hangit kaambeuna. Kitu oge lauk anu kuat hirup dina cai kawas kitu. Urang lembur teh salangsara ku cai, sumur siuk saraat tarembong cadasna nu asalna mah beunang disiuk ku gayung jeung herang teu eleh ku cai ledeng.
Urang lembur ngantai ngakutan cai anu dikocorkeun ti pabrik-pabrik, sakitu oge bageur cenah juragan-juragan teh daek mere ngabagi ka urang lembur.
Sawah-sawah anu teu dipolah mun lain usum hujan, jadi garung bereulah tela-tela ngarewag, jadi lahan pangangonan, kitu oge ker anu boga angoneun. Dina usum hese cai mah urang lembur teh ngan kari awewe jeung barudak, kolot-kolot mah arusaha di kota-kota. Aya anu buburuh naktak mundak, ngabeca jeung rupa-rupa deui anu ngahasilkeun ku tanaga kasar. Oge teu kurang-kurang nu palinter dagang.
Anu araya di lembur nyalse, tapi teu kurang-kurang pigaweeun, kayaning barang jieun keur kaperluan sapopoe anu bahan-bahanna ges nyampak.
Ari poe juma’ah sarengse juma’ahan sok ngariung di imah ki Sahamah ti isuk keneh pamajikanna sopk kerah=kerih nyayagikeun anu nyarimpang ba’da juma’ahan tea. Haritamah aya sangu bereum jeung beleum sepat siem, oge ges sayagi seupan daun sampeu campur daun kadingdong seungit make daun walang, sambelna dadakan tarasi cirebon.
Ki Atam tambah era, omat ulah diuwar-uwar mun kuring daharna rada rampus bisi majar mamayu memeh gering.

