Ku: K.H. Usman Shalehuddin
Ari numutkeun itungan poe mah, geus saratus poe ki Adma ditinggalkeun
maot ku pamajikannana teh, ba'da isya geus rempeg nu rek tahlilan, da
eta cenah kudu parok jeung batur, ulah mahiwal, piraku teu nyaah ka anu
geus euweuh, jeung deui kudu hormat ka karuhun, bilih bendu sok aya
matakna cenah.
Ki Adma eleh geleng belaan uclak-eclok pareaneun, anu itungannana
pare baseuh dibayar ku pare garing, baguer cenah juragan Kim siu mah
berehan, padahal ki Adma geus nyaho yen ku cara kitu teh di caram ku
agama. Teu lila da puguh ngan maca Qullhu bae sababaraha balikan,
sarengsena tuang-leueut bari parantos nyepeng berekat, sesepuh biantara:
"Assalamu'alaekum ka sadaya nu lalinggih, mugi henteu rengat manah,
mung sakieu nu kadugi kantenan kahoyong mah lalawuh langkung ti misti.
Sarengsena dinuhunkeun ku sesepuh tea, sadayana bubar ngan kari ki Adma
kadua budak anu geus tibra.
Memeh tahlilan mah asa geus rada lipur teu kokolebatan wae si jenat
teh, tapi ti harita mah ki Adma teu daek sare, ari tunduhna nataku, ngan
cai panon bae teu reureuh-reureuh. Teu ku hanteu, isuk-isuk haneut
moyan keur diuk digolodog, nya sakumaha biasa wae keur anteng ngalamun,
jol nya nu datang, sampursun ki Adma, keur naon andika teh? Ki Adma
ngarenjag bangun kacida reuwasna, bari rada-rada ngadegdeg "rampes" ki
semah, yap kadieu urang diuk jeung kuring, urang di dieu bae di golodog,
na aya naon geuning isuk keneh, jeung saha kadieu?
Semah teh teu loba wawangkong, ngan pok bae nyaritakeun maksudna. eta
cenah bejana ki Adma teh keur butuh ku anu daek tutulung, pangpangna
mah sangkan ulah inget bae ka si jenat, ma' lum da ari geus euweuh
dikieuna mah nu kaingat teh ngan hadena bae. Ngadenge kitu ki Adma
curinghak, asa mopok manggih gorowong keur naek manggih sesengked.
Kacida atohna kuring teh, sok atuh kudu kumaha? pangpangna mah ieu
sangkan ulah inget wae ka si jenat, jadi teu pararuguh, kitu lain kieu
alin, teu puguh rampa teu puguh cabak. Ki semah daria bari pokna, “Nya
ari kitu mah hayu bae urang nepangan anu uninga, nukieu-kieu bae mah
gampang, estuning sagala tiasa anjeuna mah. Sajebulna ka anu sagala
tiasa tea, ngan daradad si jenat teh bae ku ki Adma dicaritakeun sasat
taya nu kaliwat ti mimiti geringna, panyakitna tepika maotna. Saur anu
sagala uninga tea ''Kieu bae atuh ki tamu, teangan dewegan hejo tina
tangkal anu kakara buahan, heug dibeulah sing sarua ditengah-tengah
kuburannana cai na awurkeun sing rata, nu sabeulah simpen di
siraheunnana nu sabeulah deui di tunjangeunnana.
Kade poho barengan ku maca Qulhu, saenggeus di simpen tuluykeun ku
maca Ya Sin, cukup sabalikan oge, teu kudu dilagukeun dihade-hade da ieu
mah lain Musabakoh, gerendengkeun bae, tah ku kieu teh moal kainget
bae, siga misahna dua beulah dewegan tea.
Dewegan teh beunang hese beunang cape, mahal oge dibeuli, belaan ku
duit rentenaneun, da kanggo nu sagala uninga mah cenah, tong
ngariweuhkeun, cekap ku sarung samarenda jeung kaen saseteleun.
Geus aya samingguna ti harita teh, tapi ki Adma kalah nyileuk bae
unggal peuting parat tepika subuh, malah ayeuna miah katambahan ku inget
bae kana dewegan tea jadi sakalian inget bae ka kuburannana.
Memeh magrib ki Adma indit nepungar ki Sahamah, teu kungsi ditanya
heula ngan daradad bae nyaritakeun ti mimiti kadatangan semah tea tepika
meulah dewegan di kuburan si jenat. Ngadenge kitu ki Sahamah kalah
ngagelenyu bargun nu ni'mat ngadengena, asa ngadenge dongeng bari watir
kana warugana, ngan nya kitu ari ras kana bolohona, sakitu geus milu
ngaji ka mama ajengan, elmu teh asa teu pisan aya napakna.
Subuh-subuh, ki Adma disampeur ku ki Sahamah pikeun shalat subuh
berjama'ah , sarengsena shalat berjama' ah subuh, ki Sahamah ngajejeran
ki Adma balaka ka mama ngadaradad satarabasna kawasna kapalang
carambang, malah ngahaja sangkan atra balaka sajalantrahna.
Saur mama; "Adma ari sakabeh jalma mu’umin teh kabeh oge dulur maneh
eta teh, prak riung mungppulung, ari papanggih jeung anu karasa beurat
teh ulah kalah tuluy ngaringkeb maneh, kawas euweuh badamianeun, jeung
deui kapan enggeus ku kuring dijentrekeun, engtong neukteuk leukeun
meulah jantung, eta mah lain tuduh agama urang, anu kitu mah anu layonna
tuluy diduruk tea.
Teu kudu dipayungan teu kudu dikembangan sagala, eta oge taya tuduhna
ti kangjeng Rasul, boh ku dawuh ku amal atawa ku kapanujuna ka para
shabatna. Nya kitu deui maca Quran surat naon bae oge, taya pisan
patalina jeung baca keuneun ka anu maot, nu aya tuduhna ti Rasul mah,
urang nu hirup wajib ngadu'akeun, bari teu kudu di luhur kuburannana,
da lain nganteuran du'a ka anu maot teh, tapi ngadu'akeun muga Allah
ngahampura dosana, muga Allah nampi amalna, malah sakalian Adma ngadu'a
muga Allah ngagentos ku anu langkung sae.
Geuning saur ahli hikmah, "Nyai akang teh syukur ka Allah sabab boga
pamajikan ka nyai”. Ceuk pamajikanana, "Abdi sabar sabab gaduh salaki ka
akang”. Ceuk salakina; "Atuh ari kitu mah urang babarengan ka Surga nu
sukur jung nu sabar”
Tah kitu Adma, urang ngaderes deui bae satuluyna mah, tong lila-lila
ngaringkeb maneh, heug ku kuring oge didu'akeun boh keur Adma boh keur
Al-Marhumah.
majalah al Qudwah 04 rubrik Hikayat.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar