Pariabasa ieu dicutat
tina buku Peperenian Urang Sunda yasana Rachmat Taufik Hidayat saparakanca nu
diterbitkeun ku Penerbit Kiblat taun 2005, lamun meunang ijin pikeun ditulis
didieu rek dituluykeun lamun hanteu bakal dicabut.
A
1. Abang-abang lambe Ukur ngagenahkeun batur
wungkul.
2. Abong biwir teu diwengku, abong letah teu
tulangan Ngomong henteu dipikir heula, tungtungna matak pikanyerieun batur.
3. Adam lali (ing) tapel Jelema nu geus poho
ka baraya jeung poho ka lemah caina sorangan.
4. Adat kakurung ku iga Laku lampah kurang
hade ami hese di-leungitkeunana.
5. Adean ku kuda beureum Ginding ku
papakean/barang beunangnginjeum, atawa agul ku banda batur.
6. Adep-hidep Kumawula (ka salaki).
7. Adigung-adiguna Gede hulu, boga rasa leuwih
punjul ti batur,kaciri dina laku lampah jeung omonganana.
8. Adil palamarta Kacida adilna.
9. Adu telu ampar tiga Nu aya perkara
diriungkeun atawa nu jual-beuli.
10. Agul ku payung butut Jalma nu sok agul
nyaritakeun yen manehna turunan menak baheula, sanajan ayeuna hirupna taya
kaboga.
11. Ahli leleb Tukang baranghakan.
12. Ajak jawa Ngajak bari ukur tamba, lain
saenyana, dapon ngeunaheun batur.
13. Akal bulus Akal licik, akal jahat,
14. Akal koja Pinter dina kagorengan.
15. Aki-aki tujuh mulud Geus kolot pisan.
16. Aku-aku angga Ngan saukur ngaku ngarasa
nu boga, padahal saenyana mah milik batur.
17. Alak paul Kacida jauhna.
18. Alak-alak cumampaka Niru-niru atawa
hayang nyaruaan saluhureun; pupujieun; ieu aing.
19. Allah mah tara nanggeuy ti bongkokna
Allah moal mihak ka jalma nu boga dosa.
20. Along-along bagja Teu tulus meunang
bagja.
21. Alus laur hade ome Tegep dedeg pangadegna
(boh awewe boh lalaki).
22. Alus panggung Hade dedeg pangadegna.
23. Ambek nyedek tanaga midek Kacida ambekna
ngan teu bisa ngalawan lantaran moal pikuateim.
24. Ambek sadu santa budi Saleh hate, lemes
budi, sabar darana.
25. Ambekna sakulit bawang (sakecap kadua
gobang) Babari ambek rosa.
26. Ambon sorangan Bogoh sosoranganan, teu
dilayanan.
27. Amis budi Hade budi parangi, someah, mun
nyarita sok dibarung ku imut.
28. Amis daging Babari pisan katerap kasakit
29. Anak dua keur gumunda Awewe nu karek boga
anak dua, keur meujeuhna tegep, pikabogoheun.
30. Anak emas Anak anu kacida dipikanyaah ku
kolotna, atawa pagawe anu kacida dipikanyaah ku dununganana.
31. Anak hiji keur gumeulis Awewe" nu
karek boga anak hiji, katenjona teh sok beuki geulis bae, komo nu bisa ngurus
awak mah.
32. Anak merak kukuncungan Kahadean atawa
kagorengan anak ngala ka indung-bapana.
33. Anak tilu keur kumusut Upama geus boga
anak tilu, awewe nu teu bisa ngurus awak katenjona sok karusut, geus teu pati
luis.
34. Anggeus-anggeusan Bebeakan.
35. Anjing ngagogogan kalong Mikahayang nu
pamohalan kalaksanakeun.
36. Anjing nyampeurkeun paneunggeul
Ngadeukeutan nu rek mahala.
37. Anu burung diangklungan, anu gelo
didogdogan, anu edan dikendangan Anu gedebul dihanu'nan, supaya tambah maceuh.
38. Apal cangkem Apal tapi teu nyaho hartina.
39. Ari diarah supana, kudu dijaga catangna
Ari aya barang nu diala hasilna kudu daek ngurusna.
40. Ari umur tunggang gunung, angen-angen
pecat sawed Najan umur geus kolot, kahayang kawas nu ngora.
41. Asa aing uyah kidul Boga rasa panggindingna,
pangkasepna, pangtegepna atawa pangpunjulna.
42. Asa bucat bisul Ngarasakeun lugina
sanggeus ngarengsekeun pagawean anu beurat, atawa sanggeus lesot tina kasusah.
Asa dijual teu payu Cuang-cieung euvveuh
batur lantaran ditinggalkeun di panyabaan ku anu ngajakna.
43. Asa dina pangimpian Rarasaan keur ngimpi
awahing helok padahal keur nyaring.
44. Asa dipopokan tai Ngarasa pohara
diwiwirangna.
45. Asa dipupuk birus Ngarasa tibra hate.
46. Asa ditonjok congcot Kacida atohna,
bungah meunang rejeki nu teu disangka-sangka.
47. Asa ditumbu (katumbu) umur Kacida atohna,
lantaran dibere barang anu kacida dipikahayangna atawa ditulungan dina keur
meunang kasusah.
48. Asa euweuh beungeutan Kacida erana.
49. Asa kabur pangacian Kacida reuwasna, nepi
ka teu puguh cabak; asa leungit sumanget
50. Asa kagunturah madu kaurugan menyan putih
Kacida bungahna jeung kacida bagjana.
51. Asa katindihan langit Henteu aya harepan.
52. Asa kiamat Pohara sedihna jeung susah
luar biasa.
53. Asa mobok manggih gorowong Kabeneran aya
jalan pikeun ngahasilkeun usaha nu keur dipaju.
54. Asa nyanghulu ka jarian Teu ngeunah rasa
lantaran kudu nga-dunungan ka jalma nu sahandapeun pangartina atawa harkat
darajatna.
55. Asa peunggas rancatan Leungiteun batur nu
sok nalang dina pagawean.
56. Asa potong (pingges) leungeun katuhu
Leungiteun jelema nu kacida gede gawena, kacida dipikabutuhna.
57. Asa rawing daun ceuli Mindeng ngadenge
omongan anu henteu ngeunah.
58. Asa teu beungeutan Era kacida.
59. Asa tungkeb bumi alam Kacida bingungna.
60. Asak jeujeuhan Dipikiran heula masing
anteb.
61. Asak sasar Dipaluruh bener-henteuna.
62. Asak warah Hade atikan, basa jeung
paripolahna merenah.
63. Atah adol Kurang ajar, kurang pangawarah.
64. Atah anjang Langka silih anjangan.
65. Atah warah Kurang atikan, sabalikna tina
asak warah.
66. Ateul biwir Sok getek hayang bae ngomong
sanajan teu perlu dicaritakeun.
67. Ateul dampal leungeun Gereget hayang
nampiling.
68. Ati mungkir beungeut nyanghareup Caritaan
jeung kalakuan henteu terus nepi kana hate, sabab di hareupeun hade di
tukangeun ngagorengkeun.
69. Ati putih badan bodas Beresih hate, taya
geuneuk-maleukmeuk.
70. Atung eneh atung eneh Kitu-kitu ken£h.
71. Aub payung sabet sapon saba-soba
Nuduhkeun wawatesan pakuwon.
72. Awak kawas badawang Jangkung gede teu
matut.
73. Awak sabeulah Henteu boga salaki atawa
pamajikan.
74. Awak sampayan(eun) Make pakean kumaha oge
pantes bae.
75. Awak satilas Jangkung lenjang.
76. Awet jaya (ngora) Katenjona siga ngora
bae.
77. Awet-rajet Dilarapkeun ka nu laki-rabi,
lana tapi rea paceng-kadanana.
78. Awewe mah dulang tinande Awewe mah
biasana kumaha lalaki/salaki.
79. Awewe mah tara cari ka Batawi Awewe mah
tara nyiar kipayah.
80. Awi sadapuran tara lempeng kabeh Najan
sarua saturunan, tapi perkara milik jeung rejeki mah tara sarua.
81. Aya (boga) garad Aya maksud nu dikemu,
aya nu dipambrih, henteu iklas.
82. Aya astana sajeungkal Datangna ajal teu
gumantung kana umur panjang. Naon-naon anu dianggap jajauheun, bisa wae
kajadian.
83. Aya bagja teu daulat Rek meunang
kauntungan atawa kabagjaan, tapi henteu tulus.
84. Aya buntutna Aya terusna (tina perkara)
anu nguciwakeun.
85. Aya cukang (jalan) komo meuntas Kabeneran
aya cukang lantaran pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan.
86. Aya dina sihung maung Dilarapkeun ka
jelema nu loba hubungan jeung gegeden, jadi gampang meunang pitulung.
87. Aya gantar kakaitan Aya hal arm teu sapuk
jeung hatena tapi teu dikedalkeun, henteu iklas pisan; atawa aya perkara atawa
kajadian riaon-naon nu pasambung jeung kajadian anu ti heula.
88. Aya jalan komo meuntas Aya cukang
lantaran pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan.
89. Aya jodo pakokolot Bisa ngajodo sanggeus
papada kolot.
90. Aya jurig tumpak kuda Datang milik anu
henteu disangka-sangka.
91. Aya kelong newo-newo Aya anu ngusutkeun
(ngarorocet), padahal geus beres pisan tadina mah.
92. Aya nu dianjing cai Aya nu diheroan.
93. Aya (boga) pikir kadua leutik Aya
kahayang anu henteu kanyahoan ku batur, upamana hal kacintaan.
94. Aya (boga) pikir kapingburi Aya kahayang
anu timbul pandeuri; asal teu hayang jadi hayang, sanggeus lila
ditimbang-timbang.
95. Ayakan tara meunang kancra Jelema bodo
moal sarua gajihna atawa panghasilanana jeung jelema pinter.
96. Ayak-ayak beas, nu badag moncor nu lembut
nyangsang Nuduhkeun kaayaan anu teu sawajarna upamana bae anu dihukum teh anu
teu pira kasalahanana, ari nu gede kasa-lahanana teu dihukum.
97. Ayang-ayangan Tumerap kana perkara anu
rea rambat kamalena.
98. Ayem tengtrem Euweuh kaributan atawa
bancang pakewuh.
99. Ayeuh ngora Tumerap kana turunan nu
maraot ngora-ngora.
PARIBASA SUNDA BCD
B
1. Babalik pikir Ngarobah lampah goreng kana
hade.
2.
Babanteng jurit Pamanggul jurit.
3. Babon kapurba ku jago Awewe kudu nurut ka
salaki.
4. Badak Cihea Degig, tara nanya.
5. Bagja kamanyangan Bagja gede.
6. Bahe carek Gampang nyarekan.
7. Balabar kawat Saembara.
8. Baleg tampele Mojang anu keur mangkat
beger, tapi eraan keneh lamun panggih jeung lalaki.
9. Bali geusan ngajadi Lembur matuh, lemah
cai, tempat lahir.
10. Balik jarami Ngagarap sawah anu kakara
anggeus dipibuatan.
11. Balik ngaran Maot di lembur batur.
12. Balung kulit kotok meuting Kanyeri
baheula ten leungit-leungit, henteu beresih pisan hatena, masih keneh
ngunek-ngunek.
13. Balungbang timur caang bulan opat welas,
jalan gede sasapuan Rido, iklas, suka pisan.
14. Bancang pakewuh Pikasusaheun,
picilakaeun.
15. Banda sasampiran, nyawa gagaduhan Ulah
boga angkeuhan yen banda jeung nyawa bisa diatur ku urang.
16. Banda tatalang raga Leuwih hade
ngorbankeun harta, tibatan cilaka awak.
17. Bangkong kolentang Sagala euweuh, teu
boga duit pisan.
18. Banteng ngamuk gajah meta Kajadian atawa
ririweuhan anu dipikasieun jeung dipikagigis.
19. Banting tulang Digawe popohoan.
20. Bapa heman Taya panarima, taya pamales
budi ka nu geus nyieun kahadean.
21. Batan kapok kalah (anggur) gawok Kalah
beuki maceuh.
22. Batok bulu eusi madu Henteu cocog jeung
panenjo; siga bodo tapi pinter, siga miskin tapi beunghar jeung sajabana.
23. Batok kohok piring semplek Paparabotan nu
taya hargana.
24. Batu turun keusik naek Cangkang
sisindiran nu hartina itu purun kuring daek, dilarapkeun ka jalma anu sarua
micintana.
25. Batur ngaler ieu ngidul Lain-lainna deui
jeung nu keur diomongkeun ku batur.
26. Bau-bau sinduk Baraya keneh sanajan laer.
27. Beak dengkak Geus beak tarekah.
28. Beak ka lebu-lebuna Ledis, teu nyesa
saeutik-eutik acan (harta banda).
29. Bear budi Gumbira.
30. Bebek ngoyor di sagara, rek nginum
neangan cai Lubak-libuk tapi henteu bisa kapake lantaran lain hakna.
31. Bedah bendungan Kalah wowotan ku gogoda
nu pohara.
32. Bengkok tikoro Teu kabagean kadaharan
istimewa, lantaran teu datang atawa geus beakeun manten.
33. Bengkung ngariung bongkok ngaronyok
Kajeun ripuh asal teu jauh jeung anak-incu.
34. Bentik curuk balas nunjuk, capetang balas
miwarang Kabisana ngan nitah, teu daek prak sorangan.
35. Beres roes Runtut raut (nu laki-rabi).
36. Beulah hoean Siga hoe dibeulah, tonggong
munding nu lintuh pisan.
37. Beungeut nyanghareup ati mungkir Henteu
terus jeung hate.
38. Beunghar memeh boga Loba kahayang nu teu
saimbang jeung kaayaandirina.
39. Beurat birit Hese ditutah-titah, kedul.
40. Beurat nyuhun beurat nanggung Kacida
tumarimana.
41. Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat
narimakeun inya Kacida narimakeunana kana kahadean batur, lantaran ditulungan
dina waktu keur kacida butuhna.
42. Beureum paneureuy Hese pisan hasil
maksud.
43. Beuteung anjingeun Beuteung anu gede ka
luhur.
44. Beuteung mutiktrik berekat meunang Dahar
seubeuh di nu hajat, ari balik mawa berekat.
45. Beuteung si eta mah ruas bungbas Teu aya
kaseubeuhan.
46. Bihari ngalingling pasir, ayeuna
ngalanglang pasar Jaman geus robah, jelema oge loba nu ganti pacabakan, atawa
robah-robah tingkah lakuna.
47. Bilatung ninggang dage Jelema teu jujur
meunang kadudukan atawa kasempetan anu matak nguntungkeun keur dirina.
48. Birit aseupan Jelema nu diukna teu daek
cicing, nyanggeyeng ka ditu, nyanggeyeng ka dieu.
49. Bisa ka bula (bala) ka bale Bisa campur
jeung jelema ti rupa-rupa golongan, atawa bisa gawe kasar jeung gawe lemes.
50. Bisa lolondokan Bisa nuturkeun adat
sakarep batur supaya akur, bisa ula-ilu.