Selasa, 23 Oktober 2012

PANGARUH ELMU

 Ku: K.H. Usman Shalehuddin
Ari dina usum panen mah urang lembur teh langka anu nganggur, kajaba anu geus karolot, geus teu karuat angkat jungjung. Tapi ari kitu mah bebersih ngalelening buruan nyesegan pager menerkeun cai sangkan balong teu kasaatan tara kungsi ku anu sejen. Sakelieun aya semah atawa sakeliuen aya riungan, keur anu baroga empang mah teu kudu hese nyiar, ngan kari nyiuk, mujaer mah biasana teu kudu melak oge tara kungsi kurang alaeun.
Sarengsena salat subuh berjama’ah, geus breg ka sawah rata-rata anu darerep, keur anu garetol mah ladang derep oge aya anu boga teundeun bekel keur nyanghareupan paceklik, ulah kungsi nguyang atawa uclak-eclok, komo kudu make kudu nginjeum duit renten, kapan teu kurang-kurang kaalaman, mun seug teu kabayar teh dina waktu anu dijangjikeun, geus puguh ari dosana mah, boroh teh tepika lapurna.
Ari lalega sawahna digarap ku anu narengah, ladangna medah-meduh buruan pinuh ku poe pare geus garing diampihkeun ka leuit numpuk karung-karung pelat hejo. Atuh puguh we, ari usum keur baroga bekel mah lembur teh haneuteun. Malah loba anu hajat, nu nyunatan, nu ngawinkeun, malah keur anu baleunghar mah sok make tatanggapan, tapi ari keur anu hirupna jajar pasar mah cukup we ku ngayakeun riungan, paribasa sok asal salamet, da ari nurutkeun syere’atna mah saur mama ajeungan oge asa teu kudu riweuh-riweuh teuing, komo teupika kudu bebeakan, bari nganjuk ngahutang.
Kai Sahamah minangka kokolot anu sok kapuntangan ku jalma ani keur aya pangabutuh, harita keur riweuh ngampihkeun ladang panen. Salianti sawah sorangan jeung ti sawah beunang nengah, ma’lum jalma anu kapercaya anu baleunghar ti dayeuh. Sabiwir hiji Kai sahamah teh jalma anu jujur, bruk-brak tara aya nu disumputkeun najan ukur sarawu.
Ari ngaluarkeun jakatna geus badami jeung anu kagungan, sapamedangan da puguh umaku ummat Rasulullah geus natrat dina Kuran geus dicontoan ku kang jeung Rasul katut para sahabat anjeunna. Kangaranan jalma iman piraku teu sieun ku ancaman naraka anu sakitu beuratna. Saur mama ajengan nalika anjena nerangkeun kumaha adzab kubur keur jalma anu teu ngaluarkeun zakat. Baris disampeurkeun ku oray anu huluna lain ngan hiji, baris teu reureuh macokan bari ngaleglegan dagingna, daging hak pakir miskin katut asnaf anu sejena anu sejena kabawa ka aherat. Dina mangsa hirup luyuh-layah bru dijuru bro dipanto ngalayah di tengah imah, tapi kadahar henteu, kainum henteu kapake henteu, ngan kari tanggungjawabna, dan bongan di dunyana jadi milikna.
Dina ngaluarkeun zakat tea, kai Sahamah sok aya jalma anu dipercaya pikeun aras-urus, gawe kasar mereskeun saha-saha anu hak narima. Mama ajengan tara pipilueun, anjeuna mah ngan maparin patwa-patawa sangkan teu kaluar angin pikeun anu hakna. Kai Adma jeung kai Atam sok mineung bagian minangka amilin. Zakat teh layah-luyuh, sabab dileumbur eta mah, sarerea ngaluarkeun zakat teh sok digundukkeun di kai Sahamah, minangka kapercayaan sarerea. Sabagian sok disimpen di tempat anu kawilang kajaga, keur cengcelengan dina mangsa jalma-jalma keur loba anu kudu ditulung, pangpangna jalma anu kedesek ku pangabutuh, sabab aya musibah jeung kaabus jalma anu aya hak pikeun narima, mustahik tea ngarana.
Sabagian aya anu diheulakeun dipisakeun, eta mah tanggungjawab mama ajengan nyaete keur hak fi sabilillh. Saha anu hak narimana, aya sababaraha urang anu biasa dibawa badami. Di leumbur eta aya jalma-jalma anu sapopoena ngan ngurus kapentingan agama, kayaning pangajian, ngawuruk barudak, malah dipentingkeun pikeun keur anu geus aya kaahlian dina nala’ah kitab-kitab, unggal taun aya anu bagian anu dipisahkeun keur ngayakeun kitab-kitabna. Da kapikir ku sarerea oge, aru teu nyampak kitab-kitabna mah anu ngurus agama teh ngan kitu jeung kitu moal aya undakna. Saur mama, jihad anu enya mah nyaeta jihad dina widang elmu, dan najan sumanget oge ari bodo mah sok lain tuturkeuneun, leuwih ti kitu ari masyarakat engges dina kabodoan mah nya teu kudu aya pamingpin.
Mama ajengan kacida ngomat-ngomatna, saurna ka anu sok miwuruk miwulang, “Kade ulah jadi guru anu doraka, ari barudak unggal usik teu reureuh-reureh dijurungkeun sangkan getol buca-baca, ari guruna teu meus-meueus acan, atuh nya bakal kumaha santri-santrina, unggal taun ngan kitu keneh-kitu keneh taya paningkatan. Tah anu kieu sok disebut guru beku teh, maun dina cai mah teu ngalir akibatna jadi bau, jadi sumber kasakit ka anu ngarulik, nya hasud te angarana, lain nuturkeun atawa nurutan, kalah kitu wae umur teh beak dipake ngobrolkeun kateugenah.”
Urang lembur eta agul dumeh santri-santrina palinter, maca kitabna lancar da anu kesebut pasantren mah moal teu kagambar anging kitab-kitab, jeung geus katoong pangabisana. Jadi ? kungsi masantren kudu ngurus jeung ngatur pasantren. Teu kasawang mun santri teu ngarti tangtu nanyakeun ka ustadna, mun ustadna teu ngarti nanakeun ka pamingpinna, mun pamingpinna teu ngarti nanyakeun ka anu ngaturna, kumaha mun anu ngaturna wae teu meueus-meueus acan ka alif, ba, ta, cek anu poksang mah, maksakeun maneh ngimaman oge maca fatihahna salah tujuh.
Dina riungan pikeun nyalurkeun zakat tea, diutamakeun keur kitab-kita, sabab geus mufakat urang lembur eta, unggal taun kudu aya nu dibeuli dipasrahkeun ka anu geus katembong bener-bener bisa muthala’ahna, jujur, ihlas, jeung enya mangfa’at keur ummatna.
Pareng dina usum morekat, ahli masjid samiuk, anu biasa digarawe buburuh boh macul boh ngored, malah aya anu ngaborong ti mimiti macul tepika ngarambet mindo, saparapat tina ladangna diestokeun keur kapentingan pasantren. Da marenehna geus ngalarti, keun bae cenah anu ngalajar mah engtong diganggu, ngarah jongjong ngulik, entong diganggu ku ngabagi-bagi waktu pikeun mikirkeun usaha nyumponan bubutuh rumah tanggana. Kasauran Mama Ajengan diestoken pisan sakumaha anu kaunggel dina Kuran. Ku sumangetna ngahadiran pangajian, salat berjama’ah masing-masing ngan hayang tutulung rebo ku amal soleh moal isin mayunan dina Yaumal Hisab. Lembur teh sepi tingtrim tengtrem ayem, karasa kasauran Mama Ajengan yen jalma iman mah teu beda jeung hiji wangunan diri, mun seug ngarasa nyeri najan indung suku oge karasana ku sakabeh awak. Kitu dawuh kang jeng Rasul. Karasana pangaruh anu berelmu, kama’muran masjid, gede pangaruhna kana kama’muran jalma-jalma nu aya dilembur eta. Ieu pisan kawasna anu diwangun ku hirup berjama’ah, pamingpin salawasna karasa aya najan teu katembong jentulna, keur jalma iman mah kasauran Rasul teh teu kantos pupus, karasa pisan. najan sorangan di mana bae aya saja’ahna sareng kang jeng Rasul katut para sahabatna, satungtung cekel kana warisan anjeuna, Kuran jeugn Sunnah.