Senin, 22 Oktober 2012

BALUKAR NU PANAS BARAN


Ku: K.H. Usman Shalehuddin

Kabeh nu digarawe di perkebunan teh, ka mandor eta mah nyarebutna juragan mandor, sohor ku bageurna, tara aya bayaran nu kuli metik disunat make rupa-rupa alesan, malah mun pareng aya nu kadesekku pangabutuh bari taya gideungkeuneun, asal balaka bae sok tara di engkekeun, buru-buru dicumponan. Nyaah cenah, kapan bisa hirup jadi mandor teh, sabab ayana jalma
leutik nu karuli, tibra sarena jalma gede teh ku balageurna jalma nu laleutik, jeung jalma leutik mah ku teu maling oge geus sidekah, nya meujeuhna mun karerepetna diperhatikeun.
Kabeh nu karuli, bawahan mandor eta mah  hormatna lain ngan sakadar ngadunungan, tapi nyaah, eta we anu kabeneran manggih suung balik metik, teu tuluy balik ka imah, nyimpang heula ka bumi juragan mandor, hoyong karaosan cenah. Dipihormatna juragan mandor teh sarua deuih jeung ka geureuhanana, da eta wae geureuhana oge mun pareng uninga aya budak gering anak tukang petik sok buru-buru dirawu dipangku ditambaan, da puguh aya mantri kasehatan anu teu anggang ti bumina.  Ngan nyakitu, mun uningaeun aya nu tatamba ka dukun sok diantep, da saur mama ajengan oge nalika anjeuna nerangkeun dawuh Rasul saw. “Sing saha anu datang ka dukun, tuluy tumanya bari enya dipercaya, moal ditarima shalatna opat puluh poe”.
Ari di perkebunan teh aya anu rajin tuncab-tanceb tumpang sari, sampeu, tomat, kumeli jeung rea-rea deui, lumayan keurnambah-nambah pangasilan. Kabeneran da puguh ku hade urus, usum eta mah melak engkol teh hasilna mucekil, ladangna bisa meuli bibit domba Garut, nya geus puguh ari ngaduum tatangga mah, najan sasirah ewang, bungah cenah ukur sakitu oge ladang kesang teh ku batur kaasaan.
Ari kanggo juragan mandor dipilih nu pang badagna nu pangalusna, nya ampir kabeh nu nempo mah olohok.
Saur juragan mandor, “Sukur pisan, katarima ku kuring, keun urang jadikeun conto keur nu sejen, kabeneran kuring boga domba jalu hade, hadiah ti dunungan jig bae bawa kapan geus boga aya kana tiluna ari bibit bikangna mah, engke mun aranakan bisi katempuhan heug wae atoh boga domba anakna domba.
Geus lain di kieuna, hese pibasaeunana, balik ti juragan mandor teh nungtun domba jalu. sajajalan teu eureum ramisak, ana ras ku teu sangka baris boga domba jalu nu sakitu hadena, unggal nu nempo olohok  bari muji. Ngan aya saurang anu katembongna kawas anu teu pati ngeunah nempo batur pareng boga milik teh.
Eta jalma teh sok leos bae ka kandang domba, tukangeun imah na, di kandang teh aya opat, dua bikang dua jalu, sanggeus dimandian teuing dibawa kamana da balikna mawa domba jalu gede naker, ngan henteu ari kawas domba anu dibikeun ka anu mere engkol mah.
Isuk-isuk haneut moyan, geus jagrag payuneun bumi juragan mandor, ngahaja, bilih juragan kabujeng angkat ka kebon ngabsen nu maretik. Saur juragan, “Kacida nganuhunkeun kana kahadean maneh, ieu domba teh alus pisan komo mun keur bibit mah, sok bae bawa ka tukang kakandangkeun da geus aya nu baris ngurusna, kabeneran kuring keur boga milik tah ieu engkol bawa keur barudak”.
Sadatangna ka imah engkol teh dibalangkean bari rumahuh, pok deui pok deui, majar teh mandor bodo katotoloyo, piraku anu hadiah engkol meunang domba,  ari ieu nu hadiah domba kalah meunang engkol.
Ti harita, aya kana tilu poena eta jalma  teu katembong ngulampreng sok sieun aya nu nanya meureun, tapi ngan lain saurang anu nyaritakeun, karunya cenah dombana jadi engkol.
Ki Sahamah nyarita ka ki Atam, “Nyata pisan saur mama ajengan yen anu hasud mah amalna teh sok ngaduruk dirina teu beda ti seuneu ngaduruk suluh”.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar