Senin, 22 Oktober 2012

HIKAYAT


Ku K.H. Usman Salehuddin
Teuing ti iraha ki Atam tara balik, mun anu macul geus baralik, nu ngagaru geus ngagiringkeun munding bari manggul garuna, manehnamah tara kamana-mana ngan kitu we ngaringkeb maneh di saung sawah.
Tatangga leungiteun, biasana oge meh unggal isuk aya ngulampreng, sore-sore sok nyangheuy bari tara lesot padudan, najan teu dibakoan. Malah sakapueng mah sok jeung pamajikanana bari wawangkong. Ki Atam kungsi nyarita ka nu ngandir cai peuting-peuting, cenahmah ki Atam keur keuheul ka pamajikan, make aya timburuan ngan hese kumaha nyaritakeunana.
Sanggeus disedek-sedek mah, antukna ki Atam balaka, “Eta cenah ari sore-sore sok aya nu ngaliwat, beunang dangdan bari lieuk deui lieuk deui ka imah manehna, teuing urang mana eta jalma teh, da kuring kakara nempo, jeung eta deuih pamajikan ari sore the sok dangdan tuluy ngalangeu diburuan, dakuna mah ngabebenjokeun budak.
Kalahku ditatanyakeun ku mama ajengan, ki Atam eleh geleng, memeh magrib geus pangheulana ka masjid, ba’da salat berjamaah, mama ngaderes kitab MARIFATU SUNAN WAL ATSAR seratan Syeh Abu Bakar Ahmad bin Husain bin Ali Al-Baihaqi anu ditahkik ku Sayyid Kurdi Hasan. Harita anjeuna nerangkeun, kumaha du’ana sangkan hate beres salamet, salat khusyu’ teu karobeda ku rupa-rupa anu sabenerna teu perlu.
Nyaeta pisan diantara anu sok ngaganggu teh, upama jalma keur goreng sangka, malah akibatna kanyaah oge sok jadi ludes, rek amal soleh jadi karagok, sare teu tibra, gawe tara bener, kasanggupan tara dianggap penting, rarasaan batur teh ngan salah  jeung salah bae ka manaehna, anu bener the ngan manehna wungkul, nya ringkesna mah jadi kitu salah kieu lain.
Ngadenge mama sasauaran kitu, ki Atam jadi kasindiran, lain nganuhunkeun dinasehatan, ma’lum jalma keur poekeun, malah jadi katambahan ku sangka anyar. Boa-boa pamajikan bebeja ka mama ajengan, ngabolekrakkeun dirina, puguh sakitu sieun pisan kadangu ku mama teh.
Sarengsena deresan ki Atam teu tuluy balik kaimah, kalah ngingkig bae ka saung, teu malire ka anu gura-gero. Kituna teh bari nahap-nahapkeun maneh da puguh sagenahna oge cicing di saung sawah. Beda deui jeung anu sakadar gogoleran bari ulin, ukur ngalenyep peupeureuman, dina pulesna oge bakal karasa ni’mat da lain rek tuluy didinya.
Geus sababaraha peuting oge puguh ki Atam teh teu daek sare tibra, kagambar wae jalma anu sok ngalieukan imahna tea, eta ku siga pisan manehna, ngan aya beda saeutik itu mah rada tenggeng jeung leumpangna egang, malah aya nu nyarita cenah teu dipiceun sasieur.
Saba’da ngadenge mama ajengan dina deresan tea, peuting eta mah ki Atam ngahisab diri, naha ieu hirup teh jadi lara balangsak, kabeh beunang hese cape teh taya karasana, apan basa kuriak, ngahaja imah teh disesegan dihade-hade hayang hirup ngalagena, malah kapikir, mun barudak pareng aya umurna tepika gedena, sararak-siruruk nurut dijobong nu lian, paribasa najan ukur boga sosompang, ari boga sorangan mah, moal sarua jeung nurut di imah deungeun najan seseg hade adeg sigrong hade dangong.
Lain teu tunduh ngan teu daek reup, teu karasa cai panon ngalembereh hatena ngagerentes dumareuda, “Ya Pangeran, muga-muga teuing diri abdi naha dibentenkeun  jeung nu sanes, abdi teh banget ku awuh, mun teu ras ku tangtung diri, hayang ceurik teh nu bedas, nyaba teh nu jauh, notos langit ngambah mega, da cicing ge dirungsing ku ati pusing, dieuteupan kabingbang.
Tapi kitu na teh ki Atam bari inget wae ka mama ajengan, kagambar mun anjeuna nuju ngaderes tea, aya nu nyampeurit dina ingetan saurna,”Ari jalma miskin teh, lain jalma nu teu boga rajakaya, malah luyuh layah, bru dijuru bro dipanto, teu kurang uruseun, tapi eta jalma anu mun boga karerepet poekeun kudu kasaha nyarita, hal ieu teu dinu ngora teu dinu kolot, matak kacida perluna hirup baerjamaah teh. Teu karasa waktu ngagayuh ka subuh, kadangu sora hayam nu kongkorongok, hawar-hawar kasilir kabawa angin, bangunnu ngageuwat-geuwat, hayang gera tembong pajonghokan.
Sanggeus kadenge adan awwal subuh kira-kira satengah jam deui ka adan subuhna anu lapadna make Taswib nyaeta As shalatu Kherum Minan Naum dua kali, nyaeta adan mun geus abus waktu shalat subuh, ki Atam geus diuk di masjid malah dian saf kahiji. Sarengsena deresan, ngan derekdek bae ki Atam balaka ka mama ngadadar cacap sabalakana, majar aya jajaka ngalanglang pakaranganana, naha saha mana matak nyasaak pangrasa. Saba’da cacap Atam balaka ka mama katera awakna nahnay taya tanaga, kawasna rarasaanmah nyawang anakna.
Saur mama gening eta mah lain ti batur, tapi rungsing teh bijil ti Atam sorangan, naha Atam teu inget dawuh kangjeng Rasul?, “Mun maneh nyangka ulah sok neken”, alus mun paluruh, ulah sok jol nyangka teu puguh, kumaha mun teu kitu, hayoh bae jadi dosa.
Sanggeus diriungkeun ku mama, ayeuna mah atra pisan eta jalma teh adi ki Atam pisan, mama oge kaget, malah anu ngariung harita karek aringeteun. Baheula dijurukeun kembar dua, ngan lantaran indungna tuluy maot, orok nu hiji deui dipasrahkeun ka urang dayeuh, ti harita geus aya kana tilu puluh taunna, minangka ayeuna kakara dijenterukeun, geuning eta jalma jeung ki Atam the adi lanceuk. Ari eta jalma datang kadinya maluruh dumeh ngadenge beja yen manehna boga dulur pet ku hinis dulur sakembarab, ari anu ngukutna geus areuweh, ngan kitu bae nasehatna.
Saur mama keur anu ngariung harita; Tah kitu pangna kanjeng Rasul nyengah ngangkat anak batur jadi anak pituin, kawas jaman jahiliyah. Untung ayeuna geus jentre, cacakan mun henteu, kumaha mun pareng adi ki Atam boga anak awewe, heug dikawin ku ki Atam, atawa sabalikna, haram eta teh teu sah kawinna oge,nitih kawin ka anak sorangan, nya kitu deui najan kumaha nyaahna oge anak angkat teh lain tegeseun, haram mun seug tuluy ditetepkeun jadi ahli waris. Tapi ari sakadar ngurus jeung nyaahmah teu dicegah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar