Ku KH Usman Shalehuddin
Rengse panen disawah teh kari jaramina ngahuyud, anu subur caina
buru-buru dikeueum umumna melak lauk, kitu oge ari caina anu teu ka kotoran ku
cai pamiceunan ti pabrik anu sakapeung mah ngalugudur rupa-rupa, kumaha celepna
mereun anu diparalidkeun ti pabrik-pabrik teh. Rahayat ges pada apal geugeuleuh
pabrik the ulah dipiceunan ka walungan, ngan teuing kumaha pangna cai walungan
boro-boro dipake kaperluan rumah tangga laukna oge bau minyak tanah, hangit
kaambeuna. Kitu oge lauk anu kuat hirup dina cai kawas kitu. Urang lembur teh salangsara
ku cai, sumur siuk saraat tarembong cadasna nu asalna mah beunang disiuk ku
gayung jeung herang teu eleh ku cai ledeng.
Urang lembur ngantai ngakutan cai anu dikocorkeun ti pabrik-pabrik,
sakitu oge bageur cenah juragan-juragan teh daek mere ngabagi ka urang lembur.
Sawah-sawah anu teu dipolah mun lain usum hujan, jadi garung bereulah
tela-tela ngarewag, jadi lahan pangangonan, kitu oge ker anu boga angoneun. Dina
usum hese cai mah urang lembur teh ngan kari awewe jeung barudak, kolot-kolot
mah arusaha di kota-kota. Aya anu buburuh naktak mundak, ngabeca jeung
rupa-rupa deui anu ngahasilkeun ku tanaga kasar. Oge teu kurang-kurang nu
palinter dagang.
Anu araya di lembur nyalse, tapi teu kurang-kurang pigaweeun,
kayaning barang jieun keur kaperluan sapopoe anu bahan-bahanna ges nyampak.
Ari poe juma’ah sarengse juma’ahan sok ngariung di imah ki Sahamah ti
isuk keneh pamajikanna sopk kerah=kerih nyayagikeun anu nyarimpang ba’da juma’ahan
tea. Haritamah aya sangu bereum jeung beleum sepat siem, oge ges sayagi seupan
daun sampeu campur daun kadingdong seungit make daun walang, sambelna dadakan
tarasi cirebon.
Ki Atam tambah era, omat ulah diuwar-uwar mun kuring daharna rada
rampus bisi majar mamayu memeh gering.
Ari caman-cemen heug wae majar kuring keur hareeng jeung karunya ka anu nyuguhan bisi kurang ganjaran sidekahna, malah apdolna mah mun aya sesana rek dibawa pikeun barudak.
Ari caman-cemen heug wae majar kuring keur hareeng jeung karunya ka anu nyuguhan bisi kurang ganjaran sidekahna, malah apdolna mah mun aya sesana rek dibawa pikeun barudak.
Ki Adma ngareret ka Ki Atam, hampura tam! Kuring tinggaleun ka nyaho
ku Atam, loba pisan pangalaman Atam teh gening, paingan mun kana gawe sok ulah
ku batur. Da eta we sakalieun menerkeun kenteng masjid oge apanan tara ku saha
nyaho-nyaho ges beres, tadi oge isuk-isuk ngomekeun kenteng bocor teh ku anu
sejen sabab Atam ker hareeng cenah. Ki Sahamah apal kana adat Ki Atam, teu beda
jeung pejabat nagara mun rek dipariksa alatan maling duit sok ngadadak teu
damang, mastakana dibuded ku tiung anduk.
Bari cacamuilan ki Atam ngawangkong aya bom, malah aya berita cenah
baris kajadian di ditu di dieu, atuh anu berwajib di tumplekkeun keur nagajaga
anu dicuriga. Anu lalar liwat diawaskeun diperiksa bisi aya bahan-bahan bom. Anu
di bagean indonesia wetan tea, cenah can ka tewak jalmana, tapi ges loba
jalma=jalma anu dipariksa keur saksi. Eta deuih anu aruninga gaib jeung ngaku
boga energi tulak bala tea, teu kecet-kecet kawas eweuh kanyaah ka bangsa
sorangan sakitu diawut-awut ku rupa-rupa pamolah anu sakitu ngabahayakeun. Tam!
Sok tambah dai bisi kaduhung, keun bae anu amisna mah ulah waka direretan da
geus ngajagrag ieuh, moal wara diampihan.
Rengse nagriung nuluykeun obrolan bari ngeureuyeuh anu amis. Ki Adma
anu atatadi can nyarita ngan pok bae mairan obrolan. Sakieu ker riweuh, eta
kekeuh anu moro jurig, tapi ayeunamah ges areureun baroga keneh ka era mereun.
Kuring mah sakalieun lalajo oge asa karo-karo ngabandungan
jalma-jalma anu garering. Ges sakitu lobana jin jeung jurig anu dibotolan
teuing dimana eta botol-botol the. Moal kitu
tuluy duijarual mah lumayan sabaraheun sakalian ka jual jeung jurigna, heug wae
di pake ngabotolan cai inumeun atuh ka inum jeung jurigna nyakitu deui mun di
pake ngabotolan kecap nya tangtu ka cocol jeung jurigna, paingan jalma-jalma
loba nu jaradi gerembul. Ngadenge kitu ki Atam ngareret kasindiran, anu harita
beubeur sarungna rada dilogoran.
Ki Sahamah anu titadi can nyarita, mimiti aya komentar, eta kuring
mah ngarasa reueus ku waranina, kawas nu heeuh sagala nyaho ngubaran jalma anu
di luar negri oge kasawang, timana boga elmu jeung dimana kungsi diajarna boga
elmu kitu, sakumaha teuing guruna kawasna mah nyawang alam kubur oge bisa, ngan
urang kudu percaya we ka jalma kitu teh.
Tuluy dai ngubaran, kudu maca surat anu sakitu kali, kasakit hese
kiih kudu maca surat sakitu kali tuluy ditiupkeun kana cai herang heug
dibalurkeun atawa tuluy di uyup.
Untung urang daek ngaji ngeureuyeuh sabeunyeureun sabeseun menang pangajaran ti Mama Ajengan, mun seug teu diajar mah urang teh baris kabawa musrik naraka tea bageanana eta teh.
Untung urang daek ngaji ngeureuyeuh sabeunyeureun sabeseun menang pangajaran ti Mama Ajengan, mun seug teu diajar mah urang teh baris kabawa musrik naraka tea bageanana eta teh.
Saur Mama Ajengan oge dina ngabahas tauhid tina kitab Fathul Majid,
sakitu jentrena geuning. Ges puguh saur imam Syafi’I jalma anu ngaku nempo jin teh
batal sahadatna. Tuluy deuih kuran di obok-obok ceuk basa ayeuna mah, atuh jadi
lecek seumanget urang Islam leungit pikeun ngamalkeun di dunya jeung di
akherat.
Ari ieu kalah dipake ngubaran nu gering, ka sakit naon wae bisa ku
maca surat anu surat anu.
Ngadenge kitu ki Atam mureleng, enya jalma-jalma kieu anu ngaruksak
agama Islam teh, kuring mah yakin jalma-jalma anu sok maroro jurig teh piraku
sugan ari daraek keneh salat mah jadi jalma gering kitu.
Bari tungkul ki Adma nyarita, Alhamdulillah, urang bagja meunang elmu
ti mama, cacakan teu daek pisan ngaji mah urang teh baris milu moro jurig tea
mereun, boa-boa eta jalma teh bakal kitu satuluyna bisa ngomong jeung meta sorangan. Nyai! Hampura kuring rek
tuluy ngala parab can boga jukut.
Pamajikan ki Sahamah ngamanggakeun bari ketembong ladang capena teh katarima.
Enya urang sukur ka Allah, poe ieu aya rezeki urang anu kadahar ku batur, da
saur mama oge, najan teu dibikeun oge can puguh tambah banda nu aya.
Majalah Al-Qudwah No.72
Tidak ada komentar:
Posting Komentar