Ku K.H. Usman Salehuddin
Ti beurang keneh angkeub pihujaneun meded katembong beulah ti
wetan aya buntut hujan, angin bula-bali guludug pasambung-sambung ditema
ku gelap ngampar. Teu lila ngan breg bae hujan ngagebret, dibarung
jeung angin ngagelebug. Teu saeutik kenteng-kenteng imah anu haliber
kabawa angin. Tara-tara ti sasari ti wahangan kadenge sora seah, caina
umpal-umpalan beuki lila beuki lebleban, mimiti kolong kakeeum hayam
rabuL kaluar. Umur-umuran ka lembur eta make aya caah gede, kituna teh
bari hujan can deuk raat, ari geus tepi kana lebah palangkakan mah
pengeusi lembur teh paburisat moro tempat anu rada luhur nu teu katepi
ku cai caah.
Atuh, teu saeutik banda beunang hese cape itikurih teh
jadi lapur kakeueum, geus puguh ari sasatoan mah loba anu paralid,
tatangkalan raruntuh sawah-sawah kakeueum balong-balong laukna loba anu
teu pisan aya sesana kalabur bareng jeung cai caah.
Rengse salat
subuh caah teh geus orot, ngan kari runtah bawa caah tea, diunggal
buruan jeung dikolong imah patengah jeung leutak, acan bangke-bangke
sasatoan anu paraeh lantaran kakeueum.
Ari keur jalma leutik mah ku
caah sakitu oge jadi kakukud sagala-galana dan puguh hirup ukur ngan
ukur korah-koreh cak, teu boga teundeun sampeureun sakalieun keuna ku
puraga. Katurug-katutuh deuih, sarengsena caah teh pagebug kasakit
pangpangna barudak leutik umum baratuk, katarajang panas, mencret nyeri
panon jaeung sasalad.
Ari ceuk anu jareneng mah, cai caah teh bongan
tatangkalan anu kuduna dipiara kalah ditaluaran, leuweung-leuweng jadi
darugul, nya teuing saha anu nyarakuan duitna mah, da asa piraku ari
ungal jalma daek nuar sangeunahna. Tapi najan kitu ari keur jalma teutik
mah, nuar kai oge moal sabaraha ngaruksak da ukur ku tanaga kampak,
balincong jeung tanaga taktak, nuar satangkal oge mial anggeus, ku dua
tilu poe. Tapi eta anu palinter anu jareneng ngadugulan leuweung teh
cukup ku neken, malah jeung gunung-gunungna jadi nu maranehna. Pakean
saragem, unggal bulan meunang gajih pangkat naek geus rengse mangsa
nyekel dines tuluy narima pangsiun, bari ku rakyat leutik kudu dihormat
da puguh keur kawasa nyekel aturan.
Rengse salat subuh, kai Adma, kai
Atam jeung kai Sahamah sapikiran, heunteu wara balik ka imah, Tapi
arindit neang lembur anu kacaahan tea. Harita loba keneh anu can balik
ka imahna, ngadon ngajrek di imah dulur-dulurna anu teu katepi ku cai
caah. Tua kampung lembur eta imahna rada luhur teu katepi ku cai caah,
malah didinya jalma-jalma teh ngadon nungsi samemeh lemburna bisa
dicicingan deui.
Bari seuseurian tua kampung nyaritakeun, “cenah aya
jalma kabeneran keur natamu basa harita kajadian caah tea, hujan keur
ngagebret, angin bula-bali dahan-dahan tatangkalan keur loba anu
pareunggas jol deuih cai Caah, nya saha anu teu tagiwur. Isukna ibur
cenah aya jalma anu sanggup ngeureunkeun hujan angin, ku cara nololkeun
keris karuhun tina jendela, tapi hujan angin teh teu reureuh-reureuh
malah kalah beuki motah, tuluy ngawur-ngawur cangkaruk mulud hare-hare,
disambung ku babacaan dicampur ku jangjawokan, da puguh taya hasilnanya
teu aya anu nganggap kalah pada nyeungseurikeun. Nya meureun tamba era,
agur-
agurna mah cenah lain teu maunat, ngan nyaeta jalma-jalma urang
lembur ieu teh keur apes, bongan teu make ka karuhun tara aya kaingetan
geus loba jalma anu tara nyekar ka kuburan geus loba anu tara nyuguh.
Tah kieu cenah kabuktianana, sakieu oge untung keneh karuhun teh teu
menta korban nyawa anu kudu jadi wadal.
Rengse caah tea aya jalma anu
aduregeng pakeukeuh-keukeh teu aya anu daek ngelehan, pedah eta meunang
lauk emas badag bibit pegarkeuneun aya kana tilu kilona. Aya jalma anu
datang nawarkeun jasa, keun bae cenah ku kuring nu kieu wae mah urang
bereskeun sangkan silih eledan. Ngan nyaeta kudu aya waragad heula, da
ka ditu ka dieu teh kudu make angkas-ongkos jeung moal bisa ku saeutik.
Ceuk nu saurang deui kuring sanggup mereskeun ngan engke laukna kudu
dibagi-bagi, da puguh saha anu teu beuki lauk.
Nya duka teuing
meureun beunang baradami, nu saurang diangkat minangka hakimna saurang
deui minangka jaksana nu saurang deui minangka nu bebelana. Saeunggeus
dua urang anu padu teh, ngaluarkeun sa anu sewang di tarima ku anu
saranggup mereskeunana tea, atuh der bae perkara teh digelar, saengges
eta lauk diasakan heula.
Ceuk anu saurang kumaha lamun dijual wae,
duitna bagi dua, ceuk anu saurang deui kumaha lamun laukna bae dibagi
dua teh, da ari kudu dijual heula mah kudu aya waktu, tangtu moal kabawa
ayeuna jeung ku saha baris dijualna.
Putusannana laukna bae
ditimbang dikait lebah tengahna, sarerea ngabandungan atuh lauk teh
beurat ka hulu, sangkan saimbang dicewol ku juragan hakim tapi nyewolna
gede teuing, atuh jadi beurat ka buntutna, cewol deui ku juragan jaksa,
nya teuing kumaha nyewolna ayeuna mah jadi nyonggeat beurat pisan ka
huluna, cewol deui ku anu sanggup bebela tea.
Nya ari geus beak mah
dagingna ti hulu tepika buntut, atuh, ayeuna ngan kari cucukna, ku anu
nyaraksian kabandungan ayeuna mah jadi saimbang, pas ka ditu ka dieu teu
pisan kurang saeutik. Geus kitu mah kakara dipasrahkeun ka duaan anu
padu tea.
Ari geus kitu mah anu paradu teh jadi alakur, malah
sajajalan bari balik teh teu reureuh ngawarangkong, ringkesna mah
nyugemakeun cenah ieu putusan teh, bungah lauk anu teu puguh halal
haramna teh teu katuang ku jalma-jalma anu saroleh moal kudu ngajawab
dina hisab yaumal kiyamah.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar