Selasa, 23 Oktober 2012

PANGARUH ELMU

 Ku: K.H. Usman Shalehuddin
Ari dina usum panen mah urang lembur teh langka anu nganggur, kajaba anu geus karolot, geus teu karuat angkat jungjung. Tapi ari kitu mah bebersih ngalelening buruan nyesegan pager menerkeun cai sangkan balong teu kasaatan tara kungsi ku anu sejen. Sakelieun aya semah atawa sakeliuen aya riungan, keur anu baroga empang mah teu kudu hese nyiar, ngan kari nyiuk, mujaer mah biasana teu kudu melak oge tara kungsi kurang alaeun.
Sarengsena salat subuh berjama’ah, geus breg ka sawah rata-rata anu darerep, keur anu garetol mah ladang derep oge aya anu boga teundeun bekel keur nyanghareupan paceklik, ulah kungsi nguyang atawa uclak-eclok, komo kudu make kudu nginjeum duit renten, kapan teu kurang-kurang kaalaman, mun seug teu kabayar teh dina waktu anu dijangjikeun, geus puguh ari dosana mah, boroh teh tepika lapurna.
Ari lalega sawahna digarap ku anu narengah, ladangna medah-meduh buruan pinuh ku poe pare geus garing diampihkeun ka leuit numpuk karung-karung pelat hejo. Atuh puguh we, ari usum keur baroga bekel mah lembur teh haneuteun. Malah loba anu hajat, nu nyunatan, nu ngawinkeun, malah keur anu baleunghar mah sok make tatanggapan, tapi ari keur anu hirupna jajar pasar mah cukup we ku ngayakeun riungan, paribasa sok asal salamet, da ari nurutkeun syere’atna mah saur mama ajeungan oge asa teu kudu riweuh-riweuh teuing, komo teupika kudu bebeakan, bari nganjuk ngahutang.
Kai Sahamah minangka kokolot anu sok kapuntangan ku jalma ani keur aya pangabutuh, harita keur riweuh ngampihkeun ladang panen. Salianti sawah sorangan jeung ti sawah beunang nengah, ma’lum jalma anu kapercaya anu baleunghar ti dayeuh. Sabiwir hiji Kai sahamah teh jalma anu jujur, bruk-brak tara aya nu disumputkeun najan ukur sarawu.
Ari ngaluarkeun jakatna geus badami jeung anu kagungan, sapamedangan da puguh umaku ummat Rasulullah geus natrat dina Kuran geus dicontoan ku kang jeung Rasul katut para sahabat anjeunna. Kangaranan jalma iman piraku teu sieun ku ancaman naraka anu sakitu beuratna. Saur mama ajengan nalika anjena nerangkeun kumaha adzab kubur keur jalma anu teu ngaluarkeun zakat. Baris disampeurkeun ku oray anu huluna lain ngan hiji, baris teu reureuh macokan bari ngaleglegan dagingna, daging hak pakir miskin katut asnaf anu sejena anu sejena kabawa ka aherat. Dina mangsa hirup luyuh-layah bru dijuru bro dipanto ngalayah di tengah imah, tapi kadahar henteu, kainum henteu kapake henteu, ngan kari tanggungjawabna, dan bongan di dunyana jadi milikna.
Dina ngaluarkeun zakat tea, kai Sahamah sok aya jalma anu dipercaya pikeun aras-urus, gawe kasar mereskeun saha-saha anu hak narima. Mama ajengan tara pipilueun, anjeuna mah ngan maparin patwa-patawa sangkan teu kaluar angin pikeun anu hakna. Kai Adma jeung kai Atam sok mineung bagian minangka amilin. Zakat teh layah-luyuh, sabab dileumbur eta mah, sarerea ngaluarkeun zakat teh sok digundukkeun di kai Sahamah, minangka kapercayaan sarerea. Sabagian sok disimpen di tempat anu kawilang kajaga, keur cengcelengan dina mangsa jalma-jalma keur loba anu kudu ditulung, pangpangna jalma anu kedesek ku pangabutuh, sabab aya musibah jeung kaabus jalma anu aya hak pikeun narima, mustahik tea ngarana.
Sabagian aya anu diheulakeun dipisakeun, eta mah tanggungjawab mama ajengan nyaete keur hak fi sabilillh. Saha anu hak narimana, aya sababaraha urang anu biasa dibawa badami. Di leumbur eta aya jalma-jalma anu sapopoena ngan ngurus kapentingan agama, kayaning pangajian, ngawuruk barudak, malah dipentingkeun pikeun keur anu geus aya kaahlian dina nala’ah kitab-kitab, unggal taun aya anu bagian anu dipisahkeun keur ngayakeun kitab-kitabna. Da kapikir ku sarerea oge, aru teu nyampak kitab-kitabna mah anu ngurus agama teh ngan kitu jeung kitu moal aya undakna. Saur mama, jihad anu enya mah nyaeta jihad dina widang elmu, dan najan sumanget oge ari bodo mah sok lain tuturkeuneun, leuwih ti kitu ari masyarakat engges dina kabodoan mah nya teu kudu aya pamingpin.
Mama ajengan kacida ngomat-ngomatna, saurna ka anu sok miwuruk miwulang, “Kade ulah jadi guru anu doraka, ari barudak unggal usik teu reureuh-reureh dijurungkeun sangkan getol buca-baca, ari guruna teu meus-meueus acan, atuh nya bakal kumaha santri-santrina, unggal taun ngan kitu keneh-kitu keneh taya paningkatan. Tah anu kieu sok disebut guru beku teh, maun dina cai mah teu ngalir akibatna jadi bau, jadi sumber kasakit ka anu ngarulik, nya hasud te angarana, lain nuturkeun atawa nurutan, kalah kitu wae umur teh beak dipake ngobrolkeun kateugenah.”
Urang lembur eta agul dumeh santri-santrina palinter, maca kitabna lancar da anu kesebut pasantren mah moal teu kagambar anging kitab-kitab, jeung geus katoong pangabisana. Jadi ? kungsi masantren kudu ngurus jeung ngatur pasantren. Teu kasawang mun santri teu ngarti tangtu nanyakeun ka ustadna, mun ustadna teu ngarti nanakeun ka pamingpinna, mun pamingpinna teu ngarti nanyakeun ka anu ngaturna, kumaha mun anu ngaturna wae teu meueus-meueus acan ka alif, ba, ta, cek anu poksang mah, maksakeun maneh ngimaman oge maca fatihahna salah tujuh.
Dina riungan pikeun nyalurkeun zakat tea, diutamakeun keur kitab-kita, sabab geus mufakat urang lembur eta, unggal taun kudu aya nu dibeuli dipasrahkeun ka anu geus katembong bener-bener bisa muthala’ahna, jujur, ihlas, jeung enya mangfa’at keur ummatna.
Pareng dina usum morekat, ahli masjid samiuk, anu biasa digarawe buburuh boh macul boh ngored, malah aya anu ngaborong ti mimiti macul tepika ngarambet mindo, saparapat tina ladangna diestokeun keur kapentingan pasantren. Da marenehna geus ngalarti, keun bae cenah anu ngalajar mah engtong diganggu, ngarah jongjong ngulik, entong diganggu ku ngabagi-bagi waktu pikeun mikirkeun usaha nyumponan bubutuh rumah tanggana. Kasauran Mama Ajengan diestoken pisan sakumaha anu kaunggel dina Kuran. Ku sumangetna ngahadiran pangajian, salat berjama’ah masing-masing ngan hayang tutulung rebo ku amal soleh moal isin mayunan dina Yaumal Hisab. Lembur teh sepi tingtrim tengtrem ayem, karasa kasauran Mama Ajengan yen jalma iman mah teu beda jeung hiji wangunan diri, mun seug ngarasa nyeri najan indung suku oge karasana ku sakabeh awak. Kitu dawuh kang jeng Rasul. Karasana pangaruh anu berelmu, kama’muran masjid, gede pangaruhna kana kama’muran jalma-jalma nu aya dilembur eta. Ieu pisan kawasna anu diwangun ku hirup berjama’ah, pamingpin salawasna karasa aya najan teu katembong jentulna, keur jalma iman mah kasauran Rasul teh teu kantos pupus, karasa pisan. najan sorangan di mana bae aya saja’ahna sareng kang jeng Rasul katut para sahabatna, satungtung cekel kana warisan anjeuna, Kuran jeugn Sunnah.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar