Ku K.H. Usman Salehuddin
Keur anu paruasa mah, karasa geus ngeusian umur ku amal anu
mulya, amal sabulan pinuh taya menit anu teu eusi ku ibadah ka Allah.
Dahar sahurna, sarena, hudangna katut lapar jeung halahabna. Kituna teh
bari dijaga pisan tina lampah anu teu merenah, kayaning basa anu sugal,
cowong cawokah, sakalieun ngadenge anu teu matak genah oge, harita mah
tara saruana da puguh keur puasa tea. Tapi kituna teh lain ngan sabulan
puasaeun wungkul, karasa minangka latihan keur laku lampah satuluyna,
Ki
Sahamah, ki Atam jeung ki Adma, anu teu ingkah balilahan ti lembur
kawas batur, teu reureuh ondangan ti ditu ti dieu aya anu beurang, anu
peuting malah aya anu ngahaja pasosore.
Dina riungan teh sakalian
sok dimangpaatkeun ku pangajian, pangpangna nu patali jeung ngaraketkeun
duduluran ngaronjatkeun sumanget amal soleh, malah teu kurang-kurang
anu sakalian nyawalakeun ngadegkeun pasantren jeung masjid. Anu ku
pasantren jeung masjid teh bisa ngahudangkeun kam'muran keur masrakat
balarea. Kumaha sangkan masrakat leutik kesangna teu diuyupan ku anu
saripit, kumaha sangkan hirupna teu kabeungkeut ku duit renten, ladang
kesangna teu disedot ku ijon, barudak-barudak katut jajaka-jajakana teu
karacunan ku narkoba jeung inuman-inuman anu matak weureu, anu akibatna
jadi jalma andar-andar teu aya hormat tilawat ka nu jadi kolot-kolotna.
Kai
Adma nempas, nu matak kuring mah baluweng ieu teh, cenah mah pasantren
di nagara urang teh meh unggal poe nambahan, nyakitu deui masjid-masjid,
tapi kanyataanana hirup urang kalah beuki keueung. Ceuk beja mah, teu
kurang-kurang anu maringpin pasantren teh anu harayangeun lain anu
bener-bener ahli, pangpangna dina urusan agama, da ceuk kuring mah,
upama kira-kira kitu mah, eunggeus bae pamingpin pasantren teh saruakeun
jeung kepala sekolah, da naon atuh ladangna masantren aya kana genep
taunna, kasebut wae tamat 'Aliyah tamat mualimin, malah aya anu geus
nyandang gelar anu gelar anu, tapi boro-boro kudu ngulik masalah, maca
oge sarua we jeung kai Atam, kawas nu heueuh sok hayang wae di hareup,
ari kabisa nya saru wae jeung kuring, maca Fatihah oge kumaha we nu maca
Yasin di kuburan, anu buruhna ngan mahi keur kupat tahu.
Rengse
pangajian, ki Sahamah ngajak ngadeuheus ka Mama ajengan. Dina pangajian
ba'da Jumaah saminggu memeh lebaran, anjeuna kungsi sasauran nu patali
jeung "kumaha ngama'murkeun lembur urang".
Kai Atam ngaharewos ka
kai Adma, "Na kumaha ari di bumi Mama, asa jauh jeung di imah urang, eta
ku sagala aya, kueh oge rupa-rupa, sinjangna jeung kampretna moal
beunang ku harga saanueun. Pek kadinyah saaya-aya, tah aya korma nya
kareueut nya seungit, ceuk anu mawana mah korma Nabi cenah eta teh.
Saba'da
enjeuna ngadangu maksud jeung kahayang ngawangun pasantren tea, anjeuna
sasauran, "Ari ceuk pamanggih kuring mah, ngadegkeun pasantren teh
najan teu gampang oge, bisa direreyang ku sarerea, malah ku anu tara
salat oge jadi jeung alus sok asal aya waragadna bisa menta ka saha bae.
Malah ceuk beja mah, teu kurang-kurang sumbangan ti nagara-nagara Arab
pangpangna ti anu baleungharna, anu kasebut muhsinin jeung ti pamarentah
urang oge teu saeutik sumbangan-sumbangan, ngan teuing kumaha, rengse
wangunan teh kalah sili andelkeun, teu aya rasa miboga jadi urang bae
anu ripuh ngurusna.
Nu kapikir ku kuring mah, masjid jeung
pasantren teh beda pisan jeung beunang itikurih urang sorangan, anu
nyumbang sabeuyeureun sasieureun, anu teu boga pakeun mantuan ngala batu
jeung keusik, belaan eureun buburuh dipake mantuan ngunjalan aduk.
Keun
heula ngawangun, anu kudu dipikirkeun mah saha anu baris jadi sesepuh
na anu jero kokodokannana. Mun masjid tea mah, eta anu baris jadi
imamna, da teu cocog jeung sunah Rasul, masjid teu puguh teu matuh saha
imamna. Nyakitu deui, ngawurukan santri, di dapur oge bisa jadi kiai,
asal ku anu enya-enya berilmu anu jadi guruna, tangtu moal sarua jeung
anu ngajar bari buburuh najan dina wangunan anu seseg hade adeg
singgrong hade dangong.
Mun teu salah mah dina taun dalapan
puluhan kuring kungsi ngadenge gegeden mantri agama RI kungsi sasauran,
"Ayeuna pasantren beuki loba, tapi ulama kalah beuki langka". Naha
jaradi naon atuh wedalan-wedalan pasantren ayeuna teh, boa enya anu ka
denge ku kuring, aya anu mingpin pasantren bari teu metu kana maca
kitab, maca Fatihah teu puguh dengekeunana, malah cenah leuwih ti kitu,
aya anu mingpin ngatur pasantren-pasantren, modalna irit sok asal kandel
oge mahi. Kumaha upama kaayaan kieu teh ayana di organisasi Islam anu
cenah merjuangkeun kuran sunah, ngadidik umat sangkan faham dina agama.
Kuring kungsi di tanya, tepika ayeuna kuring can sanggup ngajawab, geura
Sahamah, Adma, Atam jeung saderek sarerea regepkeun ieu pertanyaan teh,
"Ajengan! Mun sim kuring hayang gaduh anak anu bener-bener asak dina
maca jeung mahamkeun kitab-kitab atuh sakurang-kurangna gumading kari
ngasakkeun, kedah kamana sim kuring masantrenkeun pun anak teh ?". Tah
kitu Sahamah pertanyaannana teh, cing saha anu kagungan kauninga kudu ka
pasantren mana ?.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar