Ku : K.H. Usman Salehuddin
Di salembur ete mah taya dua kai Adma anu sohor lain wungkul ka anu
deukeut ka anu jauh oge ma’lum ari beja sok leuwih harus manan goong,
sohor hayam pelungna da ete we ku harus-harusna beja majar the hayam
piaraan kai Adma mah mun kongkorongokna meletek panon poe eureun-eureun
wanci lohor tepika pamatukana adek kana taneh, cacakan mun
kongkorongokna sisi lombang mah meureun aya tuluyna.
Malah aya anu sabiwir hiji anu katelah si Putridiuk panghadena,
pangluisna, panglucuna, asal diheotan, jol der we kongkorongok. Geus
lain basa keuneun ku lucuna, ceuk anu ngaromongmah,’Piraku teu hade
hayam pelung turunan ti cibegol soreang anu anggapana ngan dua
pangulinan hayam ti kabupaten Bandung, oge di lembur eta pisan aya
pasantren anu santri-santrina unggal poe maraca jeung ngarulik
kitab-kitab koneng, sesepuhna Akeh Romli anu ngentreng elmu haditsna.
Malah ahli dina pasilatan.
Memeh ka masjid sakitu geus kadenge adzan kai Adma the lain buru-buru
tuluy ka masjid, kalah nyimpang heula nyetrekan atawa ngaheotan hayam
pelungna nya geus puguh ari ka si Putridiuk mah, jadi sok mindeng leuir
ampir tiap subuh ngan ngamasbok jeung ngamasbok bae, bari kumama geus
diterangkeun yeun,’Sing saha anu milu salat berjama’ah teu meunang salat
sunat naon bae oge upama komat geus dibacakeun, jeung deui kapan mama
oge nerangkeun yen,’Dua rakaat qabla shubuh the lewih alus batan dunya
jeung eusina, nya mana komo ari dibandingkeun jeung hayam pelung mah.
Pamajikan kai Adma sok teu bosen ngingetan pangpangna dina waktu
salat Ashar mani geus geregeuten, cacakan mun lain ka kolot haying
ngaplok tinya ku gagang sapu, da ray poe ray poe kitu wae
ngintip-ngintip panon poe rek surup. Ku pamajikan kai Adma asa kadenge
wae kasauran mama dina pangajian ,’Sing saha anu ninggalkeun anu
ninggalkeun salat Ashar estu geus ludes amalna poe eta”. Kai Adma the
geus puguh berjama’ah, ka dieunakeun mah geus tara kaburu sabab katambah
ku sababaraha bikang nu malalegar.
Saba’da salat subuh poe jum’ah mama naroskeun kai Adma, Sahamah!
Kamana Adma tara-tara ngambay salat jama’ahna, bejana keur suhud ngurus
pelung kadengena cul naon cul naon, ray poe ray poe ngan hayam jeung
hayam, budak gering oge teu karoris, teangn Sahamah bere inget bisi
kamalinaan karunya. Sarengsena deresan anu harita ngabahas ayat,’Taya
lian kahirupan dunya the ngan anging ka ulinan jeung anu sk ngarampas
perhatian kana kaakheratan, nyerep bahasan mama the, karasa malah kai
Atam mah meh bijil cai panon, mama nerangkeun tina kitab tafsir Al
Munir, fi Aqidah was Syari’ah wal Manhaj, seuratan Al Ustadz Doktor
Wahbih Az Zuhaili dekam fakultas Fiqih Islami wa Madzahibiha di
unifersitas Damsik.
Haneut moyan ki Sahamah geus jebul di buruan imah kai Adma, kasampak
keur nyertrekan si Putridiuk. Sukur ka dieu kuring asa rareuwas, aya
naon isuk keneh, rumasa we geus sababaraha poe kuring teu kamasjid, da
ieu hayam euweuh anu ngurus jeung mun taya anu ngaheotan atawa nu
nyetrekan sok kalah keudul kongkorongokna, geura ieuh urang cetrekan,
ngan jung bae kai Adma nangtung bari muril-muril sarungna, kawasna teu
karasa yen tadi saba’da salat subuh kabeurangan poho kana kopeah calana
colorna dibengkeutkeun kana sirah da asa teu puguh mun salat bari
budugul.
Pangaruh nu baheula meureun can beak, da baheula mah cenah teu sah
salat bari make calana kolor sarua jeung teu sahna mun salat bari teu
dikerepus, nya sakalieun poho teu dikerepus kolor tea we dibengkeutkeun
kana sirah.
Teuing kumaha rarasaan kai Adma, hayoh nyetrekan si putrid diuk bari
tuluy muril-muril sarung, antukna mah ki Sahamah ngabalieus bari
meungpeung ari pamajkan kai Adma ngagorowok bari nanggeuy baki mawa
sababaraha gelas cai enteh keur nyuguhan semah, mangerakeun meureun.
Beu, nepika kituna kai Adma, pamajikanana ngagorowok deui bari nunjuk, ambuiiiiiiing, na kabina-bina teuiiiing.
Adma bri reuwas menerkeun sarungna, malah kakara inget calana kolorna
meungkeut keneh dina sirahna, hampura ki Sahamah, omat ulah dibejakeun
ka mama ajengan.
Bari ngerot cai enteh haneut na bangku awi diburuan, ki Sahamah
nyaritakeun kasauran mama yen baheula jaman Nabi saw. Aya jalma anu
ngaran Tsalabah, katonggoykeun ku riab domba jeung ontana nepika cul
salat berjamaah poho yen aherat the leuwih alus batan dunya najan kemaha
wae rohakana, Tsa’labah lain eling kalah didatangan ku utusan kangjeng
Rasul dipenta zakatna oge teu pisan sok, kalawan rupa-rupa alesan.
Ki Sahamah pok deui pok deui, ngelingan yen ni’mat ngadenge kongkorongokna hayam pelung oge tangtu baris dihisab.
Pamajikan ki Adma nempas ; Da ceuk kuring oge lain nyarek resep
ngukut hayam ngan ulah katungkulkeun, tepika cul ibadah era bisi nurun
ka si ujang.
Geura tarimakeun panggeuing mama ajengan, untung aya keneh anu daek ngelingan.
Majalah al Qudwah 07 Rubrik Hikayat
Tidak ada komentar:
Posting Komentar