51. Bisi aya ti cai ti geusan mandi Bisi aya
nu kasigeung atawa ka-toel mamaras rasana.
52. Biwir aweweeun Sok ngedalkeun kecap-kecap
nu kurang hade.
53. Biwir nyiru rombengeun(bbs): Sagala
dicaritakeun anu saenyana kudu dirasiahkeun.
54. Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah
Darma nepikeun maksud batur, lain niat sorangan.
55. Bobo sapanon carang sapakan Teu puguh
undak-usukna, teu beres entep seureuhna; eta babasan sok dipake pamungkas
carita, sasadu bisi salah pok-pokanana atawa pereleanana.
56. Bobor karahayuan Katarajang apes, cilaka,
atawa meunang kasusah.
57. Bobot pangayon, timbang taraju
Pangadilan, timbangan nu adil.
58. Bodo alewoh Bodo tapi daek tatanya.
59. Bodo katotoloyoh Tara daek tatanya, tara
daek nurut kana nasehat batur.
60. Boga pikir rangkepan Henteu bolostrong,
henteu ujug-ujug percaya kana omongan batur anu manis.
61. Boga sawah saicak Boga sawah saeutik.
62. Bogoh nogencang Bogoh sosoranganan, teu
dilayanan.
63. Bohong dirawuan Kacida rahulna.
64. Bojo denok sawah ledok Hirup senang
lantaran boga pamajikan tegep jeung banda cukup.
65. Bongkok meongeun Semu bengkung ka tukang
palebah cangkeng (awewe).
66. Bonteng ngalawan kadu Nu leutik ngalawan
ka nu gede.
67. Borangan ku surak Eraan dina gempungan
jalma rea.
68. Bosongot bade amprotan Pikagigiseun (kana
beungeut), pikagimireun, pasemon jagoan.
69. Bru di juru, bro di panto, ngalayah di
tengah imah Jalma beunghar nepi ka barangteundeun teu puguh tempatna sabab
barangna loba.
70. Buah ati/buah hate Kakasih.
71. Bubu ngawaregan cocok Mere nasehat atawa
nyieun aturan anu balukarna nguntungkeun sorangan.
72. Buburuh nyatu diupah beas Neangan
pangarti bari meunang tunjangan, meunang dua rupa kauntungan.
73. Budak bau jaringao keneh Budak can aya
kanyaho, budak olol-leho.
74. Budak olol leho keneh Pamoyok ka jalma
ngora nu tacan boga pangalaman dina pagawean.
75. Budak rodek hulu Budak can aya kanyaho.
76. Budi santri legeg lebe, ari lampah
euwah-euwah Jelema anu omongan jeung kalakuanana kawas enya jelema bener,
padahal saenyana mah jahat.
77. Bujang jengglengan Jajaka tulen sarta
tegep.
78. Bujang tarangna Lalaki anu can kawin geus
teu bujang deui.
79. Bulan alaeun Kakandungan anu geus nincak
salapan bulan.
80. Bulu taneuh Tukang tani, patani.
81. Buncir leuit loba duit Beunghar, taya
kakurang.
82. Bungah amarwatasuta Bungah sagede anak
gunung, bungah pisan.
83. Bungbulang tunda Tunda talatah,
dikeunakeun ka jalma nu dititah baranggawe tara prak ku sorangan, tapi kalah
sok nitah deui ka batur.
84. Buntu laku Teu bisa neruskeun usaha atawa
pagawean.
85. Buntut kasiran Koret, kumed, medit.
86. Bur beureum bur hideung, hurung nangtung
siang leumpang Hirup senang taya kakurang, salilana ginding.
87. Buruk-buruk papan jati Sanajan
ngewa/ambek ka dulur/baraya nu landes, ari manehna meunang karerepet mah teu
weleh hayang nulungan jeung ngahampura kasalahanana, henteu ngantep.
88. Burung palung dulur sorangan Sanajan
ngewa/ambek ka dulur/ baraya nu landes, ari manehna meunang karerepet mah teu
weleh hayang nulungan jeung ngahampura kasalahanana,henteu ngantep.
89. Buta terong Pamoyok ka jelema nu goreng
patut, katurug-turug sagala beuki.
90. Butamuna Bodo balilu, teu nyaho
naon-naon.
91. Butatuli Teu nyaho naon-naon.
C
1. Caang bulan dadamaran Migawe hal nu teu
perlu deui.
2. Caang bulan opat welas, jalan gede
sasapuan Rido pisan.
3. Caang padang narawangan Caang pisan atawa
bisa nenjo ku panon batin ka tempat gaib.
4. Cacag nangkaeun Henteu beres atawa henteu
alus lantaran mindeng katunda tuluy dihanca deui (pagawean atawa carita).
5. Cacah rucah atah warah Somah nu dianggap
taya ajenna sarta bodo.
6. Cacarakan Kakara diajar, tacan bisa
bener.
7. Cadu mungkuk haram dempak Sumpah yen
bener-bener embung, atawa moal ngalampahkeun salah sahiji perkara.
8. Cadu ngalantung ka lisung Henteu daek
buburuhun (awewe).
9. Cai asa tuak bari, kejo asa catang bobo
Sagala teu ngeunah lantaran keur susah atawa keur gering. Cai di hilir mah
kumaha ti girangna Ra'yat leutik sok nyonto kalakuan parningpinna.
10. Caina herang laukna beunang Hasil maksud
ku cara lantip bari teu aya pacengkadan.
11. Campaka jadi di reuma Nu geulis urang
kampung/lembur lain pipanteseunana aya di pasisian. Campur kaya Tepung kaya
atawa kaya reujeung kaya, harta banda babarengan nu rimbitan.
12. Cangkir emas eusi delan Jelema anu
omonganana alus, tapi saenyana hatena goreng.
13. Cara hurang, tai ka hulu-hulu Bodo pisan.
14. Carang takol Jelema anu langka pisan
ngomong, ari teu perlu-perlu teuing mah.
15. Carincing pageuh kancing, saringset
pageuh iket Taki-taki ngajaga kaamanan, mageuhan tulak jeung sajabana, bisi aya
bancang pakewuh.
16. Cecendet mande kiara, cileuncang
(cileungcang) mande sagara Nu miskin atawa jalma leutik hayang nyaruaan nu
beunghar.
17. Ceplak pahang Satarabasna teuing kajeun
matak nyeri hate batur.
18. Ceuli lentaheun Sok sadenge-dengena,
najan lain dengekeunana, atawa resep ngadengekeun kagorengan batur.
19. Cikal bugang Cikal hirup, anu pangheulana
gugur di medan perang.
20. Cikaracak ninggang batu, laun-laun
(batuna) jadi legok Awahing ku leukeun, laun-laun jadi bisa.
21. Cilaka dua belas Cilaka pohara.
22. Ciri sabumi cara sadesa Kabiasaan di
unggal daerah beda-beda.
23. Clik putih clak herang Rido, iklas,
kaluar tina hate anu beresih.
24. Congo-congo ku amis, mun rek amis ge
puhuna Anak-anakna teu bageur, da kolotna oge henteu nyontoan.
25. Cruk-crek Gunta-ganti pamajikan.
26. Cucuk rungkang Perkara leutik atawa teu
pira, tapi lamun diantep bisa ngaganggu kana urusan anu gede.
27. Cueut ka hareup Tereh maot, geus kolot.
28. Cueut ka nu hideung, ponteng ka nu koneng
Teu adil, pilih kasih.
29. Cukang tara neangan nu ngising Nu hayang
ditulungan sapantesna datang ku maneh kanu rek dipentaan tulung.
30. Cukup belengur baraga naya Resep mere ka
batur, bari teu ngingetkeun kaperluan sorangan.
31. Cul dogdog tinggal igel Ninggalkeun gawe
baku lantaran ngalampahkeun pagawean sejen nu teu aya hasilna.
D
1. Daek macok, embung dipacok Jelema nu
hayang meunang (untung) sorangan, daek menta embung dipenta.
2. Dagang oncom rancatan emas Modal nu
kacida gedena, ari nu dijual jeung diarah batina teu sabaraha.
3. Dagang peda (pindang) ka Cirebon Dagang
barang ka tempat nyieun eta barang.
4. Dah bawang dah kapas Jual-beuli kontan.
5. Dahar kawas meri Uprat-apret jeung
ngaremeh.
6. Daharna sakeser daun Daharna mindeng
pisan.
7. Datang katenjo (katingali) tarang, undur
katenjo (katingali) pun-duk Tatakrama nu amit-amitan, nembongkeun yen taya
geuneuk maleukmeuk atawa teu serong salingkuh.
8. Dedenge tara Kadenge sawareh atawa
dedengean anu teu pati tetela.
9. Dengdek tapi maliding sanak Pilih kasih,
teu adil.
10. Deukeut (heureut) deuleu pondok lengkah
Kurang paman- dangan jeung teu bebas dina indit-inditan.
11. Deukeut-deukeut anak taleus Sakitu
padeukeut teu nyaho yen baraya atawa aya kajadian penting di salah saurang di
antara maranehanana.
12. Deungeun-deungeun haseum Taya baraya
saeutik-eutik acan.
13. Di bawah tangan Teu make saksi ti pihak
nu resmi.
14. Diadudombakeun Diadu-adukeun.
15. Diadukumbangkeun Dicekel pundukna tuluy
diadekkeun palebah tarangna sataker tanaga. Dialungboyongkeun Digujag-gajig,
dipundah-pindah.
16. Dianakterekeun Disapirakeun.
17. Diangeuncareuhkeun Diantep henteu
didahar.
18. Dibabuk lalay Dibabukan kawas lalay
(musuh loba nu ngaronom urang), ngababukan ngenca-ngatuhu.
19. Dibejerbeaskeun Dieceskeun atawa
dijentrekeun pisan.
20. Dibere sabuku menta sajeungkal, dibere
sajeungkal menta sadeupa Lantaran dibere wani saeutik, jadi beuki loba
pamentana sarta nyalutak (jalma kurang ajar).
21. Dibeuleum seuseur Diburu-buru sina
anggeus.
22. Dibeuteungan nyusu Dieureunan nyusu,
dipesat.
23. Dibeuweung diutahkeun Dipikir
dibulak-baHk.
24. Dibilang peuteuy Dibilang hiji-hiji. l
25. Didagoan ku seeng nyengsreng Dipikabutuh
ayeuna.
26. Didago-dago tilewu Hanas didagoan, ari
pek teu datang.
27. Didingding kelir Dibuni-buni atawa
dirusiahkeun.
28. Dihin pinasti anyar pinanggih Sagala nu
kaalaman ayeuna saestuna geus ditangtukeun ti heula ku Pangeran.
29. Dihurunsuluhkeun di(sa)kompetdaunkeun
Disamarutkeun jeung nu boga dosa; nu goreng saurang, kabeh kababawa.
30. Dijieun hulu teu nyanggut, dijieun buntut
teu ngepot Teu beunang dijeujeuhkeun, tara eucreug bae.
31. Dijieun lalab rumbah Disapirakeun, henteu
diajenan.
32. Dikepung wakul buaya mangap Dikepung ku
musuh anu samakta ku pakarangna.
33. Dikerid peuti Dibawa kabeh saeusi imah
atawa kampung.
34. Dikungkung teu diawur, dicangcang teu
diparaban Ditambang, ditalak henteu, dinapakahan oge henteu; dipiara tapi teu
diurus dahar-pakena.
35. Diperih pati turta gawe Dibere papancen
nu kacida beuratna, bisa jadi kudu nemahan pati.
36. Dipiamis buah gintung Disangka hade jeung
batur, tapi nu saenyana man jahat.
37. Dipisudi mere budi Dipiharep kalah
ngambek, ngabaeudan.
38. Disiksik dikunyit-kunyit, dicacag
diwalang-walang Dihukum pati, dihukum beurat pisan.
39. Disuhun dina embun-embunan Ditarimakeun
pisan.
40. Disusul tepus Diteangan terus, nepi ka
beunang (nu boga dosa).
41. Ditangtang ditengteng dijieun bonteng
sapasi Dianggap aneh atawa model.
42. Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti
tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup Kekecapan keur awewe anu kacida
geulisna, taya cawadeunana.
43. Ditiung memeh hujan Kudu iatna samemeh
cilaka. Ditiung sanggeus hujan Kakara iatna sanggeus karuhan cilaka, lain
samemehna nyegah picilakaeun.
44. Ditulis tonggong Dibokong, nu boga hadas
teu dibejaan atawa teu dibawa mupakat heula.
45. Dogdog pangrewong Jalma nu mantuan
pagawean tamba lumayan, teu boga tugas nu penting.
46. Dogong-dogong tulak cau, geus gede dituar
batur Ngalindeukan lanjang (mojang) pipamajikaneun, ari geus meujeuhna dikawin
kop ku batur.
47. Dosa salaput hulu Dosa anu geus kacida
lobana.
48. Dug hulu pet nyawa Usaha satekah polah
meh taya eureunna.
49. Dug tinetek atawa dug hulu pet nyawa
Digawe beurat meh taya eureunna.
50. Duit pait (panas) Duit nu teu meunang
dipake pikeun kaperluan pribadi, duit nagara atawa duit amanat
51. Duum tinggi Babagi henteu adil, aya nu
meunang loba, jeung aya nu saeutik.
PARIBASA SUNDA EGH
E
1. Eleh deet Ngelehan maneh.
2. Elmu ajug Jalma nu biasa mapatahan
kahadean ka batur, ari sorangan henteu bisa ngamalkeunana.
3. Elmu angklung Joledar atawa patukang
tonggong jeung kolot.
4. Elmu kepek Pituduh tina buku atawa kitab
anu acan diprakkeun ku sorangan.
5. Elmu sapi Samiuk kana kagorengan, guyub
dina hal nu kurang hade.
6. Elmu tumbila Pribumi ngarugikeun semah.
7. Elmu tungtut dunya siar, sukan-sukan
sakadarna Hirup kudu nungtut nyiar elmu pikeun kasalametan dunya aherat sarta
kudu siger tengah.
8. Elok bangkong Ampir sakarat.
9. Era parada Era ku lampah atawa omongan
batur, nu matak aeb.
10. Embung kakalangkangan Embung kaelehkeun.
11. Endog mapagahan (mapatahan) hayam Budak
mapatahan kolot, atawa mapagahan nu geus bisa atawa nu leuwih luhur pangartina.
12. Endog sapataragan tara megar kabeh Di
antara dulur-dulur saindung-sabapa sok aya bae anu teu pati alus milikna.
13. Endog sasayang (sapataragan), peupeus
hiji peupeus kabeh Mun di antara dulur-dulur aya saurang nu nyieun codeka, sok
mamawa ka sarerea.
14. Euweuh (taya) siruaneunana Dilarapkeun ka
jalma nu teu boga sipat-sipat nu hade.
G
1. Galagah kacaahan Nganteur atawa ngalajur
napsu kabawa ku batur.
2. Galak sinongnong Lalaki (bujang) nu
mimiti aya sir ka awewe, tapi can wani adu hareupan.
