Oleh : K.H. Usman Shalehudin
Hawar-hawar ti
jauhna sora hayam kongkorongok di ditu ti lembur nu jauh lembur singkur
ngarunggunuk babakan nu tembong gelor kahalangan ku ngaplakna pasawahan,
imah-imah patorengga malah aya anu nenggang rada anggang ti tatangga.
Najan
sabudeureun lembur teh pasawahan upluk apalak, tapi urang dinyana ngan
ka kuli molah ladangna diduakeun, anu kagunganana mah aya di dayeuh
umumna jalma asing, nya teuing ti mana baroga duit. Ari cenah mah
pasawahan anu sakitu legana teh beak jadi anu batur ti saprak jalma
asing garanti ngaran jeung dimeunangkeun mareuli tanah bari teu pisan
diwatesanan.
Nya kitu tani ngan kari daki, tanaga ngan kari
kesang, da puguh memeh panen oge geus beak ku ijon atawa injeuman nu
make renten, kapeuncit kuriling ku ragaji Inggris.
Ari asalna mah
digadekeun duit gadena direntenan, nya teu kurang-kurang anu batan
katebus kalah lapur, asal nu boga teh ayeuna mah jadi panyawah.
Sakeudeung
deui ka panen, lain bungah kalah rumahuh, ari ras ku bayareun gemuk,
binih, jeung ongkos molah ampir kabeh beunang nganjuk ngahutang, rajeun
aya sesa ngan ukur keur mahi dahar, pari basa keun bae batan nganggur
taya pisan pacabakan.
Dina usum paceklik sakalieun indit ka
dayeuh, hese nyiar pakasaban, bati kabita ku anu guluyar guluyur teh
ngan batur jeung batur bae. Ku kitu teh pantes upama aya jalma anu
nyarita, “jalma miskin mah teu jahat oge geus sidekah”. Bari sakapeung
mah anu baroga teh kawas-kawas geus areuweuh kaera nembongkeun kamewahan
di hareupeun jalma anu dahar isuk teu sore, giluk-giluk kari tuur
herang-herang kari bincurang teh saenyana.
Di lembur ki Sahamah
aya jalma pinter usaha, tapi sakitu riweuhna teh tara tinggaleun salat
berjama’ah, dina pangajian tara calik panghareupna, malah sok bari rarat
reret, mun pareng aya anu katingali sarungna geus belel bacepo
kampretna beunag ngajarumat, buru-buru miwarang istrina bari tara loba
carita, pareng aya nu gering najan janari tengah wengi gancang ditambaan
da puguh teu anggang deukeut bale desa nyampak juragan doktor.
Ba’da
juma’ah mama ajengan ngahaja ngogan ka bumina, harita geus nyampak ki
Sahamah, ki Atam jeung ki Adma, tuangeun parantos sayagi sangu pulen
beas anyar, rencangna goreng hayam sacekel seupan daun sampeu, jaat
ngora jeung daun kadongdong sambelna sambel goang, haneut-haneut
ngariung, minangka cuci mulutna jambu mede beunang ngala ti buruan ki
Sahamah.
Rengse tuang mama sasauran, “Kumaha upami salira anu ku
Allah nuju diparengkeun gampil ngala rizki, sajabi ti parantos katampi
ku kuring nya beasna nya duitna urang rekahkeun ieu kahadean teh nyaah
ka dulur-dulur anu hirupna kakeueum ku duit renten, nu diuyup jeung nu
dihuapkeun teh ngan nu haram jeung nu haram bae kumaha teuing turunanana
wujud tina bahan anu teu halal”.
Ari ka anu baroga tanahna mah,
geus bae ku mama rek dibadamian, asa piraku taya kayaah ka jalma anu
geus nguntungkeun taun-taun, nyewa nya nyewa atuh mun kudu maro nya
maro, da ieu mah teu ngaganggu kana panen pare ngamangfa’atkeun usum
morekat, sangkan boga bekel dina usum paceklik karunya sok tigerat,
nyocokan pangabutuh teh taya jalan sejen iwal ti ku unjak anjuk bari
beurat kudu nyuhun rentenaneun.
Teda teuing ni’matna mun seug dina
hirup ieu teh aya deuheuskeuneun ka Allah, tawasul ku amal anu
pangalusna da puguh sakabeh jalma oge bakal keuna ku kabeurat anu teu
bisa disered ku tanaga awak najan sakumaha bedasna. Tah dina waktu kitu
sok rugup ragap kana amal anu teu matak era jeung goreng sangka mun
tawasul ka Anjeunna. Nyakitu deui mun urang tawaasul ka sasama jalma boh
ka sahandapeun boh ka saluhureun. Na saha anu bakal ngadu’akeun kalawan
ihlas mun teu ngarasa narima kahadean ti amal urang sorangan.
Saba’da
modal sayagi, nya di lembur eta mah taya jalma nu nganggur, kabeh pada
boga garapan bari di asuh ku ahli tatanen beunang ngogan, anjeunna anu
naliti taneuhna, binih-binihna, gemuk katut obat-obat panyemprot hamana.
Kabeh
anu dijeujeuhkeun, teu pisan dibeungbeuratan ku duit rentenaneun tapi
cukup ku wajib mayar jakat tatanen, anu dina waktu keur baroga mah ku
mama dipercayakeun ka ki Sahamah, ki Adma jeung ki Atam, sangkan di
teundeun heula, teu meunang diganggu anging mun ku Asnaf anu geus
ditetepkeun dina Kuran
Tidak ada komentar:
Posting Komentar