Ku: Ibnu Muchtar
Gusti Allah parantos ngadamel manusa ku pangsaena adegan sarta pangkumplitna parabot hirupna, nyaeta anggota anu rupa-rupa gunana serta dipasihan akal pikeun mikir dina ngatur hirup dina kumbuhna, beda sareng makhluk-makhluk nu sanesna.
Pidawuh Allah Swt:
وَلَقَدْ كَرَّمْنَا بَنِي آدَمَ وَحَمَلْنَاهُمْ فِي الْبَرِّ وَالْبَحْرِ وَرَزَقْنَاهُمْ مِنَ الطَّيِّبَاتِ وَفَضَّلْنَاهُمْ عَلَى كَثِيرٍ مِمَّنْ خَلَقْنَا تَفْضِيلًا
Hartosna: “Jeung satemen-temenna Kaula geus ngamulyakeun ka anak-incu Nabi Adam. Kaula geus ngangkut maranehna di daratan (make tutumpukan) jeung lautan (make parahu atawa kapal). Kaula geus mere rejeki anu aralus atawa ngareunah ka maranehanana jeung Kaula geus ngaleuwihkeun ka maranehanana anu sampurna pisan, ngaleuwihan ti kalolobaan mahluk Kaula.” (QS. Isra, 17:70).
Saur Imam al-Maraghi, “Nu dimaksud ku kalimah kalolobaan mahluk Kaula (Allah) nyaeta salian ti malaikat. Cindekna, ieu ayat mangrupakeun pangjurung sangkan manusa sukur kana ni’mat sarta henteu ka campuran ku musyrik, sabab Allah geus netepkeun keur manusa naon bae nu aya di daratan jeung lautan. Dalah Mantena parantos miara manusa kalawan hade sarta maparin pituduh tina parahu atawa kapal nu dijieun sarta dipake ngalaut, oge Mantena geus mere rejeki anu aralus atawa ngareunah ka maranehanana, jeung geus ngaleuwihkeun ka maranehanana ngaleuwihan ti kalolobaan mahluk Allah.” (Tafsir al-Maraghi, juz 15, kaca ka 146)
Kumargi, manusa teh pangmulya-mulyana makhluk Allah lamun seug maranehna tiasa ngamangpaatkeun eta parabot hirupna sakumaha mistina. Tapi upama henteu tiasa, balukarna jadi makhluk anu panghina-hinana, langkung hina tibatan sato.
Pidawuh Allah Swt:
وَلَقَدْ ذَرَأْنَا لِجَهَنَّمَ كَثِيرًا مِنَ الْجِنِّ وَالْإِنْسِ لَهُمْ قُلُوبٌ لَا يَفْقَهُونَ بِهَا وَلَهُمْ أَعْيُنٌ لَا يُبْصِرُونَ بِهَا وَلَهُمْ آذَانٌ لَا يَسْمَعُونَ بِهَا أُولَئِكَ كَالْأَنْعَامِ بَلْ هُمْ أَضَلُّ أُولَئِكَ هُمُ الْغَافِلُونَ
Hartosna: “Jeung demi satemenna Kaula geus nyieun pikeun eusi naraka jahanam teh nyaeta ti kalolobaanana jin jeung manusa anu maranehanana ngabarogaan hate tapi henteu dipake ngahartikeun kana ayat-ayat Allah, maranehanana ngabarogaan panon tapi henteu dipake nempo kana tanda-tanda kakawasaan Allah, maranehanana ngabarogaan ceuli tapi henteu dipake ngadengekeun kana ayat-ayat Allah. Kaayaan maranehna teh lir ibarat sato hewan, tapi hakekatna mah leuwih ngaco tibatan sato. Maranehanana jalma-jalma anu mopohokeun atawa ngalalaworakeun kana parentah Allah.” (QS. Al-A’raf, 7:179).
Periyogi di perhatoskeun, yen :
1. Calon ahli naraka the ti sarebu urang aya 999 urang.
2. Jalma anu jahat leuwih bahaya tibatan sato. Hal ieu tiasa di buktikeun dina kajadian sadidinten anu tumiba ka sapalihna jalma anu jahat, anu ingkar kana hukum Allah.
Mangpirang-pirang jalma anu carilaka, anu sangsara ku lampahna sorangan, kadangkala maotna oge tara aya anu ngurus, malah masyarakat aratoheun kumaotna.
Tapi sato hewan anu galak, terus dipeuncit, aya keneh mangpaatna, boh dagingna, kulitna jeung sajaba ti eta.
Sangkan manusa tiasa tetep aya dina kamulyaan boh di dunya sumawonna di aherat, Gusti Allah kalawan rohmat-Na anu agung parantos masihan pituduh kieu :
لَيْسَ الْبِرَّ أَنْ تُوَلُّوا وُجُوهَكُمْ قِبَلَ الْمَشْرِقِ وَالْمَغْرِبِ وَلَكِنَّ الْبِرَّ مَنْ آمَنَ بِاللَّهِ وَالْيَوْمِ الْآخِرِ وَالْمَلَائِكَةِ وَالْكِتَابِ وَالنَّبِيِّينَ وَآتَى الْمَالَ عَلَى حُبِّهِ ذَوِي الْقُرْبَى وَالْيَتَامَى وَالْمَسَاكِينَ وَابْنَ السَّبِيلِ وَالسَّائِلِينَ وَفِي الرِّقَابِ وَأَقَامَ الصَّلَاةَ وَآتَى الزَّكَاةَ وَالْمُوفُونَ بِعَهْدِهِمْ إِذَا عَاهَدُوا وَالصَّابِرِينَ فِي الْبَأْسَاءِ وَالضَّرَّاءِ وَحِينَ الْبَأْسِ أُولَئِكَ الَّذِينَ صَدَقُوا وَأُولَئِكَ هُمُ الْمُتَّقُونَ
Hartosna: “Henteu hade pagawean maraneh sakapeung nyangharepkeun beungeut (jiwa) maraneh ka beulah wetan jeung sakapeung ka kulon, tapi nu hade mah nyaeta kalakuan jalma mu’min ka Allah jeung kana poe ahir jeung ka malaikat jeung kana kitab jeung ka para nabi Allah jeung sok daek nyidekahkeun harta bandana sanajan maranehna oge resepeun (lebareun), ka karabatna, ka barudak yatim, ka pakir miskin, ka nu keur nyaraba, ka nu baramaen jeung ka abid anu mayar nyicil ka dununganana jeung sok ngalobakeun solat, ngaluarkeun zakat jeung sok nyumponan kana jangjina di mana maranehanana jarangji jeung anu salabar nalika mareunang kasusah atawa kamiskinan, nalika gering jeung keur nalika perang campuh. Tah anu karitu teh jalma-jalma nu balener jeung tah eta teh jalma-jalma nu tarakwa ka Allah.” (QS Al-Baqarah, 2:177)
Saur Ibnu Katsir, “Ayat anu mulia ieu mibanda kalimah-kalimah anu agung, kaedah-kaedah anu lega, sarta akidah anu bener, saperti disebutkeun ku Ibnu Abi Hatim yen Abu Dzar kantos tumaros ka Rasulullah saw. Ngeunaan iman, ‘Naon ari nu disebut iman teh?’ Nya Rasulullah saw. Macakeun pidawuh Allah Swt ka anjeuna:
لَيْسَ الْبِرَّ أَنْ تُوَلُّوا وُجُوهَكُمْ قِبَلَ الْمَشْرِقِ وَالْمَغْرِبِ
Sabada kitu, Abu Dzar naroskeun deui. Nya Rasulullah macakeun deui eta ayat ka anjeuna. Tuluy Abu Dzar naroskeun deui, nya Rasulullah saw. Ngawaler:
إِذَا عَمِلْتَ حَسَنَةً أَحِبْهَا قَلْبَكَ، وَإِذَا عَمِلْتَ سَيِّئَةً أَبْغِضْهَا قَلْبَكَ
“Lamun anjeun rek migawe hiji kahadean, nya hate anjeun kudu mikacinta kana eta kahadean, sarta mun anjeun rek migawe kagorengan, nya hate anjeun kudu ngewa kana eta kagorengan.”
Salajengna mantena ngadadar ngeunaan tafsir eta ayat nu cindekna, “Saestuna Allah Swt. dina mangsa awal mah marentehkeun ka jalma-jalma nu ariman sangkan nyangharepkeun beungeut ka jihat Baitul Maqdis, tuluy marentehkeun ka aranjeuna sangkan nyangharepkeun beungeut ka Ka’bah. Nya hal eta the karasa beurat keur jalma-jalma ti golongan Ahli Kitab oge sawatara jalma-jalam nu ariman. Nya Allah nurunkeun penjelasan hikmah nu ngancik dina eta parentah, nu intina yen tujuan utama tina eta parentah the taya lian pikeun taat ka Allah sarta ngalaksanakeun sagala parentah Mantena oge nyanghareup ka jihat mana bae nu dipika hoyong ku Mantena sarta nuturkeun aturan anu parantos disyareatkeun ku Mantena. Kitu harti kahadean, takwa, jeung iman nu sampurna. Kahadean sarta kataatan eta sama sakali teu putala patali jeung urusan patuh nyangharepkeun beungeut ka beulah wetan jeung ka kulon mun seug lain karana parentah Allah. Kumargi kitu, nya Allah Swt. ngadawuh:
لَيْسَ الْبِرَّ أَنْ تُوَلُّوا وُجُوهَكُمْ قِبَلَ الْمَشْرِقِ وَالْمَغْرِبِ وَلَكِنَّ الْبِرَّ مَنْ آمَنَ بِاللَّهِ وَالْيَوْمِ الْآخِرِ
Hartosna: “Henteu hade pagawean maraneh sakapeung nyangharepkeun beungeut (jiwa) maraneh ka beulah wetan jeung sakapeung ka kulon, tapi nu hade mah nyaeta kalakuan jalma mu’min ka Allah jeung kana poe ahir” (Tafsir Ibnu Katsir, jilid ka 1, kaca ka 485)
Perlu diemutkeun, yen ku ayana percaya kana ayana Allah sareng sipat-sipat kasampurnaanana, urang bakal tiasa :
1. Ngagaduhan jiwa anu kuat, tabah mayunan sagala rupa kajadian, sarta katenangan anu memang pohara pentingna pikeun hirup di dunya ieu teh. Upama jalma jiwana henteu tenang, pikiranana kalang kabut, padamelanana oge moal beres, bandanna gampil kaserang panyakit jeung sajabina.
2. Cahaya hate anu caang ku Nur Ilahi anu bakal ngajurung kana katakwaan ka Allah Swt. sarta salamina kenging panangtayunan ti Mantenna sareng rea-rea deui.
Ku ayana iman kana poe aherat, hartina bakal aya pangwales kana sadaya amal urang, tinangtu ngarupikeun panahan napsu anu angkara murka, sadaya tingkah laku urang tiasa tambih sae, moal wantun jail kaniaya, atawa ngarogahala ka papada manusa, malah ka sasatoan oge moal wanton nyiksa, malah timbul rasa nyaah. Tah kitu hikmahna iman kana poe aherat.
Pidawuh Allah Swt.:
قَدْ أَفْلَحَ الْمُؤْمِنُونَ (1) الَّذِينَ هُمْ فِي صَلَاتِهِمْ خَاشِعُونَ (2) وَالَّذِينَ هُمْ عَنِ اللَّغْوِ مُعْرِضُونَ (3) وَالَّذِينَ هُمْ لِلزَّكَاةِ فَاعِلُونَ (4) وَالَّذِينَ هُمْ لِفُرُوجِهِمْ حَافِظُونَ (5) إِلَّا عَلَى أَزْوَاجِهِمْ أَوْ مَا مَلَكَتْ أَيْمَانُهُمْ فَإِنَّهُمْ غَيْرُ مَلُومِينَ (6)
Hartosna: “satemenna bakal baragja jalma-jalma mu’min. Nyaeta jelema anu solat na harusu. Jeung jelema anu sok ngaralieus tina pagawean anu henteu aya gunana. Jeung jelema-jelema anu kana zakatna sok marigawe. Jeung jelema-jelema anu sok ngaraksa farjina (tina zinah), anging ka pamajikanana atawa ka amatna, tah eta mah henteu dicela.” (QS Al-Mu’minun, 23:1-6)
Saur Imam al-Maraghi, “al-falaah hartina kabagjaan kulantaran meunang perkara nu dipimaksud. Sedengkeun kecap aflaha hartina asup kana kabagjaan.” (Tafsir al-Maraghi, juz 18, kaca ka 3)
Ieu dawuhan Allah teh ngandung harti, yen sangkan meunang kabagjaan teh kudu iman bener-bener ihlas ka Allah henteu ka campuran ku musyrik sarta dibarengan ku amal soleh. Ari amal soleh teh aya anu patali jeung batin, aya nu patali jeung lahir :
a. Anu tumali jeung batin (hate), kucara ngaberesihan jiwa tina rupa-rupa kokotor, saperti kadedemes kana harta banda, gumede, pupujieun, dengki ka batur, telenges ka batur, ujub, riya, medit, ngunek-ngunek jeung sipat anu goreng sejenna, jeung kudu ngeusian jiwana ku sipat-sipat kautamaan, saperti ngalobakeun dikir (eling) ka Allah, sukur kana ni’mat, sabar kana musibat, tawekal, ihlas beramal, isin ku Allah, ngarep-ngarep rohmat Allah, handap asor, nyaahan, welas asih, berehan, mikacinta ka Allah jeung ka Rosululloh, jeung sajaba ti eta.
b. Anu tumali jeung pagawean lahir, kayaning ngabersihan badan tina najis atawa hadas, ngalakonan rukun Islam anu lima perkara, ngurus mayit, sidekah, tulung-tinulung ka sasama mahluk Allah, neangan harta anu halal, amar ma’ruf nahyi mungkar, miara budak yatim, ngamumule tempat ibadah, tempat pangajian, ngadidik kulawarga jeung tatangga, ngabela kapentingan jeung kamaslahatan umum, ngabarantas kamungkaran, saperti palacuran, pamaenan, pamabokan, jeung kakacowan, taat ka indung-bapana dina hal-hal anu henteu pasalia jeung pangaturan agama jeung sajaba ti eta sakumaha anu diterangkeun dina ajaran Islam anu pohara kumplitna tinggal ngajina bae.
Nu nulis,penulis buku

Tidak ada komentar:
Posting Komentar