3. Galak timburu Babari timburuan. Awewe
nyangka nyelewer ka salakina atawa sabalikna.
4.
Galegeh gado Someah, akuan, atawa darehdeh bisa nyarita, tapi teu terus kana
hatena.
5. Gancang pincang Pagawean anu babari
anggeus, tapi hasilna henteu nyugemakeun.
6. Gantung denge Ngarasa hanjakal sabab
hayang keneh ngadengekeun, anggeus manten.
7. Gantung teureuyeun Ngarasa hanjelu sabab
barangdahar can seubeuh, kapaksa dieureunkeun.
8. Garo maling Boleksek henteu dihaja, urut
gagaro keur sare.
9. Garo mengmengan Euweuh kasabaran.
10. Garo singsat Peta awewe nu teu sabar
ngadagoan nu can datang. Garo-garo teu ateul
11. Gagaro lantaran bingung atawa keuheul.
Gasik nampi gancang narima Ngabageakeun tamu (semah) ku budi jeung basa nu
hade.
12. Gentel keak Budak anu meh tara lesot ti
indungna, mun dilesotkeun sok ceurik.
13. Gede cahak manan cohok Leuwih loba
ngaluarkeun duit batan panghasilan.
14. Gede gunung pananggeuhan Adigung dumeh
aya andelan atawa aya nu dipuntangan.
15. Gede hulu Adigung, sombong.
16. Gede-gede kayu randu, dipake pamikul
bengkung, dipake lincar sok bencar (anggang), dipake pancir ngajedig Jelema nu
taya gunana, lantaran bodo, hengker jeung ngedul. Ilikan Mun di lembur kayu
randu.
17. Geledug ces Ukur rame mimitina wungkul,
ka dituna mah jadi tiiseun.
18. Gemah ripah loh jinawi Gegek cacah jiwana
sarta raharja. Genteng-genteng ulah potong Sanajan hasilna teu sabaraha, keun
bae tinimbang luput.
19. Gereges-gedebug Ngalamp,ahkeun pagawean
teu karana dipikir panjangheula.
20. Gering nangtung (ngalanglayung) Henteu
gering parna, tapi sehat bener oge henteu (ngalanglayung).
21. Getas harupateun Babari ambek.
22. Geugeut manjahan Ngogo ka budak tapi ari
ambek gampang nyarekan, ngan henteu nepi ka meupeuh atawa neunggeul.
23. Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma
Awewe anu rupana tegep, ngan dangongna dusun.
24. Geus apal luar jerona Geus nyaho kana
kalakuan jeung tabeatna.
25. Geus aya dina pesak Geus nyaho pisan kana
sarupaning perkara.
26. Geus aya kembang-kembangna Geus aya
hal-hal nu nimbulkeun harepan kana hasil maksud.
27. Geus bijil bulu mayang Geus mimiti baleg
(ka lalaki).
28. Geus cueut ka hareup Geus kolot, geus
liwat satengah tuwuh.
29. Geus cumarita Geus kawin sarta imah-imah
sorangan, geus misah ti kolot.
30. Geus karasa (ngarasa) pait peuheurna Geus
kaalaman sagala rupa nu teu ngeunahna.
31. Geus labuh bandera Perkara anu geus
diputus.
32. Geus nyanghulu ngaler Geus maot.
33. Geus turun amis cau Geus mimiti beger
(awewe).
34. Gindi pikir belang bayah Goreng hate,
resep nyilakakeun batur.
35. Ginding bangbara Resep gigindingan jeung
royal ngarah katenjo ku batur, tapi di imah kekerehet
36. Ginding kekempis Jelema ginding tapi teu
boga duit.
37. Giri lungsi tanpaingan (tanpa hingan)
Ulah ngahina sanajan ka nu lemah atawa nu leutik.
38. Goong nabeuh maneh Ngagulkeun diri
sorangan.
39. Goong saba karia Datang ka nu hajatan
bari teu diondang, maksudna sangkan kaarah gawe tur seubeuh baranghakan.
40. Goreng peujit Goreng hate (dengki).
41. Goreng sisit Goreng milik.
42. Goreng sopak Jelema goreng patut.
43. Gugon tuhon Kukuh, boh ka dunungan, boh
kana adat kabiasaan atawa kapercayaan.
44. Gulak-giluk kari tuur, herang-herang kari
mata, teuas-teuas kari bincurang Asal beunghar jadi miskin, bandana teu ngari
saeutik-eutik acan.
45. Gunung hapitan sela Budak awewe nu boga
lanceuk lalaki hiji jeung adi lalaki hiji (sabalikna tina sela hapitan gunung).
46. Gunung luhur beunang diukur/ laut jero
beunang dijugjugan (diteuleuman), tapi hate jalma najan deet moal kakobet
Nganyahokeun eusi hate (kahayang) jelema anu dirasiahkeun mah kacida hesena.
47. Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi
Taya wates wangenna, kacida legana, euweuh tungtungna.
48. Gurat batu Kukuh dina nyekel omongan
atawa pamadegan, teguh tangtungan.
49. Gurat cai Babari ngarobah omongan/jangji
nu geus diucapkeun. Cidera kana jangji. Sabalikna tina gurat batu.
50. Guru, ratu, wongatua karo Guru, raja
(pamingpin), jeung kolot wajib dihormat jeung diturut parentahna.
51. Guyur salelembur ear sajajagat Pohara
geunjleungna,
H
1. Hade gogog hade tagog Hade basa hade tata
jeung hade
2. paripolahna. Hade ku omong goreng ku
omong Sagala rupa perkara bisa disebut hade atawa goreng lantaran omonganana.
3. Hade lambe (lalambe) Alus omong tapi teu
terus jeung hate.
4. Hade repok Alus nasibna dina laki-rabi,
loba rejeki, jste.
5. Halodo sataun lantis ku hujan sapoe
Kahadean nu geus sakitu lilana, leungit ku ngalampahkeun kagorengan sakali.
6. Hambur bacot murah congcot Babari
nyarekan, tapi berehan. Hampang birit Daekan, sabalikna beurat birit. Hampang
leungeun Gampang neunggeul.
7. Handap lanyap Hade basa, puguh
entep-seureuhna, tapi nu saenyana mah ngunghak atawa ngahina; hormat tapi matak
nyentug kana hate.
8. Handap asor Daek ngahormat ka batur.
9. Hantang hantung hantigong hantriweli
Kalah ka hade rupa hade tagog, tapi taya araheunana.
10. Haok hamprong Beuki hahaok.
11. Hapa heman Taya panarima, taya pamales
budi ka nu geus nyieun kahadean. bandingkeun Nu asih dipulang sengit.
12. Hapa hui/kapahui Teu jamuga.
13. Hapa-hapa oge ranggeuyan Sanajan teu boga
harta banda leuheung keneh sabab boga salaki.
14. Harewos bojong Omongan anu diharewoskeun,
tapi kadenge ku nu deukeut ka nu diharewosan.
15. Harelung jangkung Kacida jangkungna.
16. Harigu manukeun Dada jelema nu nonjol ka
hareup.
17. Haripeut ku teuteureuyeun Totorosol pisan
kana urusan pirejekieun.
18. Hams omong batan goong Beja mah sok
babari pisan sumebarna.
19. Haseum budi Leuwih mindeng baeud jeung
camberut tibatan seuri.
20. Haseum kawas cuka bibit Kuraweud haseum,
teu me're budi pisan.
21. Hatur tangis Ngabejakeun kanyeri ati.
22. Hawara biwir Resep ngabejakeun perkara
anu tacan tangtu bakal dilaksanakeun atawa hal anu lila keneh kana waktu
dilaksanakeunana.
23. Hayang leuwih jadi leweh Hayang untung
kalah rugi.
24. Hayang untung jadi (kalah) buntung
Tinimbang untung kalah rugi.
25. Hayang utah iga Ngarasa kacida sebelna.
26. Hejo cokor badag sambel Dusun pisan.
27. Hejo tihang Resep pipindahan, gunta-ganti
pagawean.
28. Herang caina beunang laukna Anu
dipikahayang laksana ku
29. jalan badami tur henteu kalawan
nganyenyeri hate batur.
30. Herang-herang kari mata, teuas-teuas kari
bincurang Asal
31. beunghar jadi miskin, bandana teu ngari
saeutik-eutik acan.
32. Hese cape teu kapake Hanas ceuk rarasaan
mah digawe soson-soson, ari heg dianggap salah ku dunungan atawa hasilna
mubadir.
33. Henteu asa jeung jiga Geus loma pisan.
34. Henteu cai herang-herang acan Teu
disuguhan naon-naon (teu cai-cai acan).
35. Henteu gedag bulu salambar Henteu sieun
atawa henteu gimir saeutik-eutik acan.
36. Henteu jingjing henteu bawa Henteu mawa
naon-naon keur oleh-oleh ka nu dijugjug.
37. Henteu unggut kalinduan henteu gedag
kaanginan Henteu kapangaruhan ku ruruba (rupa-rupa panggoda), pageuh nyekel
tangtungan sorangan.
38. Heueuh-heueuh bueuk Ongkoh nyaluyuan
(nyebut heueuh), tapi henteu terus kana hatena.
39. Heunceut ucingeun Babari reuneuh.
40. Heuras genggerong Caritaanana sugal jeung
garihal, teu bisa ngangeunahkeun hate batur ku omongan.
41. Heuras letah Omonganana matak nyugak
atawa teu ngeunaheun batur.
42. Heureut pakeun pungsat bahan Teu rea
kaboga, saeutik panghasilan.
43. Heurin ku letah Teu bisa nyaritakeun
perkara kasalahan batur, lantaran bisi aya matakna ka ditu ka dieu.
44. Hideung ngabangbara Hideung meles sarta
herang.
45. Hideung-hideung oge buah manggu, matak
tigurawil bajing Nyolong bade; sanajan luarna (cangkangna) henteu pikabitaeun,
jerona (eusina) mah matak deudeuieun.
46. Hileud peuteuy Jelema anu
ngahalang-halang pakarepan batur. Hirup disuhun, paeh dirampes Tumamprak pasrah
kana kersa Nu Maha Kawasa, lantaran geus beak dengkak, upama nu gering geus
lila teu cageur bae.
47. Hirup katungkul ku pati, paeh teu nyaho
di mangsa Hirup di dunya teh bakal ditungtungan ku maot anu datangna teu bisa
dipastikeun ti anggalna.
48. Hirup ku ibun, gede ku poe Hirup
balangsak, sasat euweuh nu ngurus, hirup kalantar.
49. Hirup ku panyukup gede ku pamere Jelema
anu hirupna ukur ngandelkeun pamere ti batur.
50. Hirup ngabangbara Jelema anu tempat
matuhna keur leutik teh teu tumaninah, tapi ari sakalieun barangpake mani
kacida gindingna.
51. Hirup ramijud Hirup teu ngaleunjeur
lantaran numbuk di sue (taya kamarasan).
52. Hirup teu neut, paeh teu hos
Terus-terusan gering ripuh, tapi teu maot.
53. Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah
manggih (aya) beja Laku lampah kudu bageur supaya alus kacaritakeunana.
54. Huap hiji diduakeun Ngirit-ngirit sagala
kaperluan sapopoe, supaya bisa nyumponan kaperluan anak atawa saha bae anu
perlu dibelaan.
55. Hudang pineuh (tineuh) Mindeng hudang
tuluy ngedeng deui, lantaran teu daek sare ku ngarasakeun panyakit.
56. Hujan cipanon Ceurik balilihan, loba nu
ceurik.
57. Hulu gundul dihihidan Nu keur untung
tambah untung.
58. Hulu peutieun Jelema nu leutik sirahna
henteu surup jeung awakna.
59. Hunyur mapande (mandean) gunung
Nyeta-nyeta jelema anu leuwih ti manehna (biasana dina kaboga), atawa cacah
nyaruakeun maneh ka menak.
60. Hurip gusti, waras abdi Jaman peodal,
upama raja senang sarta mulya, rayat cageur.
61. Hurung nangtung siang leumpang Beunghar
sarta dipake ngaginding.
62. Hutang hatong Satengah heureuy,
nyapirakeun kana hutang, daek bayar, henteu entong.
63. Hutang salaput hulu Loba pisan hutang,
nepi ka samar kabayar.
64. Hutang uyah bayar uyah, hutang nyeri
bayar nyeri Males kanyeri atawa kajahatan ku hukuman nu sarua atawa saimbang.
PARIBASA SUNDA IJK
I
1. Ibu pare Geugeusan pare nu dihaja dijieun
leuwih gede ti geugeusan biasa, minangka indungna (baheula).
2. Ieu aing Jelema nu ngarasa luhur, hade,
pinter, gagah jeung sajabana ti dinya atawa adigung.
3. Ilang-along margahina, katinggang
pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami,
agamana darigamana (drigamana), nyerenkeun Masrahkeun sagala-galana, ilaharna
diucapkeunana waktu rek ngawin-keun atawa satutasna nyerahkeun.
4. Indit sirib Indit sarerea saeusi imah.
5. Indung hukum bapa darigama Papagon,
aturan agama jeung nagara.
6. Indung lembu bapa banteng Turunan jalma
beunghar atawa menak.
7. Indung peuting Mega hideung anu sok
tembong ti peuting.
8. Indung suku ge moal dibejaan Niat pageuh
nyekel rasiah, baraya nu landes ge moal dibere nyaho.
9. Inget-inget poho Teu inget enya (kana
perkara nu geus kajadian baheula).
10. Inggis batan maut hinis, rempan batan
mesat gobang Kacida matak risina, paur pisan.
11. Inggis ku bisi rempan ku sugan (beja)
Salempang aya naon-naon. Ipis biwir Epesmeer, babari ceurik.
12. Ipis kulit beungeut Eraan.
13. Ipis wiwirang Kandel kulit beungeut,
kurang kaera.
14. Iwak nangtang sujen Ngadeukeutan
pibahayaeun, neangan picilakaeun.
J
1. Jabung tumalapung, sabda kumapalang Milu
nyarita bari ngarumasakeun taya kabisa, tapi alatan kapaksa.
2. Jadi cikal bugang Pangheulana kasambut di
pangperangan.
3. Jadi kembang carita Loba nu nyaritakeun.
4. Jadi kulit jadi daging Jadi kabiasaan nu
hese dipiceunna.
5. Jadi maung malang Jelema anu dianggap
jadi panghalang (lalaki ka awewe tepi ka hese meunang jodo).
6. Jadi sabiwir hiji Geus jadi caritaan
jelema rea, pada muji kahadeanana.
7. Jadi senden kalemekan Jadi kembang
carita.
8. Jadi Senen kalemekan Ahad kacapangan Jadi
kembang carita.
9. Jajar pasar Sedeng atawa meujeuhna (kana
rupa).
10. Jalma notorogan Jalma nu boga laku-Iampah
teu pantes, pikacuaeun.
11. Jaman bedil sundut Jaman baheula.
12. Jaman cacing dua saduit Jaman baheula
pisan.
13. Jaman tai kotok dilebuan Jaman baheula.
14. Jampana bugang Pasaran, wadah paranti
ngagotong mayit ka kuburan.
15. Jampe pamake Rupa-rupa jampe jeung
tingkah laku pikeun ngahasilkeun maksud.
16. Jampe pipahokan Jampe atawa ajian nu
maksudna supaya musuh teu nenjoeun ka urang kawas nu lolong.
17. Janget kinatelon Turunan hade ti
indung-bapa.
18. Jantungeun Kawas anu kasima.
19. Jati kasilih ku junti Pribumi kaelehkeun
ku semah.
20. Jauh ka bedug, anggang ka dulag (dayeuh)
Dusun henteu nyaho di adat, dusun pisan.
21. Jauh tanah ka langit Mikahayang nu
pamohalan kalaksanakeun; kacida pisan bedana.
22. Jauh di jug jug anggang diteang Jauh-jauh
oge didatangan bae.
23. Jauh-jauh panjang gagang Hanas jauh-jauh
oge dijugjug ari pek teu hasil maksud.
24. Jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana
Masyarakat di saban tempat boga tata cara sewang-sewangan.
25. Jejeg (jegjeg) ceker Cape balas leumpang
ka ditu ka dieu.
26. Jelema balung tunggal Jelema bedas pisan.
27. Jelema masagi (pasagi) Jelema nu loba
kabisana jeung loba kabogana (teu aya kakuranganana).
28. Jelema pasesaan Jelema nu kungsi gelo.
29. Jeneng memeh pangkat Loba kahayang nu teu
saimbang jeung kaayaan dirina.
30. Jengkol mah aya usumna Pikeun nyindiran
nu loba ekol.
31. Jiga tunggul kahuru Goreng patut.
32. Jodo pakokolot Kalaksanakeun ngawin
kabogoh ti keur ngora dina umur pakokolot. Tingali oge Ngareuntaskeun
(ngarangkaskeun) dungus.
33. Jogjog neureuy buah loa Mikahayang
perkara anu moal kasorang.
34. Jojodog unggah ka salu Unit badega jadi
pamajikan dunungan.
35. Jongjon bontos Junun kana gawe, tara
kabengbat ku naon-naon.
36. Jual dedet Ngajual barang satengah maksa.
K
1. Ka cai diangir mandi, batu lempar
panuusan Lemah cai, bali geusan ngajadi.
2. Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi
salebak (salogak) Layeut, runtut-raut, silih ayunkeun (nu laki-rabi atawa nu sosobatan).
3. Ka hareup ngala sajeujeuh, ka tukang
ngala sajeungkal Hirup ati-ati make itungan.
4. Ka luhur sieun gugur, ka handap sieun
cacing Taya kawani.
5. Ka luhur teu sirungan, ka handap teu
akaran Taya kamajuan minangka hukumullah ka jelema doraka atawa nu sok jail ka
batur.
6. Kabawa ku sakaba-kaba Kabawakeun atawa
kapangaruhan ku batur nu teu pati eucreug.
7. Kabedil langit (kabentar mega) Kalinglap.
8. Kabeureuyan mah tara ku tulang munding,
tapi ku cucuk peda Cilaka mah biasana tina mokahaan urusan leutik.
9. Kacang poho ka lanjaran Poho ka asal
wiwitan, pindah pileumpangan.
10. Kacanir bangban Kawiwirangan, meunang
kaera.
11. Kacekel bagal buntutna Katewak luluguna.
12. Kaceluk ka awun-awun, kawentar ka
janapria Kamashur, sarerea pada nyaho.
13. Kaciwit kulit kabawa daging Kabawa goreng
ku kalakuan baraya anu salah, atawa milu ngarasa teu ngeunah lantaran aya
baraya dihina ku batur.
14. Kaduhung tara ti heula Ngarasa hanjakal
mah geus tangtu moal samemeh migawe kasalahan.
15. Kagok asor (asong) Jangji nu geus
kapalang disanggupan, nepi ka kapaksa kudu dilaksanakeun.
16. Kahieuman bangkong Siga beunghar lantaran
katitipan banda batur.
17. Kai teu kalis ku angin Jelema mah tara
senang salalawasna, hiji waktu pasti pinanggih jeung kasusah.
18. Kajejek ku hakan Hasil usaha beak ku
kaperluan dahareun wungkul.
19. Kajeun kendor, dapon (asal) ngagembol
Kajeun lila asal hasil (hade).
20. Kajeun pait heula amis tungtung, manan
amis heula pait tungtung Leuwih hade bejaan heula nu banggana, ti batan
dibibitaan heula ku untungna, bisi ahirna kaduhung.
21. Kajeun panas tonggong, batan tiis
beuteung Kajeun teuing cape digawe oge, asal bisa dahar kalawan cukup, teu
kakurangan.
22. Kakeueum ku cai toge Eleh pisan ku
pamajikan, nepi ka dipangnyelewerkeun oge cicing bae.
23. Kalah ka ingkig Usaha ka ditu ka dieu teu
hasil.
24. Kalah ka ngahuntu Ngan bisa nyarita atawa
pidato wungkul.
25. Kalapa bijil ti cungap Muka rusiah
sorangan kalawan teu dihaja.
26. Kaliung kasiput Loba baraya nu
baleunghar, sasat kalingkung.
27. Kandel kulit beungeut Teu boga kaera,
sabalikna tina ipis kulit beungeut
28. Kapiheulaan ngaluluh taneuh Hudang
kabeurangan.
29. Kapipit galih, kadudut kalbu Kapincut,
bogoh.
30. Kapiring leutik Kaisinan.
31. Karawu kapangku Sagala pagawean kacabak,
tur hasilna hade; kalakon kumaha pait peuheurna, muga-muga turunan urang mah
kari ngeunahna.
32. Kasangga (kasuhun) kalingga murda,
katampi ku asta kalih Katarimakeun, sarta dinuhunkeun pisan.
33. Kasep ngalenggereng koneng Nya kasep nya
ginding.
34. Katempuhan buntut maung Ngagantian
kasusah batur.
35. Kakeureut ku sieup, katindih ku kari-kari
Kasangka boga dosa.
36. Katuliskeun jurig Asal heureuy jadi
enyaan.
37. Katurug katutuh Keuf cilaka
katambah-tambah ku pikasusaheun.
38. Kaum marhaen Somah, rayat biasa. Kawas
aul Sok ciciduh.
39. Kawas aeud Nya goreng budi nya bangor.
40. Kawas anjing kadempet lincar 1. Nu leutik
dikaniaya ku dununganana, ari rek ngalawan teu bisa, ngan bati humandeuar bae;
2. Keukeuleuweuhan teu puguh.
41. Kawas anjing parebut tulang Parasea
marebutkeun barang anu teu pira.
42. Kawas anjing tutung buntut Berebet ka
ditu berebet ka dieu, kawas nu samar polah; ijigimbrang teu daek cicing.
43. Kawas anu teu dibedong Kaluar-asup tara
nutupkeun panto.
44. Kawas awi sumaer di pasir Luak-leok pikir
teu pag'euh tangtungan.
45. Kawas badak Cihea Jelema nu leumpangna
noyod siga nu degig.
46. Kawas bangkong (bancet) katuruban batok
Jelema anu taya kanyaho lantaran sapopoena ukur idek liher di lemburna.
47. Kawas bayah kuda Belel pisan, upamana
samping.
48. Kawas beubeulahan terong Sarua pisan
rupana, nu kembar.
49. Kawas beusi atah beuleum Geuneuk rupana
bakat ku kacida ambekna.
50. Kawas birit seeng Hideung lestreng (kulit
jelema).
51. Kawas bodor reog Jelema nu tingkah
polahna pikaseurieun.
52. Kawas bueuk beunang (meunang) mabuk
Ngeluk jeung teu wani ngomong, lantaran rumasa boga dosa.
53. Kawas bujur aseupan Diuk teu daek cicing.
54. Kawas (cara) cai dina daun bolang
(taleus) Nasehat atawa papatah taya nyangsangna, taya nu terap.
55. Kawas carangka runtah Jelema nu sagala
beuki jeung gembul.
56. Kawas careuh bulan Diwedak kandel teuing.
57. Kawas ciduh jeung reuhak Sarua gorengna
(goreng adat).
58. Kawas congcorang murus Jelema (budak) anu
jangkung tapi kacida begangna.
59. Kawas cucurut kaibunan Goreng patut,
sarta pikarunyaeun.
60. Kawas dodol bulukan Beungeut hideung
diwedakan teu rata.
61. Kawas dongeng Si Bosetek Gunta-ganti
aturan, tapi tetep taya kamajuan.
62. Kawas durukan huut Pibahayaeun nu teu
kaciri, tapi beuki lila beuki gede.
63. Kawas gaang katincak Jelema (biasana
barudak) nu keur garandeng, ngadadak jempe sapada harita, lantaran reuwas atawa
aya nu dipikasieun ku maranehna.
64. Kawas gateuw Teu bisa liar lantaran
kasakit, atawa geus rarempo, tapi ari awak lintuh.
65. Kawas gula jeung peueut Kacida dalitna,
tara pasea, silih asih.
66. Kawas hayam keur kumahkar Teu daek cicing
lantaran hate kaweur, atawa geus teu sabar ngadagoan nu diarep-arep.
67. Kawas hayam panyambungan Talamba-tolombo
dina riungan lantaran euweuh nu wawuh.
68. Kawas heulang pateuh jangjang Meh teu
bisa walakaya, lantaran teu boga nu bisa diandelkeun.
69. Kawas himi-himi Meh salilana babarengan
duaan tara daek papisah.
70. Kawas jeler kasaatan Teu daek cicing,
gawena ngan ka ditu ka dieu.
71. Kawas jogjog mondok Cekcok-recok, gandeng
ku nu bareng ngaromong pabedas-bedas.
72. Kawas ka budak rodek hulu Ngahina, kawas
ka jelema nu bodo atawa kawas ka budak nu bolon keneh.
73. Kawas kacang ninggang kajang Norostos
capetang.
74. Kawas kedok bakal Rupa jelema anu goreng
patut kacida.
75. Kawas kedok rautaneun Kacida goreng
patutna kawas kedok nu can anggeus.
76. Kawas kuda leupas ti gedogan Ngumbar
kahayang lantaran geus euweuh nu ngahalangan.
77. Kawas kuuk Dilarapkeun ka jelema nu
sarena (ngedeng) morongkol.
78. Kawas langit jeung bumi Pohara bedana.
79. Kawas lauk asup kana bubu Teu bisa
ngundurkeun diri deui, lantaran geus kabeungkeut ku jangji atawa sumpah.
80. Kawas leungeun nu palid Leungeun nu teu
daek cicing, ngopepang, sagala dirampa, sagala dicabak.
81. Kawas nanggeuy endog beubeureumna Kacida
didama-dama jeung dipusti-pustina awahing ku gede kanyaah (inggis nu
dipikanyaahna tinemu balai).
82. Kawas nu dipupul bayu Taya tangan
pangawasa.
83. Kawas nu keked Teu bisa barangbawa.
84. Kawas nu mulangkeun panyiraman Boga
kahayang (pamenta) anu aneh cara nu keur nyiram, lantaran geus deukeut kana
ajal.
85. Kawas pantun teu jeung kacapi Bisa
mapatahan wungkul, teu bisa nyontoan.
86. Kawas panyeupahan lalay Lawon anu belel,
kawas panyeupahan lalay.
87. Kawas perah bedog rautaneun Goreng patut.
88. Kawas Rama jeung Sinta Nurub cupu, nu
kasep jeung nu geulis.
89. Kawas siraru jadi Jelema loba nu riab ka
mana-mana.
90. Kawas tatah Teu hideng sorangan (digawe),
kudu dititah (diparentah) bae.
91. Kawas terong dibeulah dua Dua jelema anu
(meh) sarua rupana, biasana mah budak kembar.
92. Kawas tikukur Nyebut ngaran sorangan ka
nu anyar pinanggih.
93. Kawas toed Budak beuki ngomong,
celembeng.
94. Kawas tunggul kahuru Jelema goreng patut.
95. Kawas ucing garong Jelama jahat nu sok
ngaranjah imah, sakapeung bari nandasa nu boga imah.
96. Kawas ucing jeung anjing Dua jelema anu
teu daek akur, lamun paamprok kudu bae pasea.
97. Kawas ucing kumareumbi Jelema anu sok
resep ruwal-rawel, siga ucing keur kumincir.
98. Kawas ucing nyanding paisan Deukeut kana
pimaksiateun.
99. Kejo asak, angeun datang Sapagodos jeung
maksud urang.
100. Kelek jalan Tempat anu teu gampang
didatangan lantaran jauh ti jalan gede.
101. Kebo mulih pakandangan Balik ka lembur sorangan
sabada lila ngumbara di lembur batur.
102. Kembang buruan Budak anu keur meujeuhna
lucu sarta geus resep ulin di buruan.
103. Kembang carita Jadi bahan carita nu narik
perhatian dina riungan- riungan.
104. Kembang jalan Ungkluk.
105. Kembang mata (soca) Nu dipikanyaah atawa
dipikaasih.
106. Keuna ku aen Meunang cocoba lantaran ku
"panenjo" batur (loba teuing nu muji).
107. Keuna ku lara teu keuna ku pati Bisa jadi
eleh atawa tatu, tapi moal maot.
108. Keur bentang surem Keur apes, keur goreng
milik.
109. Keur meujeuhna bilatung dulang Keur
meujeuhna parabaneun (barudak leutik), keur meujeuhna beuki dahar.
110. Keur meujeuhna buta tulnng buta daging
Keur meujeuhna bedas.
111. Keur meujeuhna hejo lembok, rambay carita
Keur meujeuhna lubak-libuk, euweuh kakurang.
112. Keuyeup apu Jelema anu elehan jeung
euweuh kahayang; kodomoyo, leuleumeuyeu.
113. Kiceupna sabedug sakali Jelema anu kacida
lungguhna.
114. Kiruh di girang, kiruh di hilir Lamun nu
di luhurna geus teu balener, tangtu nu di handapna oge sarua kitu.
115. Kokod monongeun Teu daekeun asak,
lantaran mindeng dicabakan (bubuahan nu dipeuyeum).
116. Kokolot begog Ngomong teu merenah kawas
kolot.
117. Kokoro manggih mulud, puasa manggih
lebaran Makmak mekmek, kokomoan barangdahar atawa ngumpulkeun barang nepi ka
poho kana kautamaan.
118. Kokoro nyenang Nembongkeun pangaboga nu
teu sabaraha lantaran hayang dipuji (jalma miskin).
119. Kokoro nyoso malarat rosa, lebaran teu
meuncit hayam Jelema anu kacida masakatna, sagala teu boga..
120. Kolot dapuran Pernah kolot nurutkeun
pancakaki, sanajan umur leuwih ngora.
121. Kolot dina beuheung munding Kolot tapi
teu loba kanyaho.
122. Kolot kalapa Dilarapkeun ka lalaki atawa
awewe anu umurna geus kolot, tapi masih matak kataji.
123. Kolot kolotok Kolot tapi euweuh kanyaho,
kosong tina elmu pangaweruh.
124. Kolot pawongan (pawongeun) Jelema anu
umurna ngora keneh, tapi katembongna siga geus kolot.
125. Koreh-koreh cok Usaha buruh leutik,
hasilna ngan cukup saharitaeun.
126. Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang
kumarantang Jelema anu pipilueun kana hiji urusan lantaran ukur kabawakeun ku
batur, lain karepna sorangan.
127. Kudu bisa ngeureut pakeun Kudu bisa
ngajeujeuhkeun rejeki, kudu sina mapahat.
128. Kudu boga pikir rangkepan Ulah ujug-ujug
percaya kana omongan batur aim manis.
129. Kudu ngukur ka kujur, nimbang ka awak
Sagala rupa tingkah laku kudu luyu jeung kaayaan diri sorangan.
130. Kudu nyaho lautanana, kudu nyaho
tatambanganana Kudu nganyahokeun adatna, kalakuanana, kangewana (karesepna).
Kujang dua pangadekna Usaha anu ngadatangkeun dua rupa kauntungan.
131. Kukuh Ciburuy Teu bisa diongget-qngget,
teu daek nurut kana paham batur nu leuwih bener.
132. Kukuk sumpung dilawanan dada leway Sarua
gorengna; nu ngambek dilawan ngambek, nu burung dilawan nu gelo.
133. Kulak canggeum (bagja awak) Milik hade
atawa goreng geus ditangtukeun ku Gusti Nu Mahasuci.
134. Kumaha bule hideungna (bae) Kumaha engke
bae buktina.
135. Kumaha ceuk nu dibendo bae Kumaha ceuk nu
mingpin di luhur bae.
136. Kumaha geletuk batuna kecebur
caina/Kumaha kecebur caina, geletuk batuna bae Kumaha behna, kumaha engke bae.
137. Kumaha ramena pasar Ula-ilu, kumaha
guyubna batur (balarea).
138. Kumambang kana kersa Pangersa Pasrah kana
takdir.
139. Kumeok (ngeok) memeh dipacok Wegah memeh
ngajalankeun pagawean,
140. Kumis bangbara ngaliang Kumis nu nyeseg
kana liang irung.
141. Kurang jeujeuhan Kurang ati-ati, kurang
itungan.
142. Kurang saeundan Jelema nu teu patig jejeg
pikiranana, rada gelo.
143. Kuru aking ngajangjawing Pohara kuruna.
144. Kuru cileuh kentel peujit Ngurangan sare,
ngurangan dahar (tirakat), lantaran ay a nu dimaksud.
145. Kuru kurulang-kuriling Lara sangsara
kadungsang-dungsang.
146. Kurung batok Teu daek lunta ti lembur,
jalma nu tara ka mana-mana, jadi teu loba kanyaho.
PARIBASA SUNDA IJK
I
1. Ibu pare Geugeusan pare nu dihaja dijieun
leuwih gede ti geugeusan biasa, minangka indungna (baheula).
2. Ieu aing Jelema nu ngarasa luhur, hade,
pinter, gagah jeung sajabana ti dinya atawa adigung.
3. Ilang-along margahina, katinggang
pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami,
agamana darigamana (drigamana), nyerenkeun Masrahkeun sagala-galana, ilaharna
diucapkeunana waktu rek ngawin-keun atawa satutasna nyerahkeun.
4. Indit sirib Indit sarerea saeusi imah.
5. Indung hukum bapa darigama Papagon,
aturan agama jeung nagara.
6. Indung lembu bapa banteng Turunan jalma
beunghar atawa menak.
7. Indung peuting Mega hideung anu sok
tembong ti peuting.
8. Indung suku ge moal dibejaan Niat pageuh
nyekel rasiah, baraya nu landes ge moal dibere nyaho.
9. Inget-inget poho Teu inget enya (kana
perkara nu geus kajadian baheula).
10. Inggis batan maut hinis, rempan batan
mesat gobang Kacida matak risina, paur pisan.
11. Inggis ku bisi rempan ku sugan (beja)
Salempang aya naon-naon. Ipis biwir Epesmeer, babari ceurik.
12. Ipis kulit beungeut Eraan.
13. Ipis wiwirang Kandel kulit beungeut,
kurang kaera.
14. Iwak nangtang sujen Ngadeukeutan
pibahayaeun, neangan picilakaeun.
J
1. Jabung tumalapung, sabda kumapalang Milu
nyarita bari ngarumasakeun taya kabisa, tapi alatan kapaksa.
2. Jadi cikal bugang Pangheulana kasambut di
pangperangan.
3. Jadi kembang carita Loba nu nyaritakeun.
4. Jadi kulit jadi daging Jadi kabiasaan nu
hese dipiceunna.
5. Jadi maung malang Jelema anu dianggap jadi
panghalang (lalaki ka awewe tepi ka hese meunang jodo).
6. Jadi sabiwir hiji Geus jadi caritaan
jelema rea, pada muji kahadeanana.
7. Jadi senden kalemekan Jadi kembang
carita.
8. Jadi Senen kalemekan Ahad kacapangan Jadi
kembang carita.
9. Jajar pasar Sedeng atawa meujeuhna (kana
rupa).
10. Jalma notorogan Jalma nu boga laku-Iampah
teu pantes, pikacuaeun.
11. Jaman bedil sundut Jaman baheula.
12. Jaman cacing dua saduit Jaman baheula
pisan.
13. Jaman tai kotok dilebuan Jaman baheula.
14. Jampana bugang Pasaran, wadah paranti
ngagotong mayit ka kuburan.
15. Jampe pamake Rupa-rupa jampe jeung
tingkah laku pikeun ngahasilkeun maksud.
16. Jampe pipahokan Jampe atawa ajian nu
maksudna supaya musuh teu nenjoeun ka urang kawas nu lolong.
17. Janget kinatelon Turunan hade ti
indung-bapa.
18. Jantungeun Kawas anu kasima.
19. Jati kasilih ku junti Pribumi kaelehkeun
ku semah.
20. Jauh ka bedug, anggang ka dulag (dayeuh)
Dusun henteu nyaho di adat, dusun pisan.
21. Jauh tanah ka langit Mikahayang nu
pamohalan kalaksanakeun; kacida pisan bedana.
22. Jauh di jug jug anggang diteang Jauh-jauh
oge didatangan bae.
23. Jauh-jauh panjang gagang Hanas jauh-jauh
oge dijugjug ari pek teu hasil maksud.
24. Jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana
Masyarakat di saban tempat boga tata cara sewang-sewangan.
25. Jejeg (jegjeg) ceker Cape balas leumpang
ka ditu ka dieu.
26. Jelema balung tunggal Jelema bedas pisan.
27. Jelema masagi (pasagi) Jelema nu loba
kabisana jeung loba kabogana (teu aya kakuranganana).
28. Jelema pasesaan Jelema nu kungsi gelo.
29. Jeneng memeh pangkat Loba kahayang nu teu
saimbang jeung kaayaan dirina.
30. Jengkol mah aya usumna Pikeun nyindiran
nu loba ekol.
31. Jiga tunggul kahuru Goreng patut.
32. Jodo pakokolot Kalaksanakeun ngawin
kabogoh ti keur ngora dina umur pakokolot. Tingali oge Ngareuntaskeun
(ngarangkaskeun) dungus.
33. Jogjog neureuy buah loa Mikahayang
perkara anu moal kasorang.
34. Jojodog unggah ka salu Unit badega jadi
pamajikan dunungan.
35. Jongjon bontos Junun kana gawe, tara
kabengbat ku naon-naon.
36. Jual dedet Ngajual barang satengah maksa.
K
1. Ka cai diangir mandi, batu lempar
panuusan Lemah cai, bali geusan ngajadi.
2. Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi
salebak (salogak) Layeut, runtut-raut, silih ayunkeun (nu laki-rabi atawa nu
sosobatan).
3. Ka hareup ngala sajeujeuh, ka tukang
ngala sajeungkal Hirup ati-ati make itungan.
4. Ka luhur sieun gugur, ka handap sieun
cacing Taya kawani.
5. Ka
luhur teu sirungan, ka handap teu akaran Taya kamajuan minangka hukumullah ka
jelema doraka atawa nu sok jail ka batur.
6. Kabawa ku sakaba-kaba Kabawakeun atawa
kapangaruhan ku batur nu teu pati eucreug.
7. Kabedil langit (kabentar mega) Kalinglap.
8. Kabeureuyan mah tara ku tulang munding,
tapi ku cucuk peda Cilaka mah biasana tina mokahaan urusan leutik.
9. Kacang poho ka lanjaran Poho ka asal
wiwitan, pindah pileumpangan.
10. Kacanir bangban Kawiwirangan, meunang
kaera.
11. Kacekel bagal buntutna Katewak luluguna.
12. Kaceluk ka awun-awun, kawentar ka
janapria Kamashur, sarerea pada nyaho.
13. Kaciwit kulit kabawa daging Kabawa goreng
ku kalakuan baraya anu salah, atawa milu ngarasa teu ngeunah lantaran aya
baraya dihina ku batur.
14. Kaduhung tara ti heula Ngarasa hanjakal
mah geus tangtu moal samemeh migawe kasalahan.
15. Kagok asor (asong) Jangji nu geus
kapalang disanggupan, nepi ka kapaksa kudu dilaksanakeun.
16. Kahieuman bangkong Siga beunghar lantaran
katitipan banda batur.
17. Kai teu kalis ku angin Jelema mah tara
senang salalawasna, hiji waktu pasti pinanggih jeung kasusah.
18. Kajejek ku hakan Hasil usaha beak ku
kaperluan dahareun wungkul.
19. Kajeun kendor, dapon (asal) ngagembol
Kajeun lila asal hasil (hade).
20. Kajeun pait heula amis tungtung, manan
amis heula pait tungtung Leuwih hade bejaan heula nu banggana, ti batan
dibibitaan heula ku untungna, bisi ahirna kaduhung.
21. Kajeun panas tonggong, batan tiis
beuteung Kajeun teuing cape digawe oge, asal bisa dahar kalawan cukup, teu
kakurangan.
22. Kakeueum ku cai toge Eleh pisan ku
pamajikan, nepi ka dipangnyelewerkeun oge cicing bae.
23. Kalah ka ingkig Usaha ka ditu ka dieu teu
hasil.
24. Kalah ka ngahuntu Ngan bisa nyarita atawa
pidato wungkul.
25. Kalapa bijil ti cungap Muka rusiah
sorangan kalawan teu dihaja.
26. Kaliung kasiput Loba baraya nu
baleunghar, sasat kalingkung.
27. Kandel kulit beungeut Teu boga kaera,
sabalikna tina ipis kulit beungeut
28. Kapiheulaan ngaluluh taneuh Hudang
kabeurangan.
29. Kapipit galih, kadudut kalbu Kapincut,
bogoh.
30. Kapiring leutik Kaisinan.
31. Karawu kapangku Sagala pagawean kacabak,
tur hasilna hade; kalakon kumaha pait peuheurna, muga-muga turunan urang mah
kari ngeunahna.
32.
Kasangga (kasuhun) kalingga murda, katampi ku asta kalih Katarimakeun, sarta
dinuhunkeun pisan.
33. Kasep ngalenggereng koneng Nya kasep nya
ginding.
34. Katempuhan buntut maung Ngagantian
kasusah batur.
35. Kakeureut ku sieup, katindih ku kari-kari
Kasangka boga dosa.
36. Katuliskeun jurig Asal heureuy jadi
enyaan.
37. Katurug katutuh Keuf cilaka
katambah-tambah ku pikasusaheun.
38. Kaum marhaen Somah, rayat biasa. Kawas
aul Sok ciciduh.
39. Kawas aeud Nya goreng budi nya bangor.
40. Kawas anjing kadempet lincar 1. Nu leutik
dikaniaya ku dununganana, ari rek ngalawan teu bisa, ngan bati humandeuar bae;
2. Keukeuleuweuhan teu puguh.
41. Kawas anjing parebut tulang Parasea
marebutkeun barang anu teu pira.
42. Kawas anjing tutung buntut Berebet ka
ditu berebet ka dieu, kawas nu samar polah; ijigimbrang teu daek cicing.
43. Kawas anu teu dibedong Kaluar-asup tara
nutupkeun panto.
44. Kawas awi sumaer di pasir Luak-leok pikir
teu pag'euh tangtungan.
45. Kawas badak Cihea Jelema nu leumpangna
noyod siga nu degig.
46. Kawas bangkong (bancet) katuruban batok
Jelema anu taya kanyaho lantaran sapopoena ukur idek liher di lemburna.
47. Kawas bayah kuda Belel pisan, upamana
samping.
48. Kawas beubeulahan terong Sarua pisan rupana,
nu kembar.
49. Kawas beusi atah beuleum Geuneuk rupana
bakat ku kacida ambekna.
50. Kawas birit seeng Hideung lestreng (kulit
jelema).
51. Kawas bodor reog Jelema nu tingkah
polahna pikaseurieun.
52. Kawas bueuk beunang (meunang) mabuk
Ngeluk jeung teu wani ngomong, lantaran rumasa boga dosa.
53. Kawas bujur aseupan Diuk teu daek cicing.
54. Kawas (cara) cai dina daun bolang
(taleus) Nasehat atawa papatah taya nyangsangna, taya nu terap.
55. Kawas carangka runtah Jelema nu sagala
beuki jeung gembul.
56. Kawas careuh bulan Diwedak kandel teuing.
57. Kawas ciduh jeung reuhak Sarua gorengna
(goreng adat).
58. Kawas congcorang murus Jelema (budak) anu
jangkung tapi kacida begangna.
59. Kawas cucurut kaibunan Goreng patut,
sarta pikarunyaeun.
60. Kawas dodol bulukan Beungeut hideung
diwedakan teu rata.
61. Kawas dongeng Si Bosetek Gunta-ganti
aturan, tapi tetep taya kamajuan.
62. Kawas durukan huut Pibahayaeun nu teu
kaciri, tapi beuki lila beuki gede.
63. Kawas gaang katincak Jelema (biasana
barudak) nu keur garandeng, ngadadak jempe sapada harita, lantaran reuwas atawa
aya nu dipikasieun ku maranehna.
64. Kawas gateuw Teu bisa liar lantaran
kasakit, atawa geus rarempo, tapi ari awak lintuh.
65. Kawas gula jeung peueut Kacida dalitna,
tara pasea, silih asih.
66. Kawas hayam keur kumahkar Teu daek cicing
lantaran hate kaweur, atawa geus teu sabar ngadagoan nu diarep-arep.
67. Kawas hayam panyambungan Talamba-tolombo
dina riungan lantaran euweuh nu wawuh.
68. Kawas heulang pateuh jangjang Meh teu
bisa walakaya, lantaran teu boga nu bisa diandelkeun.
69. Kawas himi-himi Meh salilana babarengan
duaan tara daek papisah.
70. Kawas jeler kasaatan Teu daek cicing,
gawena ngan ka ditu ka dieu.
71. Kawas jogjog mondok Cekcok-recok, gandeng
ku nu bareng ngaromong pabedas-bedas.
72. Kawas ka budak rodek hulu Ngahina, kawas
ka jelema nu bodo atawa kawas ka budak nu bolon keneh.
73. Kawas kacang ninggang kajang Norostos
capetang.
74. Kawas kedok bakal Rupa jelema anu goreng
patut kacida.
75. Kawas kedok rautaneun Kacida goreng
patutna kawas kedok nu can anggeus.
76. Kawas kuda leupas ti gedogan Ngumbar
kahayang lantaran geus euweuh nu ngahalangan.
77. Kawas kuuk Dilarapkeun ka jelema nu
sarena (ngedeng) morongkol.
78. Kawas langit jeung bumi Pohara bedana.
79. Kawas lauk asup kana bubu Teu bisa
ngundurkeun diri deui, lantaran geus kabeungkeut ku jangji atawa sumpah.
80. Kawas leungeun nu palid Leungeun nu teu
daek cicing, ngopepang, sagala dirampa, sagala dicabak.
81. Kawas nanggeuy endog beubeureumna Kacida
didama-dama jeung dipusti-pustina awahing ku gede kanyaah (inggis nu
dipikanyaahna tinemu balai).
82. Kawas nu dipupul bayu Taya tangan
pangawasa.
83. Kawas nu keked Teu bisa barangbawa.
84. Kawas nu mulangkeun panyiraman Boga
kahayang (pamenta) anu aneh cara nu keur nyiram, lantaran geus deukeut kana
ajal.
85. Kawas pantun teu jeung kacapi Bisa
mapatahan wungkul, teu bisa nyontoan.
86. Kawas panyeupahan lalay Lawon anu belel,
kawas panyeupahan lalay.
87. Kawas perah bedog rautaneun Goreng patut.
88. Kawas Rama jeung Sinta Nurub cupu, nu
kasep jeung nu geulis.
89. Kawas siraru jadi Jelema loba nu riab ka
mana-mana.
90. Kawas tatah Teu hideng sorangan (digawe),
kudu dititah (diparentah) bae.
91. Kawas terong dibeulah dua Dua jelema anu
(meh) sarua rupana, biasana mah budak kembar.
92. Kawas tikukur Nyebut ngaran sorangan ka
nu anyar pinanggih.
93. Kawas toed Budak beuki ngomong,
celembeng.
94. Kawas tunggul kahuru Jelema goreng patut.
95. Kawas ucing garong Jelama jahat nu sok
ngaranjah imah, sakapeung bari nandasa nu boga imah.
96. Kawas ucing jeung anjing Dua jelema anu
teu daek akur, lamun paamprok kudu bae pasea.
97. Kawas ucing kumareumbi Jelema anu sok
resep ruwal-rawel, siga ucing keur kumincir.
98. Kawas ucing nyanding paisan Deukeut kana
pimaksiateun.
99. Kejo asak, angeun datang Sapagodos jeung
maksud urang.
100. Kelek jalan Tempat anu teu gampang
didatangan lantaran jauh ti jalan gede.
101. Kebo mulih pakandangan Balik ka lembur
sorangan sabada lila ngumbara di lembur batur.
102. Kembang buruan Budak anu keur meujeuhna
lucu sarta geus resep ulin di buruan.
103. Kembang carita Jadi bahan carita nu narik
perhatian dina riungan- riungan.
104. Kembang jalan Ungkluk.
105. Kembang mata (soca) Nu dipikanyaah atawa
dipikaasih.
106. Keuna ku aen Meunang cocoba lantaran ku
"panenjo" batur (loba teuing nu muji).
107. Keuna ku lara teu keuna ku pati Bisa jadi
eleh atawa tatu, tapi moal maot.
108. Keur bentang surem Keur apes, keur goreng
milik.
109. Keur meujeuhna bilatung dulang Keur
meujeuhna parabaneun (barudak leutik), keur meujeuhna beuki dahar.
110. Keur meujeuhna buta tulnng buta daging
Keur meujeuhna bedas.
111. Keur meujeuhna hejo lembok, rambay carita
Keur meujeuhna lubak-libuk, euweuh kakurang.
112. Keuyeup apu Jelema anu elehan jeung
euweuh kahayang; kodomoyo, leuleumeuyeu.
113. Kiceupna sabedug sakali Jelema anu kacida
lungguhna.
114. Kiruh di girang, kiruh di hilir Lamun nu
di luhurna geus teu balener, tangtu nu di handapna oge sarua kitu.
115. Kokod monongeun Teu daekeun asak,
lantaran mindeng dicabakan (bubuahan nu dipeuyeum).
116. Kokolot begog Ngomong teu merenah kawas
kolot.
117. Kokoro manggih mulud, puasa manggih
lebaran Makmak mekmek, kokomoan barangdahar atawa ngumpulkeun barang nepi ka
poho kana kautamaan.
118. Kokoro nyenang Nembongkeun pangaboga nu
teu sabaraha lantaran hayang dipuji (jalma miskin).
119. Kokoro nyoso malarat rosa, lebaran teu
meuncit hayam Jelema anu kacida masakatna, sagala teu boga..
120. Kolot dapuran Pernah kolot nurutkeun
pancakaki, sanajan umur leuwih ngora.
121. Kolot dina beuheung munding Kolot tapi
teu loba kanyaho.
122. Kolot kalapa Dilarapkeun ka lalaki atawa
awewe anu umurna geus kolot, tapi masih matak kataji.
123. Kolot kolotok Kolot tapi euweuh kanyaho,
kosong tina elmu pangaweruh.
124. Kolot pawongan (pawongeun) Jelema anu
umurna ngora keneh, tapi katembongna siga geus kolot.
125. Koreh-koreh cok Usaha buruh leutik,
hasilna ngan cukup saharitaeun.
126. Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang
kumarantang Jelema anu pipilueun kana hiji urusan lantaran ukur kabawakeun ku
batur, lain karepna sorangan.
127. Kudu bisa ngeureut pakeun Kudu bisa
ngajeujeuhkeun rejeki, kudu sina mapahat.
128. Kudu boga pikir rangkepan Ulah ujug-ujug
percaya kana omongan batur aim manis.
129. Kudu ngukur ka kujur, nimbang ka awak
Sagala rupa tingkah laku kudu luyu jeung kaayaan diri sorangan.
130. Kudu nyaho lautanana, kudu nyaho
tatambanganana Kudu nganyahokeun adatna, kalakuanana, kangewana (karesepna).
Kujang dua pangadekna Usaha anu ngadatangkeun dua rupa kauntungan.
131. Kukuh Ciburuy Teu bisa diongget-qngget,
teu daek nurut kana paham batur nu leuwih bener.
132. Kukuk sumpung dilawanan dada leway Sarua
gorengna; nu ngambek dilawan ngambek, nu burung dilawan nu gelo.
133. Kulak canggeum (bagja awak) Milik hade
atawa goreng geus ditangtukeun ku Gusti Nu Mahasuci.
134. Kumaha bule hideungna (bae) Kumaha engke
bae buktina.
135. Kumaha ceuk nu dibendo bae Kumaha ceuk nu
mingpin di luhur bae.
136. Kumaha geletuk batuna kecebur
caina/Kumaha kecebur caina, geletuk batuna bae Kumaha behna, kumaha engke bae.
137. Kumaha ramena pasar Ula-ilu, kumaha
guyubna batur (balarea).
138. Kumambang kana kersa Pangersa Pasrah kana
takdir.
139. Kumeok (ngeok) memeh dipacok Wegah memeh
ngajalankeun pagawean,
140. Kumis bangbara ngaliang Kumis nu nyeseg
kana liang irung.
141. Kurang jeujeuhan Kurang ati-ati, kurang
itungan.
142. Kurang saeundan Jelema nu teu patig jejeg
pikiranana, rada gelo.
143. Kuru aking ngajangjawing Pohara kuruna.
144. Kuru cileuh kentel peujit Ngurangan sare,
ngurangan dahar (tirakat), lantaran ay a nu dimaksud.
145. Kuru kurulang-kuriling Lara sangsara
kadungsang-dungsang.
146. Kurung batok Teu daek lunta ti lembur,
jalma nu tara ka mana-mana, jadi teu loba kanyaho.
PARIBASA SUNDA LM
L
1. Labuh diuk, tiba neundeut Sarua salahna
atawa sarua cilakana.
2. Ladang kesang Rejeki ti Allah lantaran
usaha sorangan.
3. Laer gado Sok kabitaan ku kadaharan nu
aya di batur.
4. Lain lantung tambuh laku, lain lentang
tanpa seja (beja) Lainindit-inditan teu puguh nu dimaksud, tapi aya picaritaeun
nu penting; indit bari mawa tujuan anu pasti.
5. Lain palid ku cikiih, lain datang ku
cileuncang Lain jalma andar andar, tapi datang ku sabab boga tujuan anu tangtu.
6. Lalaki kembang kamangi Lalaki nu teu bisa
nyukup kabutuhan rumah tangga.
7. Lalaki langit lalanang jagat Lalaki anu
kasep sarta gagah perkasa.
8. Lali (poho) ka purwadaksina Jelema anu
poho ka asal cara anu linglung, lantaran pangkat luhur atawa kabeungharan nu
teu wajar.
9. Lali rabi, tegang pati Poho ka pamajikan
jeung tega kana nyawa pikeun ngabelaan nagara jeung bangsa.
10. Lanca-linci luncat mulang Jalir jangji,
udar subaya.
11. Landung kandungan laer aisan Cede
tinimbangan, asak hampura.
12. Langkung saur bane carek Nyarita nu matak
nyentug atawa anu matak nyeri kana hate batur.
13. Lantip budi Gancang ngarti kana maksud
atawa kahayang batur sanajan henteu diucapkeun.
14. Lasminingrat Nu panggeulisna di sakuliah
dunya.
15. Lauk buruk mihi mijah, piritan milu
endogan Pipilueun nyarita atawa ilubiung kana sarupaning urusan.
16. Legeg lebe budi santri, ari lampah
euwah-euwah Jalma jahat bisa nipu ku tindak-tanduk nu sopan.
17. Lelengkah halu (Budak) diajar leumpang
salengkah-salengkah.
18. Lengkah kapiceun Indit-inditan bari aya
nu dimaksud tapi teu hasil, henteu beubeunangan.
19. Lentah darat Jelema nu sok nginjeumkeun
duit make renten gede.
20. Lesang kuras Henteu bisa nyekel duit, sok
beak bae.
21. Letah leuwih seukeut manan pedang Raheut
hate ku omongan leuwih peurih karasana tibatan raheut biasa.
22. Legok tapak genteng kadek Loba kanyaho,
loba luang pangalaman.
23. Leleyep asu Acan sare enya.
24. Lembur matuh panglayungan, banjar karang
pamidangan, nagara ancik-ancikan Lembur tempat matuh atawa cicing.
25. Lembur singkur, mandala singkah Tempat
anu nyumput sarta jauh.
26. Lengkeh lege Jelema buheukeu, euweuh
cangkengan bawaning ku lintuh.
27. Leubeut buah hejo daun Keur meujeuhna
lubak-libuk, euweuh kakurang.
28. Leuleus awak Gampang dititah.
29. Leuleus jeujeur Hat tali Cede timbangan,
sabar darana, henteu getas harupateun.
30. Leuleus kejo poena Mimitina bengis, tapi
beuki lila beuki hade.
31. Leumpang sakaparan-paran Teu puguh nu
dijugjug.
32. Leumpeuh yuni Babari kapangaruhan, tara (teu)
kuat nahan
33. gogoda.
34. Leunggeuh cau beuleum Memeh hiji pagawean
anggeus, geus gap deui kana pagawean sejen.
35. Leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana
Leungit euweuh urutna jeung teu puguh sababna, teu matak kaharti.
36. Leutik burih Borangan.
37. Leutik pucus Euweuh kawani.
38. Leutik ringkang gede bugang Sipat jalma,
upamana maot loba uruseunana, sumawonna mun nepi ka ajal di panyabaan.
39. Leutik-leutik cabe rawit Leutik waruga
tapi wanian, loba kabisa (babandingan leutik-leutik ngagalatik).
40. Leutik-leutik ngagalatik Leutik waruga
tapi wanian, loba kabisa.
41. Leuweung ganggong simagonggong, leuweung
sisumenem jati Leuweung geueuman pikakeueungeun.
42. Leuwi jero beunang diteuleuman, hate
jelema najan deet teu kakobet Pikiran jelema mah hese" dikira-kirana, boh
hadena, boh gorengna.
43. Lieuk euweuh ragap taya Teu boga
naon-naon, malarat, taya kaboga.
44. Lindeuk japati Siga lindeuk tapi lingas
(babandingan lindeuk piteuk).
45. Lindeuk piteuk Siga lindeuk tapi lingas
(babandingan lindeuk japati).
46. Lir cai jeung minyak Teu bisa ngahiji.
Lir macan teu nangan Leumpang nu ngalenghoy atawa ngalanggeor (awewe).
47. Lir nu ngababad pacing Tumerap ka nu
ngelehkeun pirang-pirang musuh ku pedang.
48. Loba catur tanpa bukur Kalah ka omong,
buktina euweuh.
49. Loba teuing jaksa Loba teuing nu mere
tinimbangan atawa nasehat.
50. Lodong kosong ngelentrung Jelema bodo nu
loba omong, boga laga nurutan nu pinter.
51. Lolondokan Bisa nyaluyukeun diri jeung
kaayaan lingkungan atawa jeung kahayang jaman.
52. Luhur kokopan Gumede.
53. Luhur kuta gede dunya Beunghar sarta gede
pangaruh.
54. Luhur pamakanan (kokopan) Gumede.
55. Luhur tincak Kalakuanana sok nurutan nu
luhur (pangkatna) atawa nu beunghar.
56. Luncat mulang Omonganana teu puguh
dicekel, teu bisa dipercaya.
57. Lungguh tutut bodo keong, sawah sakotak
kaider kabeh Siga lungguh katenjona padahal bangor.
M
1. Mabok pangkat Adigung, ieu aing jeneng.
2. Macan biungan Jelema anu teu akur jeung
batur salembur.
3. Mageuhan cangcut tali wanda Saged rek
bajoang.
4. Maju jurang mundur jungkrang Taya
piliheun, ka ditu ka dieu pibalaieun. Malapah gedang Malibir heula memeh
nyaritakeun maksud nu saenyana.
5. Malengpeng pake! ku munding, ngajul bulan
ku asiwung Ngalampahkeun perkara nu moal pihasileun.
6. Maliding sanak Pilih kasih.
7. Malik ka temen Asal babanyolan tuluyna
jadi enyaan.
8. Malik mepeh Gulang-guling lantaran henteu
kuat nahan kanyeri atawa keur sakarat.
9. Malik rabi pindah ngawula Nganteuran
dahareun ka dunungan anyar.
10. Malik tali (malik tambang) Malik hukum.
11. Malikkeun pakarang ngalawan ka dunungan
ku pakarang pamerena.
12. Malikkeun pangali Nu diserenan pagawean
kawajibanana, kalah nempuhkeun ka nu nyerenkeunana.
13. Manan leweh mending waleh Tinimbang matak
susah sorangan, mending nyarita satarabasna.
14. Manasina sambel jahe, top top tewewet
Moal ujug-ujug kaala hasilna, kudu sabar.
15. Mandi getih Baloboran getih lantaran
tatu.
16. Mandi oray Mandi ngan sakilat, mandi ngan
sakecebes, teu make sabun.
17. Mangkok emas eusi madu Jelema anu
omongna, lampahna, nepi ka hatena oge hade.
18. Mangpengkeun kuya ka leuwi Nu dititah ka
lembur asalna kari-kari ngalelep teu balik deui.
19. Manis lambe Jangji sanggup naon-naon tapi
ngan omong wungkul (kalah ka omong)
20. Manuk hiber ku jangjangna Jelema hirup ku
akalna.
21. Maot ulah manggih tungtung, paeh ulah
manggih beja Sing bener waktu keur hirup, supaya ulah diomongkeun upama geus
maot.
22.
Mapatahan naek ka monyet Mapatahan ka nu leuwih pinter.
23. Mapatahan ngojay ka meri Mapatahan ka
jalma nu leuwih loba kanyahona jeung pangalamanana.
24. Mapay ka puhu leungeun Kasalahan jelema
sok mamawa goreng ka kolotna atawa ka saluhureunana.
25. Maras miris Teu pati wani.
26. Marebutkeun (ngagugulung) balung tanpa
eusi Marebutkeun perkara anu teu aya gunana.
27. Marebutkeun paisan kosong Marebutkeun
perkara nu teu aya gunana.
28. Mata dijual ka peda Dilarapkeun ka nu
malaweung, nepi ka teu awas ka nu disanghareupan (mata molotot tapi teu awas).
29. Mata duiteun Piduit pisan.
30. Mata karanjang Sadeuleu-deuleuna,
bengbatan, biasana lalaki ku awewe.
31. Mata simeuteun Ngarasa heran, nepi ka
olohok teu ngiceup-ngiceup.
32. Matak andel-andeleun Matak ngurangan
kapercayaan nepi ka handeueul nu nitah.
33. Matak ibur salelembur, matak ear
sajajagat Matak geunjleung, jadi carita di mana-mana.
34. Matak muringkak (muriding) bulu punduk
Matak cararengkat bulu punduk, lantaran sieun ku nu lain-lain keur nyorangan.
35. Matak pajauh huma Matak hese silih
anjangan atawa matak teu silih pikanyaah.
36. Matak tibalik aseupan Matak teu bisa
nyangu.
37. Maung malang (maung sarungkun)
Sabondoroyot atawa sakulawarga ngawangun ponggawa atawa pagawe di hiji desa,
tapi dina bendengna alahbatan jeung deungeun-deungeun haseum.
38. Maung ngamuk gajah meta Bancang pakewuh.
39. Maung ompong, bedil kosong, kareta kosong
Jalma nu boga komara man sanajan geus teu nyekel kakawasaan oge teu weleh dipikaserab.
40. Maut ka puhu Pasea budak mamawa ka kolot.
41. Maut nyere ka congona Asal beunghar,
beuki kolot beuki kokoro; hirup susah pakokolot atawa ngarandapan kurang rejeki
sanggeus kolot.
42. Meber-meber totopong heureut
Ngajeujeuhkeun rejeki saeutik supaya mahi.
43. Menta buntut Menta deui.
44. Mere langgir kalieun Mere barang (duit)
nu kudu diakalan heula ku nu dibere, bari can tangtu hasilna.
45. Medal sila Ninggalkeun riungan lantaran
ambek atawa wirang.
46. Melengkung beukas nyalahan Keur ngorana
bageur, tapi ari geus kolot henteu eucreug; atawa nu ditaksir hade tapi goreng
jadina.
47. Melengkung umbul-umbulna, ngerab-ngerab
banderana Ngagambarkeun iring-iringan atawa kaayaan di tempat pesta.
48. Mending kendor ngagembol tinimbang (tibatan)
gancang pincang Mending keneh lila tapi hasilna alus tibatan gancang tapi
hasilna goreng.
49. Mending pait ti heula tinimbang pait
tungtungna Dina urusan jual-beuli atawa usaha kudu asak heula badami, bisi jadi
pacogregan di ahirna.
50. Meubeut meulit Nyarekan bari mamawa
(nyabit-nyabit) ka nu lian nepi ka balukarna goreng.
51. Meuli teri meunang japuh Kalawan teu
disangka-sangka ti samemehna urang meunang milik anu leuwih gede.
52. Meunang kopi pait Digelendeng atawa
dicarekan ku dunungan.
53. Meunang luang tina burang Meunang
pangalaman pait lantaran cilaka heula.
54. Meungpeun carang (ku ayakan) Api-api teu
nyaho (teu nenjo), ngantep batur milampah pagawean anu dilarang.
55. Meupeus keuyang Ngabudalkeun kakeuheul
atawa amarah ka nu teu tuah teu dosa, tampolana kana barang, lantaran ka nu
boga kasalahanana mah teu wani ngambek.
56. Miceun batok meunang coet Miceun anu
goreng ku sabab hayang meunang anu alus, tapi tungtungna mah kalah meunang nu
goreng deuibae.
57. Miceun beungeut Ngabalieur, embung
pateuteup lantaran ngewa atawa era.
58. Mihape hayam ka heulang Teu boga wiwaha,
titip barang atawa harta banda ka nu geus katotol teu jujur.
59. Mihapekeun maneh Nyieun pikanyaaheun
jeung pikaresepeun nu dicicingan atawa nu jadi dunungan.
60. Milih-milih rabi, mindah-mindah rasa
Ganti pamajikan sugan leuwih ngarepok.
61. Milik teu pahili-hili, bagja teu
paala-ala Rijki mah moal patukeur. Allah anu ngarijkian sakabeh mahluk-Na.
62. Mindingan beungeut ku saweuy Nyimbutan
rasiah sorangan nu geus kanyahoan ku batur.
63. Mipit kudu amit ngala kudu menta Teu
meunang cocorokot kana barang batur.
64. Miyuni (cara) hurang, tai ka
hulu-hulu-(na) Bodo pisan.
65. Miyuni hayam kabiri, ngeplek jawer
ngandar jangjang, kumeok eleh ku bikang Leutik burih, euweuh kawani. Tingali
oge Ngeplek jawer ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri.
66. Miyuni hui kamayung Teu payaan, katoel
saeutik ngambek.
67. Miyuni umang Teu daek ihtiar nepi ka bisa
boga imah sorangan (saumur-umur nyewa atawa ngontrak).
68. Moal aya haseup mun euweuh seuneu Sagala
rupa beja tangtu aya benerna, sanajan sok loba tambahna nu meunang ngareka.
69. Moal ceurik menta eusi Henteu maksa
hayang dibere atawa dieusian.
70. Moal ditarajean Teu sieun, wani.
71. Moal jauh laukna Moal hese
piuntungeunana.
72. Moal mundur (ngejat) satunjang beas Teu
sieun teu gimir saeutik eutik acan.
73. Moal neangan jurig nu teu kadeuleu Moal
nyangka ka saha-saha
74. deui nu boga dosana, lantaran Si Dadap
geus katotol teu jujur.
75. Moal ngabejaan indung suku Rusiah pisan,
moal dibeja-beja.
76. Mobok manggih gorowong Eukeur mah aya
maksud, ari heg aya jalan pikeun ngahasilkeun usaha nu keur dipaju.
77. Modal dengkul Modal mangrupa kadaek jeung
tanaga wungkul, teu make duit.
78. Monyet dibere (se)sengked Dibere
kasempetan komo ngahanakeun (kana kalakuan goreng).
79. Monyet kapalingan jagong Nu maling
kapalingan, tukang tipu katipu.
80. Monyet ngagugulung kalapa Nyaho luarna
wungkul, teu apal kana jerona.
81. Mopo memeh nanggung Wegah memeh pek
ngalaksanakeun pagawean.
82. Moro julang ngaleupaskeun peusing
Ninggalkeun kauntungan nu geus tangtu, moro nu tacan puguh.
83. Moro taya, tinggal kaya Pakaya nu geus
mukti ditinggalkeun, lantaran pindah ka tempat nu singsarwa euweuh.
84. Mucuk eurih (Ramo kuku awewe) lalencop
kawas pucuk eurih.
85. Muga sing ngarendekeh kawas sereh,
ngarandakah manan manjah Sing loba turunan.
86. Mukti wibawa Hirup senang sarta pada
ngambeuan jeung pada ngahormat lantaran boga pangaruh.
87. Mulih ka jati mulang ka asal Maot, asal
ti Alloh balik deui ka Alloh.
88. Mun di lembur kayu randu, mun di leuweung
kayu dangdeur, dipake pamikul bengkung, dipake pangeret bingkeng, dipake pancar
teu ruhay, dipake tihul teu hurung Jelema anu taya pupurieunana atawa
araheunana, lantaran sagala pugag atawa taya kabisa.
89. Mun kiruh ti girang, komo ka hilirna
Lamun pamingpin lampahna kurang hade/ komo nu dipingpinna.
90. Mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu
ngarah moal ngarih, mun teu ngoprek (ngopek) moal nyapek Lamun teu usaha/
digawe moal boga dahareun.
91. Muncang labuh ka puhu, kebo mulih
pakandangan Balik ti pangumbaraan ka tempat asal sarta teu niat ingkah deui.
92. Mupugkeun tai kanjut Kariaan leuwih gede
ti biasa, lantaran ku ijiran moal rek kariaan deui (ngawinkeun atawa nyunatan
anakbungsu).
93. Murag bulu bitis Teu betah cicing di
imah, karesepna ngan nyaba bae.
94. Murah sandang murah pangan Teu
kakurangan, loba pakeeun jeung dahareun (di nagara nu raharja).
95. Muriang teu kawayaan Kalah wowotan, teu
kuat nyangga lara ati, upamana anu keur kabungbulengan (kaedanan).
96. Mustika pagulingan Wanoja geulis pisan.
97. Musuh (satru) kabuyutan Musuh ti baheula
nepi ka ayeuna, atawa musuh turunan kawas ucing jeung anjing.
PARIBASA SUNDA N
N
1. Naheun bubu pahareup-hareup
Pahutang-hutang nepi ka pada kagok nagih (pihutangeun).
2. Najan dibawa ka liang cocopet, moal
burung nuturkeun Dibawa ka mana-mana oge daek (awe we ku salakina).
3. Nanggung bugang Ditinggalkeun maot ku
lanceuk jeung ku adi.
4. Nangkeup mawa euyeub (eunyeuh) Mawa
cilaka ka nu dipentaan tulung.
5. Nangtung di kariungan, ngadeg di
karageman Kumpulan barempug (ragem), musawarah.
6. Nembongkeun sihung Nembongkeun kapunjul
(kakawasaan,kabeungharan, kapinteran) dirina sangkan dipikaserab atawa
dipikasieun batur.
7. Neneh bonteng Ngogo ka budak, tapi ari
ambek gampang neunggeul.
8. Nepakeun jurig pateuh Mindahkeun
kagorengan ka batur sangkan sorangan salamet.
9. Nete akar ngeumbing jangkar Seseleket ka
nu hese, nyorang wewengkon anu rumpil.
10. Nete porot ngeumbing lesot Sagala ihtiar
teu hasil.
11. Nete semplek nincak semplak Kitu salah
kieu salah; sagala rupa ihtiar teu hasil.
12. Nete taraje nincak hambalan Kudu merenah,
kudu puguh pereleanana (ti handap heula).
13. Nepak cai malar ceret Ngagunakeun akal,
supaya batur nyaritakeun perkara anu ku urang keur ditalungtik.
14. Nepak dada Ngagulkeun jasa diri sorangan.
15. Nepi ka nyanghulu ngaler Nepi ka paeh.
16. Nepi ka pakotrek iteuk Nepi ka pakokolot
pisan (nu awet lakirabi ti keur pada ngora).
17. Nepung-nepung bangkelung Ngaraketkeun
babarayaan ku jalan bebesanan.
18. Neukteuk curuk dina pingping Nyilakakeun
baraya atawa batur sagolongan.
19. Neukteuk leukeur meulah jantung, geus
lain-lainna deui Teu hayang dibalikan deui (awewe ka urut salakina).
20. Neukteuk mere anggeus Mutuskeun hubungan.
21. Neundeun hate Aya kahayang nu henteu
dikedalkeun.
22. Neundeun piheuleut nunda picela Neangan
lantaran supaya jadi goreng atawa bengkah.
23. Ngabejaan bulu tuur Ngabejaan perkara nu
geus teu aneh keur nu dibejaan, da geus nyahoeun.
24. Ngabeungeutan Nembongkeun kagetolan jeung
kasatiaan dina mimiti kumawula wungkul.
25. Ngaboretekeun liang tai di pasar
Nyaritakeun rasiah sorangan nu matak aeb.
26. Ngabudi ucing Kawas nu teu karep, api-api
teu hayang, padahal ngadagoan batur bongoh.
27. Ngabudian Nembongkeun pasemon ngewa,
buad-baeud.
28. Ngabuntut bangkong Teu bisa mere
katerangan nepi ka eces pisan, atawa teu sanggup nganggeuskeun pagawean.
29. Ngaburuy Nginum cai wungkul bari teu make
lalawuh (upamana semah nu teu disuguhan kadaharan).
30. Ngacak-ngebur Mangpang-meungpeung sabab
sagala geus nyampak.
31. Ngadagoan belut buluan (sisitan), oray
jangjangan Moal kaalaman, mustahil kajadian.
32. Ngadagoan kuda tandukan Ngaharepkeun
perkara nu mustahil bisa kajadian.
33. Ngadagoan uncal mahpal (mabal) Ngadagoan
rejeki bari teu ihtiar.
34. Ngadago-dago (nganti-nganti) dawuh Tereh
maot.
35. Ngadaweung (ngalangeu) ngabangbang
(ngawangwang) areuy (tineung) Ngadaweung bari kawas nu jarauh panineungan.
36. Ngadek sacekna, nilas saplasna Nyarita
satarabasna, teu direka.
37. Ngadeupaan linear Karalang-kuriling
deukeut imah nu keur hajat (sidekah) ngarah diaku atawa diondang.
38. Ngadu angklung Parebut omong atawa
parea-rea omong nu taya gunana
39. Ngadu bako Ngobrol ngaler-ngidul bari teu
puguh jejerna.
40. Ngadu-ngadu rajawisuna Ngahudangkeun
amarah batur ngarah parasea.
41. Ngagandong kejo, susah nyatu Loba
titaheun ngan hanjakal ku hese nitahna, lantaran euweuh nu daekeun.
42. Ngagedag bari mulungan Nanyakeun hiji
perkara anu manehna sorangan teu nyaho jawabanana, susuganan bisa terus nyaho
tina jawaban ti anu ditanyana.
43. Ngahihileudan Ngahalang-halang jadina
hiji perkara ku jalan ngagogoreng, nyingsieunan atawa mitenah.
44. Ngahuntu kala Paselang nu luhur jeung nu
handap dina jajaran.
45. Ngahurun balung ku tulang Jelema nu diuk
bari nangkeup tuur lantaran keur susah atawa keur bingung.
46. Ngajeler paeh Ngajepat alus (halis).
47. Ngajerit maratan langit, ngoceak maratan
mega (jagat) Ngajerit tarik pisan.
48. Ngajual jarum ka tukang gendong Niat nipu
ka nu pinter,
49. Ngajul bentang (bulan) ku asiwung
Mikahayang nu pamohalan bisa kalaksanakeun.
50. Ngalalakon Nyieun peta nu matak
ngahesekeun.
51. Ngalambang sari Awewe atawa lalaki nu
geus boga salaki atawa pamajikan ngalakukeun hubungan seks di luar nikah;
jinah.
52. Ngalamot curuk Teu beubeunangan, teu
hasil.
53. Ngalap hate Ngagenahkeun hate batur
sangkan nyaaheun ka urang.
54. Ngalenghoy lir ma can teu nangan Awewe nu
leumpang ngalenghoy atawa ngalanggeor.
55. Ngaletak ciduh Teu tulus atawa
ngabatalkeun omongan.
56. Ngalebur tapak (dosa) Ngaleungitkeun
lampah goreng, supaya migawe nu hade.
57. Ngalegokan (ngajeroan) tapak Nambahan
kasalahan atawa dosa.
58. Ngaleut-ngaleut (ngeungkeuy)
ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang Iring-iringan nu panjang naker.
59. Ngaliarkeun taleus ateul Resep
ngucah-ngaceli kagorengan batur.
60. Ngalingling ngadeuleu maling Nenjo bari
susulumputan da embung kanyahoan ku nu ditenjo atawa ku batur.
61. Ngalintuhan maung kuru Neangan
pibahayaeun.
62. Ngalungkeun kuya ka leuwi Nempatkeun
jelema (pagawe) ka lemburna sorangan.
63. Ngan ukur saoleseun Ngan ukur keur
kaulinan atawa keur saheulaanan, lain rek enya-enya dijieun pamajikan nu bener.
64. Ngandung hate Ngunek-ngunek, boga hate
goreng hayang males kanyeri; rasa teu ngeunah dina hate anu can
leungit-leungit.
65. Nganjuk kudu naur, ngahutang kudu mayar
Pihutang, tagihan, sabalikna tina hutang-hatong.
66. Nganjuk teu naur, ngahutang teu mayar
Ngajeblug.
67. Nganyam samak neukteukan bari motongan
Neang anak ngadeukeutan popotongan.
68. Ngarah ngarinah Ngarugikeun batur ku
jalan ngabobodo, nipu,jste.
69. Ngarah sahuap-sakopeun Usaha leuleutikan,
neangan rejeki saharitaeun.
70. Ngaraja dewek Marentah nagara nurutkeun
kahayang sorangan.
71. Ngarangkay koja Robah adat, tina hade
kana goreng, ngan henteu ngadadak, tapi lila.
72. Ngarawu ku siku Hayang loba panghasilan
ku rupa-rupa usaha nu tungtungna teu kaurus, sabalikna tina karawu kapangku.
73. Ngareuntaskeun (ngarangkaskeun) dungus
Kalaksanakeun
74. ngawin kabogoh ti keur ngora dina umur
pakokolot.
75. Ngarujak sentul Nu keur paguneman
pahare-hare, batur ka kidul ieu ka kaler.
76. Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam Mere
maweh ka deungeun-deungeun ari ka baraya joledar.
77. Ngawurkeur\wijen kana keusik Pagawean nu
mubadir.
78. Ngeplek jawer ngandar jangjang, miyuni
hayam kabiri Kecing,borangan, elehan.
79. Ngebutkeun totopong Ngetrukkeun
elmu-pangabisa.
80. Ngeduk cikur kudu mihatur, nyokel jahe
kudu micarek, ngagegel kudu bewara Kudu menta idin heula ka nu bogana.
81. Ngegel curuk (basa Sunda kamalayon tina
menggigit jari) Teu beubeunangan, teu hasil.
82. Ngembang awi Ngeumbreuk, teu laku
dagangan (asal tina eumbreuk).
83. Ngembang bako Bosongot (asal tina
bosongot).
84. Ngembang bolang Ancal-ancalan keneh,
tacan ceuyah bubuahan (asal tina ancal).
85. Ngembang boled Tetela (asal tina katela).
86. Ngembang cau Jantungeun (asal tina
jantung).
87. Ngembang cengek Mencenges, nenggang ti nu
sejen, nu geulis (asal tina pencenges).
88. Ngembang genjer Gelenye (asal tina
gelenye).
89. Ngembang jaat Jalingeur (asal tina
jalingeur).
90. Ngembang jambe Kumayangyang (asal tina
mayang).
91. Ngembang jambu Lumenyap (asal tina
lenyap).
92. Ngembang jengkol Merekenyenyen (asal tina
merekenyenyen).
93. Ngembang kadu Olohok (asal tina olohok).
94. Ngembang kaso Curiwis (asal tina
curiwis).
95. Ngembang laja Jamotrot (asal tina
jamotrot).
96. Ngembang lopang Nyacas (asal tina cacas).
97. Ngembang pare Baringsang (asal tina
ringsang).
98. Ngembang tiwu Ngabadaus (asal tina
badaus).
99. Ngembang waluh Alewoh (asal tina alewoh).
100. Ngembang wera Beureum beungeut lantaran
ambek atawa era (asal tina wera).
101. Ngembat-ngembat nyatang pinang Kacida
panjangna, iring iringan, aleutan.
102. Ngepung meja Dariuk sakurilingeun meja,
rek dalahar.
103. Ngeunah angen ngeunah angeun Senang hate
(taya kasusah) jeung ngeunah barangdahar.
104. Ngeunah Eon teu ngeunah Ehe Hayang
ngeunah sorangan bae, teu ngingetkeun kaperluan batur, teu adil lantaran nu
sapihak pinter kodek.
105. Ngeunah nyandang ngeunah nyanding Hirup
senang lantaran cukup pake jeung nyandingkeun pamajikan nu satia.
106. Ngeundeuk-ngeundeuk geusan eunteup
Neangan akal pikeun nyilakakeun dunungan.
107. Ngeupeul ngahuapan maneh Mere nasehat
atawa nyieun aturan kalawan maksud nguntungkeun sorangan.
108. Ngindung ka waktu, ngabapa ka mangsa
Nyurupkeun kalakuan kana kaayaan jaman.
109. Ngijing sila bengkok sembah Teu satia ka
dunungan.
110. Ngimpi ge diangir mandi Palias, bararaid
teuing, kacida teu panujuna, teu (tarima) meueus-meueus acan.
111. Ngingu (ngukut) kuda kuru, ari geus
lintuh (gede) nyepak Miara atawa ngamemenan jalma walurat, ari geus senang jadi
cucungah.
112. Nginjeum sirit ka nu kawin Nginjeum
barang (parabot) anu keur dipake ku nu bogana, jeung ngan sakitu-kituna.
113. Ngodok Hang buntu Geus hese cape, ari pek
teh teu hasil sabab aya nu ngahalangan.
114. Ngomong(na) sabedug sakali Arang ngomong.
115. Ngorbankeun jiwa jeung raga Ngorbankeun
sagala rupa nu dipibanda, sanajan nepi ka nyawa pisan.
116. Ngotok ngowo Cicing bae di imah, tara
liar.
117. Ngudag-ngudag kalangkang heulang
Ngarep-ngarep perkara anu samar kalaksanakeun.
118. Ngukur baju sasereg awak Hirup
saeukeurna, dina papait jeung mamanis teu daek pacorok jeung batur.
119. Ngukur ka kujur nimbang ka awak
Diluyukeun jeung kaayaan atawa pangaboga.
120. Ngulit bawang Ipis, henteu terus kana
hate.
121. Ngusap birit bari indit Ninggalkeun
pasamoan tanpa pamit heula.
122. Ngusik-ngusik ula mandi, ngobah-ngobah
(ngahudangkeun) macan turu Ngagugat-gugat perkara nu geus kaliwat, sarta nu
temahna matak nimbulkeun deui pacogregan.
123. Nikukur Nyebut ngaran sorangan ka nu
anyar pinanggih.
124. Nilik bari ngeusi Babanda ngumpulkeun
parabot imah henteu disakalikeun, tapi ditungtut saeutik-saeutik.
125. Nimu luang tina burang Meunang pangalaman
lantaran cilaka heula.
126. Nincak parahu dua Migawe dua perkara anu
upama teu bisa bener, gede atawa aya bahlana; digawe ngarancabang (biasana tara
bener hiji-hiji acan).
127. Ninggalkeun hayam dudutaneun Ninggalkeun
pagawean nu can anggeus.
128. Nini-nini dikeningan, ewe randa dihiasan
Ngararangkenan barang nu geus butut, najan dirias dihade-hade oge angger bae
teu katenjo alus.
129. Nini-nini leungit sapeuting, tai maung
huisan Katuding pedah aya patalina jeung kajadian nu jadi perkara.
130. Nista, maja, utama Sakali keun bae, dua
kali dihampura keneh, ari katilu kali mah lain antepeun (urusan kagorengan).
131. Nongtot jodo Geus aya anu ngalamar tapi
bedo deui.
132. Noong ka kolong Leutik hate, pondok
pikiran.
133. Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang
moha Nu nyieun kahadean dibales ku kagorengan.
134. Nu borok dirorojok, nu titeuleum
disimbeuhan Nu keur susah dipupuas atawa ditambahan kasusahna.
135. Nu burung diangklungan, nu gelo
didogdogan, nu edan dikendangan Anu gedebul dihaminan supaya tambah maceuh.
136. Nu geulis jadi werejit, nu lenjang jadi
baruang Nu geulis bisa jadi matak ngabahlakeun (ngabahayakeun) ka lalaki
(salaki).
137. Nu titeuleum disimbeuhan Nu keur cilaka
dipupuas. Ilikan oge Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan.
138. Nuju hurup ninggang wirahma Pasehat tur
ngeunah laguna (nu ngaji).
139. Nulungan anjing kadempet (tiselap)
Nulungan jelema nu taya panarimana.
140. Numbuk di sue Meneran keur sue sawatara
kali.
141. Nunggul pinang Geus teu boga baraya.
142. Nungtut bari ngeusi Usaha ngulik elmu
atawa ngumpulkeun rejeki saeutik-saeunk nepi ka aya buktina.
143. Nurub cupu Ngarepok, sarua alusna.
144. Nutup lobang ngali lobang Mayar hutang ku
duit meunang nginjeum.
145. Nuturkeun indung suku Leumpang
sakaparan-paran, henteu puguh anu dijugjug.
146. Nya di hurang, nya di keuyeup Boh di
menak boh di kuring, wiwirang atawa kateungeunahan hate mah sarua bae.
147. Nya ngagogog nya mantog/Ngagogog bari
mantog 1. Manehna nu nyieun surat, manehna oge nu nganteurkeun; 2. Nitah digawe
ka batur bari jeung prakna ku sorangan.
148. Nya picung nya hulu maung Hare-hare,
batur ngaler ieu ngidul (jawaban atawa caritaan dina paguneman).
149. Nyaah dulang Nyaahna ka anak ngan ngurus
dahar pakena, henteu nguruskeun atikanana.
150. Nyaeuran gunung ku taneuh, nyaeuran
sagara ku uyah Mere atawa nambahan kauntungan (kakayaan) ka anu geus beunghar.
151. Nyaho lautanana Nyaho karesep jeung
kateuresepna.
152. Nyair hurang meunang kancra Kabeneran
meunang untung gede ku usaha leuleutikan.
153. Nyakrawati bahu denda Marentah,
ngaheuyeuk nagara.
154. Nyaliksik ka buuk leutik Barangpenta
atawa ngarah kauntungan ku rupa-rupa jalan ti rayat (dilakukeun ku pamingpin
atawa kapala nu kadedemes).
155. Nyalindung di caangna Ngahaja meres rayat
(bawahan) supaya meunang kauntungan nu leuwih gede, ku jalan ngajual nga-ran
pamarentah, pangagung, atawa dunungan.
156. Nyalindung ka gelung Lalaki nu cicing,
ari awewe digawe. Atawa lalaki teu boga, boga pamajikan ka nu beunghar.
157. Nyandang tatali Ditalian atawa dibarogol
lantaran boga dosa.
158. Nyanggakeun beuheung teukteukeun, tikoro
gorokeun, suku genteng belokeun Masrahkeun maneh pikeun dihukum lantaran
rumasa boga dosa.
159. Nyanggakeun buukna salambar, getihna
satetes Pokpokan lalaki nu nyerenkeun pamajikanana ka mitoha dina waktu
nyerahkeun.
160. Nyanghulu ka jarian Ngadunungan ka jelema
nu sahandapeun martabatna.
161. Nyaur kudu diukur, nyabda kudu dtungang
Omongan kudu ditimbang-timbang heula bisi nyentug kana hate batur.
162. Nyecepo ka nu rarempo Ngahinakeun ka
jalma anu teu boga.
163. Nyekel sabuk milang tatu Ngadu jajaten,
gelut atawa perang.
164. Nyeri beuheung sosonggeteun Geus lila
ngadagoan nu kuduna geus datang.
165. Nyeri peurih geus kapanggih, lara wirang
geus kasorang Sagala dodoja hirup geus kaalaman.
166. Nyeungeut damar di suhunan Nembongkeun
kabeungharan atawa mere maweh ka deungeun-deungeun ngarah pamuji.
167. Nyeungseurikeun upih murag
Nyeungseurikeun batur padahal ku mariehna bakal kasorang.
168. Nyiar batuk pibaraheun, nyieun piheueuh
Neangan pipanyakiteun (pipaseaeun).
169. Nyiar teri meunang japuh Meunang untung
gede ti batan nu diharepkeun.
170. Nyiduh ka langit Mapatahan ka saluhureun
(pangpangna dina kanyaho atawa elmu).
171. Nyieun catur taya dapur Ngarang carita
teu puguh galurna.
172. Nyieun piandel Ngatur carita bohong
ngarah dipercaya.
173. Nyieun pucuk ti girang Nyieun jalan
pipaseaeun.
174. Nyiruan teu resepeun nyeuseup nu
pait-pait Kalumrahanana jelema mah teu resepeun cacampuran jeung nu miskin.
175. Nyiuk cai ku ayakan Migawe (kalakuan) nu
moal aya hasilna. Nyium bari ngegel Muji bari ngarepkeun dibere.
176. Nyokot lesot, ngeumbing porot Sagala rupa
ihtiar atawa tarekah teu hasil.
177. Nyolok mata buncelik Ngalampahkeun
naon-naon di hareupeun hiji jelema, kalayan maksud nganyenyeri kana hate eta
jelema.
178. Nyolong bade Siga bageur tapi jahat.
179. Nyoo gado Ngunghak, ngaheureuykeun.
180. Nyukcruk leuwi malar cai, nyiar seuneu kundang
damar Nyusul-nyusul pituduh batur nu jauh gara-gara teu waspada ka nu nyampak
di pribadina.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar